Tujuan Péta Kompeténsi Ambahan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 profésional tur ngalarapkeun ajén-inajén PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur dirina sorangan boh keur siswana.

B. Tujuan

Tujuan anu dipiharep saréngséna maca tur neuleuman ieu modul, Sadérék mibanda pangawéruh jeung kamampuh ngeunaan dua hal, nyaéta 1 bisa ngalaksanakeun tindakan réfléktif pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran kalawan sinambung tur mayeng jeung 2 ngawasa matéri, struktur, konsép, jeung pola pikir dina widang élmu nu ngarojong mata pelajaran nu keur diampu, hususna bidang studi basa Sunda. Éta tujuan tëh gumulung jeung ajén inajén utama PPK nu ngawengku réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

C. Péta Kompeténsi

Péta Kompeténsi Diklat Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Bahasa Sunda Guru Basa Sunda pikeun guru basa Sunda di SD kayaning ieu di handap. MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN GURU MELALUI PENINGKATAN KOMPETENSI BASA SUNDA KELOMPOK KOMPETENSI J DI SD 2.PKB Patalina jeung PTK 1.Réfléksi dina Pangajaran Basa Sunda jeung Lajuning Laku Hasil Refleksi di SD 3.Ngalaksanakeun PTK di SD 4. Wanda Téks Paguneman Basa Sunda di SD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 4

D. Ambahan

Matéri anu dipidangkeun dina ieu modul ngawengku dua hal, nyaéta matéri nu patalina jeung kamampuh ngalaksanakeun tindakan réfléksi pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran sarta matéri anu patalina jeung pangawasaan struktur, konsép, jeung pola pikir dina widang élmu nu keur diampuna hususna bidang studi basa Sunda, anu gumulung jeung PPK anu ngawengku ajén inajén: réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Péréléan éta matéri dipedar dina 4 kagiatan diajar. Kagiatan Diajar 1: Réfléksi Pangajaran basa Sunda jeung Lajuning Laku Hasil Réfléksi di SD, anu ngawengku: 1 Hakékat Réfléksi Pangajaran Basa Sunda, 2 Réfléksi pikeun Maluruh Tujuan Pangajaran Basa Sunda, 3 Réfléksi pikeun Maluruh Matéri nu Geus Diajarkeun, 4 Refleksi pikeun Maluruh Rancangan jeung Prosés Pangajaran, 5 Lajuning Laku Hasil Réfléksi dina Kagiatan PTK, 6 Léngkah-léngkah Lajuning Laku Réfléksi Pangajaran, jeung 7 Ngarencanakeun PTK di SD. Kagiatan Diajar 2: PKB Patalina jeung PTK , anu ngawengku: 1 Wangenan PKB, 2 Komponen PKB, 3 Prinsip-prinsip Dasar Ngalaksanakeun PKB, 4 Konsép Dasar PTK, 5 Komponén Sasaran Panalungtikan PTK, 6 Nangtukeun Masalah PTK, 7 Nangtukeun Tujuan PTK, 8 Nangtukeun Tujuan PTK, 9 Hasil Ngalaksanakeun PTK, 10 Mangpaat PTK, jeung 11 Karakteristik PTK. Kagiatan Diajar 3: PTK pikeun Ngaronjatkeun PKB Guru SD, anu ngawengku: 1 Prosédur Ngalaksanakeun PTK, 2 Nangtukeun Masalah PTK, 3 Nyusun Rarancang Tindakan Planning, 4 Ngalaksanakeun Tindakan Action, 5 NgimeutanPangamatan Observing, 6 Refleksi Reflecting, 7 Proposal PTK di SD, jeung 8 Sistimatika Proposal PTK. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 5 Kagiatan Diajar 4 Téks Paguneman basa Sunda di SD, anu ngawengku: 1 Watesan Paguneman, 2 Bahan Ajar Paguneman, jeung 3 Conto Téks Paguneman di SD.

E. Cara Ngagunakeun Modul