Konsép Dasar PTK

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33 c kunjungan ka sakola séjén, ka dunia usaha eung industri; d ngondang narasumber ti sakola nu séjén, komite sakola, dinas pendidikan, pengawas, asosiasi profési, PPPPTK, LPMP, atawa Perguruan Tinggi anu luyu.

2. PKB Patalina jeung PTK

Salah sahiji kagiatan PKB anu bisa dilakukeun ku guru nyaéta PTK. PTK pikeun ngungkulan masalah nu aya di kelas. Sanggeus guru ngaréngsékeun PTK, guru bisa ngapublikasikeun éta PTK ka halayak umum. Eta publikasi téh bisa dina forum ilmiah, salaku narasumberpemrasaran dina seminar, lokakarya ilmiah, koloqium, atawa diskusi ilmiah. Salian ti éta, guru bisa ngapublikasikeun PTK dina jurnal ilmiah. Ieu hal kacida mangpaatna pikeun kaperluan angka kredit guru. Ku kituna, raket pisan patalina antara PKB jeung PTK. Saterusna, Saderek perlu pisan miboga pangaweruh ngeunaan konsep PTK anu baris dipedar, anu ngawengku: a Konsép Dasar PTK, b Komponén Sasaran Panalungtikan PTK, c Nangtukeun Masalah PTK, d Tujuan Ngalaksanakeun PTK, e Hasil Ngalaksanakeun PTK, f Mangpaat PTK, g Karakteristik PTK, jeung h Prinsip-prinsip PTK.

a. Konsép Dasar PTK

Saméméh dilaksanakeun di kelas, panalungtikan tindakan mimiti dipa ké pikeun maluruh masalah sosial. Istilah asalna mah ’penelitian tindakan’ action research, satuluyna dimekarkeun di widang pendidikan. Kemmis jeung Taggart dina buku Membimbing Guru dalam Tindakan Kelas 2010:4 nétélakeun yén panalungtikan tindakan dimimitian ku ayana masalah anu timbul dina hiji kajadian. Satuluyna éta masalah dijadikeun dadasar pikeun nyusun hiji rencana gawé tindakan. Tarékah pikeun ngungkulanana dilaksanakeun tindakan kalawan sistematis tur didadasaran ku hasil observasi jeung évaluasi. Kemmis 2010:4, nétélakeun yén panalungtikan tindakan nyaéta hiji wanda jenis panalungtikan réfléksi diri nu dilakukan ku partisipan dina 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 situasi-situasi sosial kaasup pendidikan pikeun ngoméan prakték nu geus dilakukeunana. Aya dua hal pokok nu mangpaat dina panalungtikan tindakan, nyaéta ngaronjatkeun kualitas pangajaran jeung ancrubna guru jadi panalungtik. Satuluyna éta dua hal téh nu baris nungtun ayana tujuan panalungtikan tindakan kana tilu hal, nyaéta pikeun: 1 ngoméan lumangsungna prosés pangajaran; 2 ningkatkeun profésionalisme guru, di antarana ngaronjatna pamahaman kana prakték nu dilaksanakeun; jeung 3 ngoméan kaayaan atawa situasi dilaksanakeunana prakték. Dina dunya atikan mah ’Penelitian Tindakan Kelas’ PTK atawa Classroom Action Reserach CAR téh mangrupa panalungtikan tindakan nu dilaksanakeun di kelas nalika lumangsungna pangajaran. PTK dilakukeun kalawan tujuan pikeun ngoméan atawa ngaronjatkeun kualitas pangajaran. PTK museur di kelas atawa kana prosés pangajaran nu lumangsung di kelas. Suharsimi 2006 nétélakeun yén PTK minangka gabungan tina kecap “Penelitian” + “Tindakan“ + “Kelas”. Kecap penelitian ngandung harti kagiatan ngimeutan hiji obyék nu ngagunakeun cara jeung métodologi anu tangtu pikeun ngumpulkeun data atawa informasi nu aya mangpaatna pikeun ngaréngsékeun masalah. Kecap tindakan ngandung harti kagiatan nu ngahaja dilakukeun kalawan tujuan anu tangtu. Tindakan anu dilaksanakeun dina PTK winangun hiji runtuyan siklus kagiatan. Kecap kelas ngandung harti sakelompok murid nu narima pangajaran ngeunaan hiji hal ti guru anu sarua. Kagiatan diajar murid kawatesanan ukur di kelas, tapi bisa ogé prakték di laboratorium, kagiatan karyawisata, atawa di tempat séjénna kalawan diaping ku guru. Nu penting mah bisa ngaronjatkeun poténsi nu aya dina diri murid. Ceuk hasil panalungtikan, sanajan sacara alamiah kamekaran intelegénsi, bakat, minat, kréativitas, kacerdasan émosi, kapribadian, kamandirian, jasmani, jeung sosialna murid teu sarua tapi saupama dirangsang otakna pikeun mikir tangtu poténsi-poténsi nu aya dina dirina téh bakal ngaronjat. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35

3. Komponén Sasaran Panalungtikan PTK