Guru, bisa ditalungtik sajeroning kagiatan pangajaran atawa Matéri pangajaran, bisa ditalungtik sajeroning guru keur nerangkeun Sarana atawa pakakas pendidikan, bisa ditalungtik sajeroning guru Hasil pangajaran bisa ditilik tina tilu ranah ko

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35

3. Komponén Sasaran Panalungtikan PTK

Dumasar watesan di luhur, komponén anu dijadikeun sasaran PTK ngawéngku: 1 murid, 2 guru, 3 matéri ajar, 4 saranapakakas, 5 hasil pangajaran, 6 lingkungan, jeung 7 prosés ngokolakeun pengelolaan. a. Murid, bisa dipaluruh dina waktu prosés kagiatan diajar lumangsung. Conto panalungtikan nu patalina jeung murid dina PTK di antarana perilaku disiplin murid, motivasi atawa sumanget diajar murid, kaparigelan mikir kritis, kamampuh ngaréngsékeun masalah, jeung sajabana.

b. Guru, bisa ditalungtik sajeroning kagiatan pangajaran atawa

lumangsungna ngaping murid. Conto masalah nu patalina jeung guru dina PTK di antarana ngeunanan métodeu atawa strategi pangajaran, pembelajaran, pamarekan pangajaran, jeung sajabana.

c. Matéri pangajaran, bisa ditalungtik sajeroning guru keur nerangkeun

atawa midangkeun matéri pangajaran nu ditugaskeun ka murid. Conto masalah nu patalina jeung matéri dina PTK, upamana runtuyan dina midangkeun matéri, ngaorganisasi matéri, integrasi bahan ajar, jeung sajabana.

d. Sarana atawa pakakas pendidikan, bisa ditalungtik sajeroning guru

keur ngagunakeun atawa ngamangpaatkeun sarata jeung pakakas pendidikan. Conto masalah anu patalina jeung sarana atawa pakakas pendidikan di antarana ngamangpaatkeun laboratorium, ngagunakeun média pangajaran, jeung ngagunakeun sumber pangajaran.

e. Hasil pangajaran bisa ditilik tina tilu ranah kognitif, aféktif,

psikomotorik, mangrupa produk nu kudu ditingkatkeun ku cara PTK. Hasil pangajaran bakal aya patalina jeung tindakan anu dilaksanakeun sarta unsur séjén dina prosés pangajaran, kayaning métodeu, média, guru, atawa perilaku diajar murid éta sorangan.

f. Lingkungan, boh lingkungan murid di kelas, sakola, atawa imah.

Dalam PTK, wangun perlakuan atawa tindakan anu dilaksanakeun nyaéta ngarobah kondisi lingkungan jadi leuwih kondusif, upamana 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36 ku cara nata rohangan kelas, nata lingkungan sakola, jeung tindakan séjénna.

g. Pengelolaan, mangrupa kagiatan anu bisa diaturdirekayasa ku

wangun tindakan. Conto masalah anu patalina jeung pengelolaan dina PTK di antarana ngatur kelompok murid, mérénahkeun jadwal pangajaran, menerahkeun tempat diuk murid, ngatur rohangan kelas, jeung sajabana.

4. Nangtukeun Masalah PTK