Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 46 Karakteristik anu aya dina PTK, di antarana 1 PTK mangrupa kagiatan ilmiah anu dirojong ku tiori, dalil anu ngadeudeul kana prosés ngungkulan éta masalah; 2 PTK mangrupa bagian penting pikeun mekarkeun profési guru.; 3 Masalah nu dipasualkeun dina PTK lain dumasar kana kajian tioritik tapi masalah nyata jeung aktual nu keur kajadian ayeuna dina pangajaran di kelas. 4 PTK museur kana hal-hal nu lumangsung di jero kelas. 5 PTK dirojong ku ayana kolaborasi gawé bareng antara praktisi guru katut kapala sakola jeung panalungtik. 6 PTK dilaksanakeun saupama; a aya putusan kelompok nu panceg komitmen pikeun mekarkeun; b ngabogaan tujuan pikeun ngaronjatkeun profésionalisme guru; c aya masalah poko nu kudu dipikanyaho, dibantu, dironjatkeun.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasaa Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Upama Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun ngaderes matéri Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna bahan nu can dikawasa kalawan sumanget tur mandiri. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 47 KAGIATAN DIAJAR 3 NGALAKSANAKEUN PENELITIAN TINDAKAN KELAS DI SD

A. Tujuan

1. Sanggeus maca pedaran matéri sacara mandiri, pamilon diklat mampuh ngécéskeun Prosédur ngalaksanakeun PTK kalawan percaya diri. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh nangtukeun Fokus masalah PTK kalawan kreatif. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngararancang tindakan kalawan kreatif. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngalaksanakeun tindakan. kalawan percaya diri. 5. Sanggeus migawé latihan, pamilon diklat mampuh ngimeutanobsérvasi jeung ngumpulkeun data kalawan percaya diri. 6. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngalaksanakeun réfléksi kalawan gawé babarengan. 7. Sanggeus migawé latihan sacara tanggung jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi sistematika poposal PTK kalawan daria. 8. Sanggeus migawé latihan sacara tanggung jawab, pamilon diklat mampuh ngécéskeun sistematika laporan PTK kalawan gawé babarengan.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Anu jadi indikator kahontalna kompeténsi nyaéta saréngséna neuleuman ieu matéri, dipiharep Sadérék bisa: 1. ngajéntrékeun prosédur ngalaksanakeun PTK; 2. nangtukeun fokus masalah; 3. ngararancang tindakan; 4. ngalaksanakeun tindakan; 5. ngimeutanobsérvasi jeung ngumpulkeun data; 6. ngalaksanakeun réfléksi; 7. nyusun poposal PTK; jeung 8. nyusun laporan PTK. 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 48 Upama masalah can réngsé Masalah anyar hasil réfléksi Rencana Tindakan II Ngalaksanakeun Tindakan Data II Ngimeutan Ngumpulkeun Data I Diteruskeun kana Siklus satuluyna Ngimeutan Ngumpulkeun Data II Réfléksi I Réfléksi II SIKLUS I SIKLUS II

C. Pedaran Matéri 1. Prosédur ngalaksakeun PTK