Kasang Tukang Panalungtikan ADEGAN WACANA RUBRIK BALÉ BANDUNG DINA MAJALAH MANGLÉ (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk).

1 Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa mangrupa alat komunikasi nu dipaké ku manusa pikeun ngayakeun interaksi atawa hubungan jeung papada jalma. Ku cara maham tur ngawasa sawatara basa, tangtu manusa bisa meunangkeun sawatara informasi jeung meunangkeun pangalaman nu saméméhna can pernah kapikiran tur karandapan ku manéhna. Ngaliwatan basa ogé, manusa bisa ngébréhkeun sagala ide pikiranana boh dina wangun lisan boh dina wangun tulisan. Dina prosésna ngedalkeun pikiranana, manusa tangtu kudu ngaronjatkeun kaparigelan makéna basa, salah sahijina kaparigelan nulis. Kagiatan nulis diwujudkeun ku média basa tulis, anu ngajanggélék jadi téks atawa wacana tulis. Palebah dieu, wacana mangrupa media prosés tina mekarkeun komunikasi kalawan ngagunakeun simbol-simbol sarta kajadian- kajadian nu lumangsung dina sistem kamasarakatan. Ngaliwatan wacana, sagala hal nu hayang ditepikeun ngaliwatan komunikasi, contona dina wangun kecap, tulisan, gambar, sarta nu lianna, baris ditangtukeun ku jalma-jalma nu makéna. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat 2007:284, nu nétélakeun yén wacana téh nyaéta wangun basa pangjembarna anu disusun tina runtuyan kalimah- kalimah anu sambung-sinambung, tatali unsurna ngéntép seureuh tur tatali ma’nana dalit luyu jeung kontéks situasi. Dumasar kana médium anu dipakéna, wacana bisa dibédakeun jadi dua wanda, nyaéta wacana lisan jeung wacana tulis. Ieu dua rupa wacana téh aya sasaruaan jeung aya bédana. Sasaruaan wacana lisan jeung wacana tulis nyaéta pada-pada miboga kaédah tata basa gramatikal jeung kandaga kecap léksikon. Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Ari bédana nyaéta lebah médiumna, wacana lisan patali jeung ucapan atawa omongan fonologis, wacana tulis patali jeung aksara katut éjahan grafologis. Wacana bisa dianalisis tina rupa-rupa aspék, boh nu sipatna internal boh nu sipatna éksternal. Analisis wacana internal museurkeun paniténna kana struktur basa kayaning frasa, klausa, kalimah, kohési, kohérénsi, jeung sajabana. Sedengkeun analisis wacana éksternal museurkeun paniténna kana hal nu aya di saluareun téks saperti kumaha situasi sosial politik nalika téks dijieun, kumaha éta téks mangaruhan ka masarakat nu macana, jeung sajabana. Pamahaman dasar ngeunaan analisis wacana nyaéta wacana teu bisa dicangkem ku nu maca, ngan ukur jadi objék dina studi basa wungkul. Basa tangtu dipaké pikeun nganalisis téks, tapi basa nu dipaké teu ukur disawang tina sisi linguistik tradisional. Basa dina analisis wacana kritis, salian tina téks ogé disawang tina kontéks basa minangka alat nu dipaké pikeun tujuan sarta prakték nu tangtu kaasup prakték idéologi. Idéologi pangarang nu diébréhkeun dina wangun wacana can tangtu bisa kacangkem tur dipikaharti ku nu macana, sabab dina ngedalkeun pamanggihna loba pangarang nu nyamunikeun maksud anu sabenerna, komo lamun anu diébréhkeunana téh patali jeung ideologi pulitikna. Ieu hal biasana mah disababkeun lantaran pangarang niténan kaayaan sosial nu aya di sabudeureun masarakat. Analisis wacana anu maluruh adeganana dipatalikeun kana widang sosial pulitik ilaharna aya dina wengkuan analisis wacana kritis. Ulikan wacana kritis kana téks basa Sunda anu sumebar dina koran atawa majalah langka dilaksanakeun, komo anu eusina ulikan ngeunaan patalina wacana jeung pasualan sosial pulitik mah. Upamana waé, kumaha ciri-ciri wacana pulitik kasundaan dina mangsa orde lama, orde baru, jeung orde réformasi. Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Di nagara deungeun mah ulikan analisis wacana kritis téh geus kaitung lila. Salasahiji inohong analisis wacana kritis anu kawéntar nyaéta Teun Adrianus van Dijk. Inyana kagolong salah saurang sarjana dina widang linguistik téks, analisis wacana, jeung analisis wacana kritis. Van Dijk mah niténan hiji téks téh diwangun ku sababaraha strukturtingkatan anu unggal-unggal bagianana silirojong. Dina nganalisis hiji téks, van Dijk ngabagi jadi tilu tingkatan. Kahiji struktur makro, nu mangrupa ma ’na sacara umum tina hiji téks, nu bisa disurahan kalawan ningali topik atawa téma nu diasongkeun dina hiji wacana. Tingkatan nu kadua nyaéta superstruktur, mangrupa struktur wacana nu aya patalina jeung rangka hiji téks, kumaha bagian-bagian téks ngajanggélék jadi hiji wacana sacara gembleng. Tingkatan katilu struktur mikro, nyaéta ma ’na tina wacana nu bisa dititénan tina sababaraha bagian nu ngarojong kana téks saperti kecap, kalimah, proposisi, anak kalimah, paraprase, jeung gambar. Nurutkeun van Dijk, najan hiji wacana téh diwangun ku sababaraha bagian, tapi éta bagian-bagian téh tetep mangrupa hiji beungkeutan nu silih deudeul. Ma’na global tina hiji téks téma dirojong ku ayana rangkay téks, nu ahirna mah éta rangkay téh baris dimekarkeun jadi hiji wacana anu gembleng ngaliwatan pilihan kecap sarta kalimah nu dipaké ku pangarang. Makéna runtuyan kecap, kalimah, proposisi sarta rétorika nu tangtu ku média citak disurahan ku van Dijk mah mangrupa bagian tina stratégi wartawan. Makéna kecap-kecap, kalimah, gaya nu tangtu lain ukur disawang minangka alat komunikasi, tapi disawang ogé minangka pulitik dina komunikasi. Ieu hal mangrupa salah sahiji cara pikeun mangaruhan pamadegan masarakat, nyiptakeun pangrojong masarakat, nguatkeun légitimasi, atawa ngabeubeutkeun sarta nyingkirkeun lawan pulitikna. Struktur tina wacana mangrupa cara nu éféktif pikeun niténan prosés rétorika jeung persuasi nu dipigawé waktu wartawan nepikeun pamadeganana ka masarakat nu maca. Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Sakumaha nu geus ditétélakeun yén analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda mah kaitung langka, boa teu aya. Upama macaan daptar hasil panalungtikan boh nu mangrupa skripsi atawa tésis, ulikan kana analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda teu kapaluruh ayana. Ku kituna panalungtik nyobaan nyurahan wacana ngagunakeun analisis wacana kritis dumasar modél Teun A. van Dijk dina rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé. Ieu rubrik mangrupa salah sahiji conto tina wacana tulis. Dina ieu rubrik, nu biasa diluluguan ku Karno Kartadibrata, dipedar sawatara pamadegan ti pangarang nu biasana patali jeung kajadian-kajadian ahéng di masarakat sarta karandapan ogé ku pangarangna. Karno salaku panulis dina ieu rubrik, remen ngébréhkeun pamadegan-pamadegan pulitikna ngaliwatan wacana anu ditulisna. Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun panalungtikan ngeunaan analisis wacana nu aya dina rubrik “Balé Bandung”. Ku kituna ieu panalungtikan téh dijudulan “Adegan Wacana Rubrik Balé Bandung dina Majalah Manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. v an Dijk”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah