Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Hal ieu luyu jeung pamadegan Sudaryat 2004: 6 anu nyebutkeun yén basa nya éta sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép- seureuhna sistematis tur ragem konvénsional antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi. Nulis mangrupa salah sahiji kagiatan ngébréhkeun ide, pikiran, jeung gagasan kana wangun tulisan. Nurutkeun Tarigan 2008: 1 kaparigelan nulis bisa dipibanda jeung dicangkem ku jalan prakték jeung latihan. Ngaliwatan prosés nulis, kamampuh siswa dina pangajaran nulis bisa dimekarkeun daya kréativitasna sarta diperedih pikeun ngawanikeun dirina dina ngaéksprésikeun ide atawa gagasan nu aya dina pikiranana. Pangajaran nulis sajak kaunggel dina Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda 2007: 94 anu unina: “Mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk menulis pengalaman, biografi, sajak, dan bahasan ”. Pangajaran nulis sajak di sakola kawilang penting pikeun ngamekarkeun daya imajinasi jeung kréativitas siswa dina ngedalkeun pangrasa jeung pamikiran anu diébréhkeun kana wangun tinulis. Tapi, dina kanyataanana loba siswa anu ngarasa bingung dina waktu nulis sajak. Salah sahiji faktor anu jadi sabab, nya éta lantaran sajak mangrupa wangun puisi anu wujudna karya sastra kauger sarta basa anu digunakeun dina sajak lain basa anu umum digunakeun dina kahirupan sapopoé. Salian ti éta, siswa kurang paham kana matéri sajak anu ngabalukarkeun siswa horéam jeung teu boga niat kana diajar sajak katambah média anu digunakeun ku guru dina ngajarkeun sajak kurang inovatif jeung kréatif lantaran masih maké cara konvénsional. Salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan masalah di luhur nya éta ku cara ngagunakeun média pangajaran. Média pangajaran kaitung réa wandana, salah Taufik Al Rasyid, 2013 Éféktivitas Média Flipchart Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sahijina nya éta média flipchart. Média flipchart nya éta média visual anu kaasup kana wanda média grafis. Dina enas-enasna mah, média flipchart téh ngagunakeun bagan atawa gambar pikeun nepikeun matéri pangajaran sangkan siswa kataji jeung resep. Lantaran gambar anu dipidangkeun dipikawanoh ku siswa. Panalungtikan ngeunaan média flipchart mangrupa panalungtikan anu munggaran dilaksanakeun. ku sabab saméméhna can kungsi aya nu nalungtik ngeunaan média flipchart. Ku kituna, panalungtik ngarasa perlu pikeun ngalaksanakeun panalungtikan sangkan bisa ngeuyeuban bahan tinimbangan guru- guru dina milih média pangajaran hususna dina pangajaran nulis sajak. Niténan sawatara masalah di luhur, perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho tingkat éféktivitas média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Ku kituna, ieu panalungtikan dibéré judul “Éféktivitas Média Flipchart pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012 2013” .

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah