Refleksi pikeun Maluruh Tujuan Pangajaran Basa Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 12 3 kamampuh daya dukung, nu oriéntasina kana sumber diajar. Éta tilu hal téh silih rojong anu huluwotanana tina Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar KIKD. Jadi mitembeyan ngalaksanakeun pangajaran teu bisa lésot tina maluruh heula KI jeung KD. Dina KI jeung KD ditangtukeun kompeténsi anu kudu kahontal ku murid katut matéri naon anu kudu diajarkeun ka murid luyu jeung jenjang atikanana. Hal anu dilakukeun ku guru saupama peunteun murid henteu ngahontal KKM nyaéta nuliskeun peunteun kalawan dibéré katerangan can kahontal. Sajaba ti éta dilaksanakeun rémédial kalawan merhatikeun aspék-aspék séjénna anu diajén, kayaning tugas proyék, portopolio, obyéktif, ulangan harian, jeung unjuk kerja. Pentingna ngalaksanakeun réfléksi nyaéta pikeun mikanyaho masalah anu keur dirandapan dina éta pangajaran. Masalah anu timbul bisa waé datang ti guru, murid, bahan, atawa métode. Ku cara réfléksi bisa maluruh pasualan anu keur karandapan.

b. Refleksi pikeun Maluruh Tujuan Pangajaran Basa Sunda

Dumasar hasil réfléksi guru bisa ngalaksanakeun pangajaran rémédial remedial teaching nu tujuanana pikeun ngalayanan murid ngaronjatkeun préstasi diajarna nepi ka bisa ngahontal kritéria katuntasan nu geus ditetepkeun. Pikeun ngalaksanakeun konsép modél pangajaran rémédial leuwih ti heula kudu merhatikeun KIKD. Pangajaran basa Sunda diajarkeun sacara formal di sakola ka unggal jenjang atikan, nyaéta di SDMI, SMPMTs, jeung SMASMKMA. Sacara substansial aya opat Kompeténsi Inti nu dipiharep dipibanda ku murid dina Kurikulum 2013, nyaéta: 1 sikep kaagamaan anu pengkuh agamana, iman jeung takwa ka Allah Swt. spiritual quotient, 2 sikep kamasarakatan, ngabogaan ahlak mulia tur jembar budayana emotional quotient, 3 ngawasaa élmu pangawéruh, téhnologi, jeung seni – luhung elmuna intellectual quotient, jeung 4 ngabogaan kaparigelan tur mandiri – rancagé gawéna actional quotient. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 13 Dumasar kana Kurikulum 2013 mah tujuan pangajaran basa Sunda téh kudu diadumaniskeun jeung kahontalna kompeténsi anu dipiharep saréngséna pangajaran. Jadi hasil tina diajar basa Sunda téh dipiharep sajaba ti jadi jalma anu iman ka Nu Maha Kawasa, sikep anu hadé ka sasama mahlukna, ogé ngabogaan pangawéruh ngeunaan basa, sastra, katut budayana, sarta boga kaparigelan ngagunakeunana dina kagiatan komunikasi sapopoé kalawan hadé tur bener boh lisan bon tulisan. Dumasar kana Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi dasar KIKD Kurikulum Basa jeung Sastra Sunda 2013, ieu di handap aya sawatara tinimbangan umum sanggeus anu jadi udagan sangkan kacangking ku murid sanggeus diajar basa Sunda di sakola. 1 Murid ngabogaan pangalaman diajar ngagunakeun basa nu bener berbahasa, neuleuman, ngébréhkeun pikiran katut rasa dina wangun karya sastra bersastra Sunda ku cara lisan jeung tulisan. 2 Murid miboga sikep nu hadé menghargai jeung reueus kana basa Sunda minangka basa daerah di Jawa Barat, anu ogé mangrupa basa indung bahasaibu pikeun sabagian gedé masarakatna. 3 Murid maham basa Sunda ditilik tina wangun, harti, jeung fungsi, sarta mampuh tur parigel ngagunakeunana kalawan mérénah tur luyu jeung kontéksna tujuan, kaperluan, jeung kaayaan. 4 Murid mampuh ngagunakeun basa Sunda pikeun ngaronjatkeun kamampuh inteléktual, émosional, jeung sosial. 5 Murid ngabogaan kamampuh jeung disiplin dina ngagunakeun basa Sunda nyarita, nulis, jeung mikir. 6 Murid mampuh neuleuman jeung ngamangpaatkeun karya sastra Sunda pikeun ngaronjatkeun pangawéruh jeung kamampuh ngagunakeun basa Sunda, mekarkeun kapribadian, jeung ngajembaran pangawéruh dina kahirupanana. 7 Murid méré ajén tur ngarasa reueus kana karya sastra Sunda minangka khazanah budaya jeung gambaran intelektual manusa Sunda. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 14 Dina KIKD Kurikulum Basa jeung jeung sastra Sunda bakal katangén kalawan jelas tingkah laku anu kudu kahontal ku murid sanggeus diajar. KI nu aya di jenjang SDMI miharep murid bisa: 1 Menerima dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya; 2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, dan percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, téman, dan guru. 3 Memahami pengétahuan faktual dengan cara mengamati [mendengar, melihat, membaca] dan menanya berdasarkan rasa ingin tahu tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan benda-benda yang dijumpainya di rumah, sekolah. 4 Menyajikan pengétahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistématis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia. Kompeténsi Dasar KD nu aya di unggal jenjang atikan henteu sarua. Sajaba ti béda lantaran jenjang atikanana, béda ogé matéri atawa poko bahasan anu kudu diulikna. Hartina guru kudu maluruh karakteristik matéri nu diajarkeunana. Ulah nepi ka aya matéri anu pacorok dina kagiatan diajarna, upamana kuduna diajarkeun ku cara maca, malah ditepikeun ku cara nyarita, jeung sajabana.

c. Réfléksi pikeun Maluruh Matéri nu Geus Diajarkeun