Nangtukeun Masalah PTK Tujuan Ngalaksanakeun PTK

2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36 ku cara nata rohangan kelas, nata lingkungan sakola, jeung tindakan séjénna.

g. Pengelolaan, mangrupa kagiatan anu bisa diaturdirekayasa ku

wangun tindakan. Conto masalah anu patalina jeung pengelolaan dina PTK di antarana ngatur kelompok murid, mérénahkeun jadwal pangajaran, menerahkeun tempat diuk murid, ngatur rohangan kelas, jeung sajabana.

4. Nangtukeun Masalah PTK

Dina ieu panalungtikan aya kecap “kelas”. Dina PTK kecap kelas ngandung harti sakelompok murid nu diajar jeung guru keur ngokolakeun lumangsungna kagiatan pangajaran. Lantaran kitu, masalah anu aya dina PTK kacida jembarna. Upama diwincik masalah anu bisa dikaji dina PTK kayaning ieu di handap. a. Masalah diajar murid di sekolah, kayaning prosés pangajaran di kelas, kasalahan-kasalahan dina pangajaran, miskonsépsi, misstrategi, jeung sajabana. b. Tarékah ngaronjatkeun profésionalisme guru dina raraga ningkatkeun mutu rancangan, palaksanaan sarta évaluasi program jeung hasil pangajaran. c. Ngokolakeun jeung matéahkeun pangajaran, upamana ngawanohkeun téhnik modifikasi perilaku, tëhnik ngamotivasi, jeung mekarkeun poténsi diri. d. Netepkeun Desain jeung strategi pangajaran di kelas, upamana masalah ngokolakeun jeung prosedur pangajaran, impleméntasi jeung inovasi métodeu nu digunakeun dina pangajaran upamana ngaganti métodeu pangajaran tradisional ku métodeu pangajaran anyar, interaksi di jero kelas upamana ngagunakeun strategi pengajaran nu didasaran ku pamarekan nu tangtu. e. Mekelan jeung mekarkeun sikep katut ajén-inajén, upamana mekarkeun pola mikir ilmiah murid. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 37 f. Maluruh alat bantu, média jeung sumber diajar anu mérénah, upamana ngagunakeun média perpustakaan, jeung sumber diajar di jero luar kelas. g. Nangtukeun sistem assesment atawa évaluasi prosés jeung hasil pangajaran, kayaning masalah évaluasi awal jeung hasil pangajaran, mekarkeun instrumen penilaian berbasis kompeténsi, atawa ngagunakeun alat, métodeu évaluasi nu tangtu. h. Maluruh masalah kurikulum, upamana implementasi KI-KD, runtuyan midangkeun matéri poko, interaksi antara guru jeung murid, interaksi antara murid jeung matéri pangajaran, atawa interaksi antara murid jeung lingkungan diajar.

5. Tujuan Ngalaksanakeun PTK

Tujuan utama PTK nyaéta ngarénsékeun masalah nu kajadian di kelas sarta maluruh jawaban ilmiah naon sababna éta hal kajadian. Sajaba ti éta, tujuan PTK nyaéta pikeun ngaronjatkeun kagiatan guru dina mekarkeun profésina. Tujuan husus PTK. nyaéta pikeun ngungkulan rupaning pasualan sarta ngaronjatkeun kualitas prosés pangajaran di kelas. Aya sawatara tujuan PTK kayaning: 1 ngaronjatkeun mutu eusi, input, prosés, jeung hasil pendidikan jeung pangajarab di sakola; 2 mantuan guru jeung tanaga kependidikan séjénna dina ngungkulan masalah pangajaran jeung pendidikan di jero jeung luar kelas; 3 ngaronjatkeun sikep profésional pendidik jeung tanaga kependidikan; 4 numuwuhkeun budaya akademik di lingkungan sakola sangkan kawangun sikep proaktif pikeun ngoméan jeung ngaronjatkeun kualitas pendidikanpangajaran kalawan sinambung.

6. Hasil Ngalaksanakeun PTK