Kasang Tukang Modul J PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL J 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Salah sahiji Kompeténsi anu kudu kacangking ku guru dumasar Peraturan Menteri Pendidikan Nasional Nomer 16 Taun 2007 nyaéta ngawasa karakteristik murid peserta didik nu patalina jeung aspék fisik, moral, sosial, kultural, émosional, jeung inteléktual. Sajaba ti éta, guru ogé diperedih pikeun ngaderes, neuleuman, maham, jeung mampuh matéahkeun dasar- dasar atikan. Kitu ogé dina Peraturan Menteri Negara Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi Nomor 16 Tahun 2009 ngeunaan Jabatan Fungsional Guru dan Angka Kreditnaditétélakeun yén tugas guru teu saukur ngajar, ngabingbing jeung meunteun, tapi ogé kudu mekarkeun kamampuh profésionalismena. Salah sahiji Tujuan Strategis Kemdikbud 2015-2019 nya éta “Peningkatan Mutu dan Relevansi Pembelajaran yang Berorientasi pada Pembentukan Karakter”. Pikeun ngarojong éta Tujuan Strategis Kemdikbud, Ditjen Guru dan Tenaga Kependidikan ngayakeun Program Gerakan Penguatan Pendidikan Karakter PPK. PPK di sakola pikeun mageuhan karakter siswa ngaliwatan harmonisasi olah hati étik, olah rasa éstétik, olah pikir literasi, jeung olah raga kinéstétik. Ieu hal dirojong ku ‘pelibatan publik’ jeung gawé bareng antara pihak sakola, kulawarga, katut masyarakat nu mangrupa bagian tina Gerakan Nasional Revolusi Mental. Ieu hal kacida pentingna, pikeun mekelan siswa dina raraga nyanghareupan degradasi moral, étika, jeung budi pekerti. Dilaksanakeunana diklat Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda ku PPPPTK TK PLB Bandung minangka salah sahiji tarékah pikeun nyumponan katangtuan katut program anu kaunggel di luhur. Ieu diklat minangka sarana pikeun ngaronjatkeun kamampuh Guru Basa Sunda boh widang pedagogik boh widang profésional. Patali jeung ieu hal, aya lima nilai utama karakter, nya éta: religuis, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Ieu modul gumulung jeung lima nilai utama Penguatan Pendidikan Karakter PPK, anu ngawengku: réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 integritas. Kalima nilai utama PPK dina ieu modul gumulung dina tujuan, kagiatan pangajaran, pedaran matéri, jeung evaluasi. Guru kudu mampuh ngaimplementasikeun éta lima nilai utama PPK boh keur dirina, siswana, atawa masarakatna. Kompeténsi pédagogik jeung profésional dina ieu modul, gumulung jeung konsép PPK anu ngawéngku lima ajén-inajén dasar, nyaéta réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. 1 Ajén religius bisa katingali tina pengkuh dina ngalaksanakeun ibadah, taat kana ajaran agama nu dicepengna, toléransi ngajénan agama nu séjénna, pengkuh pamadegan, percaya diri, sosobatan, ikhlas, teu maksakeun kahayang sorangan, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. 2 Ajén nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. 3 Ajén mandiri bisa katitén tina sikep: ngahargaanngaapresiasi budaya sorangan, ngariksa budaya sorangan, pinunjul tur mimoga préstasi, nyaah ka lemah cai, ngajaga lingkungan sabudeureunana, disiplin, jeung ngajenan rupaning buaya, suku, jeung agama. 4 Ajén gotong royong ébréh tina paripolah : silih hargaan, daék gawé bareng, inklusif, miboga komitmet kana hasil rembugan sarerea, musyawarah mupakat, silih tulungan, anti diskriminatif, rempug jukung sauyunan dina nyanghareupan pasualan, sarta resep nyarita jeung teu kurung batok. 5 Ajén integritas ébréh tina paripolah: jujur, satia, miboga komitmen moral, anti korupsi, adil, tanggung jawab, suri toladan, silih hargaan. Lima ajén-inajén di luhur ébréh dina ieu modul, boh dina tujuan, matéri, latihan, atawa lumangsungna prosés pangajaran. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep mampuh ngaronjat boh kompeténsi pedagogik boh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 profésional tur ngalarapkeun ajén-inajén PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur dirina sorangan boh keur siswana.

B. Tujuan