Watesan Masalah Rumusan Masalah

Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Sakumaha nu geus ditétélakeun yén analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda mah kaitung langka, boa teu aya. Upama macaan daptar hasil panalungtikan boh nu mangrupa skripsi atawa tésis, ulikan kana analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda teu kapaluruh ayana. Ku kituna panalungtik nyobaan nyurahan wacana ngagunakeun analisis wacana kritis dumasar modél Teun A. van Dijk dina rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé. Ieu rubrik mangrupa salah sahiji conto tina wacana tulis. Dina ieu rubrik, nu biasa diluluguan ku Karno Kartadibrata, dipedar sawatara pamadegan ti pangarang nu biasana patali jeung kajadian-kajadian ahéng di masarakat sarta karandapan ogé ku pangarangna. Karno salaku panulis dina ieu rubrik, remen ngébréhkeun pamadegan-pamadegan pulitikna ngaliwatan wacana anu ditulisna. Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun panalungtikan ngeunaan analisis wacana nu aya dina rubrik “Balé Bandung”. Ku kituna ieu panalungtikan téh dijudulan “Adegan Wacana Rubrik Balé Bandung dina Majalah Manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. v an Dijk”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, ieu di handap dijelaskeun ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1 Watesan Masalah

Analisis kana téks “Balé Bandung” dina majalah Manglé sabenerna kaitung loba, di antarana aya nu medar perkara analisis eusi, analisis wacana kritis, analisis semiotik jeung analisis Framing. Tiap-tiap analisis mibanda kapunjulanana sorangan-sorangan. Sangkan panalungtikan bisa leuwih museur, nya dipilih ana lisis wacana kritis dumasar kana téks nu aya dina rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé. Ari pamarekan nu dipaké pikeun nganalisis ieu Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5 téks nyaéta analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk. Ieu pamarekan nekenkeun kana tilu unsur panalungtikan, nyaéta: 1 struktur makro nu ngawengku tématik; 2 superstruktur nu ngawengku skématis; jeung 3 struktur mikro nu ngawengku semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Ari wacana nu dijadikeun bahan analisis nyaéta rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé taun 2012. Rubrik nu dijadikeun bahan gé henteu dianalisis sadayana, tina rubrik nu medal dina taun 2012 téh ditalungtik tujuh wacana rubrik “Balé Bandung ” nu saméméhna geus dipasing-pasing heula dumasar kana témana séwang-séwangan. Éta sakabéh wacana téh dianggap bisa ngagambarkeun idé-idé pulitik ti Karno salaku nu nulisna. Ieu hal diluyukeun jeung analisis wacana kritis Teun A. van Dijk nu mémang leuwih museurkeun panalungtikanana tina segi pulitik.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sangkan dina maluruh masalah-masalah dina ieu panalungtikan leuwih gampang dilakukeunana, dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu di handap. a. Kumaha struktur makro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina téma puseurna? b. Kumaha superstuktur nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina skématisna? c. Kumaha struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétorisna? d. Kumaha karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung ” majalah Manglé?

1.3 Tujuan Panalungtikan