Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
5
téks nyaéta analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk. Ieu pamarekan nekenkeun kana tilu unsur panalungtikan, nyaéta: 1 struktur makro nu
ngawengku tématik; 2 superstruktur nu ngawengku skématis; jeung 3 struktur mikro nu ngawengku semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Ari wacana nu
dijadikeun bahan analisis nyaéta rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah
Manglé taun 2012. Rubrik nu dijadikeun bahan gé henteu dianalisis sadayana, tina rubrik nu medal dina taun 2012 téh ditalungtik tujuh wacana rubrik
“Balé Bandung
” nu saméméhna geus dipasing-pasing heula dumasar kana témana séwang-séwangan. Éta sakabéh wacana téh dianggap bisa ngagambarkeun idé-idé
pulitik ti Karno salaku nu nulisna. Ieu hal diluyukeun jeung analisis wacana kritis Teun A. van Dijk nu mémang leuwih museurkeun panalungtikanana tina segi
pulitik.
1.2.2 Rumusan Masalah
Sangkan dina maluruh masalah-masalah dina ieu panalungtikan leuwih gampang dilakukeunana, dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu di
handap. a.
Kumaha struktur makro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina téma puseurna?
b. Kumaha superstuktur nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina
skématisna? c.
Kumaha struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétorisna?
d. Kumaha karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé
Bandung ” majalah Manglé?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
6
Tujuan nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun manggihan jeung medar wacana rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé. Ari pedaran
atawa déskripsina nyoko kana widang: a.
struktur makro nu ngawengku unsur téma puseur; b.
superstruktur nu ngawengku unsur skématis; c.
struktur mikro nu ngawengku unsur semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris; jeung
d. karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung”
majalah Manglé.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambahan kabeungharan élmu wacana tina segi analisis wacana kritis. Salian ti éta, tina ieu
panalungtikan ogé bisa manggihan alternatif anyar dina nganalisis wacana. Mun biasana mah nu dianalisis wacana téh ukur unsur kabasaanana hungkul, saterusna
mah bisa ngagunakeun rupa-rupa analisis wacana salah sahijina analisis wacana kritis dumasar pamarekan Teun A. van Dijk.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Tina jihat praktis, ieu panalungtikan téh gedé mangpaatna, di antarana: a.
Pikeun mahasiswa, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun référénsi dina prak- prakan nganalisis wacana.
Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
7
b. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan
kumaha sawangan idéologi pulitik pangarang nu nyangkaruk dina rubrik “Balé Bandung”.
c. Pikeun guru, hasil panalungtikan bisa dipaké salasahiji sumber bahan ajar
kaparigelan basa di sakola, utamana tahapan atikan menengah kayaning SMA.
1.5 Ragaga Tulisan
Eusi ieu tésis téh kabéhanana ngawengku lima bab, anu eusina ngébréhkeun ngeunaan sistematika raraga tulisan dumasar kana maksud judul bab nu
dipedarna. Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga
tulisan. Bab II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Anggapan Dasar, medar ngeunaan
1 ulikan tiori wacana, analisis wacana kritis, jeung analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk, 2 raraga mikir panalungtikan, jeung 3 anggapan dasar
panalungtikan. Bab III Métode Panalungtikan, medar ngeunaan 1 data jeung sumber data
panalungtikan, 2 desain panalungtikan, 3 métode panalungtikan, 4 wangenan operasional, 5 instrumén panalungtikan, 6 téhnik ngumpulkeun data, jeung 7
téhnik ngolah data. Bab IV Analisis jeung Pedaran, medar ngeunaan data wacana
“Balé Bandung
”, analisis jeung déskripsi wacana “Balé Bandung”, struktur makro nu aya
dina rubrik “Balé Bandung”, analisis superstruktur nu aya dina rubrik “Balé
Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
8
Bandung”, analisis struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung”, jeung analisis karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”.
Ari dina Bab V Kacindekan jeung Saran, dipedar perkara kacindekan sarta saran pikeun individulembaga anu aya patalina jeung eusi panalungtikan tina ieu
panalungtikan.
Irpan Maulana, 2014 Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van
Dijk Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
37
37
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar tujuh hal nu aya patalina jeung métode panalungtikan. Hal- hal anu dipedar téh, nyaéta: 1 data jeung sumber data panalungtikan; 2 desain
panalungtikan; 3 métode panalungtikan; 4 wangenan operasional; 5 instrumén panalungtikan; 6 téhnik panalungtikan; jeung 7 téhnik ngolah data.
3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan