Instrumén Panalungtikan MÉTODE PANALUNGTIKAN

Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4 Wangenan Operasional

Dumasar kana pedaran panalungtikan anu sipatna leuwih tioritis, ieu di handap dijéntrékeun deui wangenan panalungtikan dina wangun anu leuwih operasional, di antarana: 1 média pangajaran anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta flipchart anu bisa dijadikeun stimulus dina pangajaran nulis sajak sarta bisa méré inspirasi pikeun siswa, boh pikeun nulis sajak boh pikeun mikaresep pangajaran basa jeung sastra Sunda sacara umum. 2 pangajaran nulis sajak dina ieu panalungtikan mangrupa pangajaran nulis hiji karya sastra, anu wangunna puisi jeung teu kauger ku patokanna, sarta ngébréhkeun eusi atawa hasil tina éta bagan jeung gambar-gambar anu dipintonkeun di hareupeun kelas jadi paragrap dina wangun sajak. Jadi, anu dimaksud média flipchart dina pangajaran nulis sajak nya éta média pangajaran anu digunakeun pikeun ngagampangkeun siswa dina nulis sajak.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa hal anu kawilang penting dina prosés panalungtikan, sabab kahontal henteuna tujuan panalungtikan nu dipiharep ditangtukeun ku alus-henteuna instrumén. Instrumén atawa alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta Flipchart jeung Tés. 1 Flipchart Flipchart dina ieu panalungtikan mangrupa instrumén anu utama, lantaran nganteur siswa pikeun nyieun sajak, sarta mantuan panalungtik pikeun nepikeun matéri dina waktu siswa nyieun sajak. Flipchart mangrupa keretas anu eusina matéri panganteur pikeun nyieun sajak, dina ieu panalungtikan keretas anu dipaké aya 10 keretas, eusi keretasna aya anu mangrupa bagan jeung gambar. 2 Tés Tés dilakukeun dua kali, nya éta saméméh jeung sabada meunangkeun perlakuan. Tés kahiji dilakukeun pikeun ngukur kamampuh awal siswa, sedengkeun tés kadua dilakukeun pikeun ngukur pangaruh perlakuan média Flipchart kana kamampuh nulis sajak. Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ieu di handap gambar anu dipaké dina panalungtikan. Gambar 3.1 Téma: Kaéndahan Alam Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Téma: Sakola Téma: Kaagamaan Téma Kanyaah Kolot Téma: Taman Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Téma: Idola Téma: Lamunan Sumber: www.google.com jeung kaméra hp Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data