Bahan Ajar Paguneman dina KI-KD

4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 74 perkara, maksud, kahayang, pikiran, rasa ti panyatur ka batur nyaritana atawa sabalikna. Nu diajak nyarita bisa ngaréspon ku vérbal atawa nonvérbal. Hartina bisa ngajawab omongan ku omongan deui, boh dina wangun kecap boh kalimah, atawa ukur ku unggeuk, gideug, jeung sajabana anu nuduhkeun lumangsungna komunikasi dua arah. Paguneman kaasup kana kagiatan komunikasi dua arah, nyaéta aya nu nanya jeung ngajawab atawa sabalikna, nu ditanya bisa nanyakeun deui ka lawan nyaritana.

2. Bahan Ajar Paguneman dina KI-KD

Paguneman kaasup salah sahiji matéri anu ngabogaan tujuan sangkan murid mahér ngagunakeun basa Sunda. Nilik kana sebaran matérina, pangajaran paguneman aya di unggal jenjang, di SDMI diajarkeun ti mimiti kelas 1, 2, 3, jeung 5. Tujuan hasil diajar paguneman upama ditilik Kompeténsi Dasarna KD dina Kurikulum Mulok Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda Taun 2013, miharep sangkan murid SDMI ngabogaan tingkah laku santun tur tanggung jawab, sarta maliré kaayaan sabudeureunana dina kahirupan sapopoéna. Éta tujuan téh dipiharep bisa kahontal murid ku cara 1 mikawanoh kana téks paguneman, 2 nengetan atawa ngimeutan téks paguneman, 3 nyonto basa nu digunakeun téks paguneman, sarta 4 metakeun atawa ngaragakeun téks paguneman. Upama matéri paguneman dipidangkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun basa lisan, anu kudu ditalingakeun téh sajaba ti basa ogé lentong, luhur handapna sora, réngkak, jeung pasemon. Basa nu digunakeun sajaba ti nalingakeun kaidah strukturna ogé diluyukeun jeung aturan tatakrama basana. Kitu ogé lentongna, sabab lentong kalimah ogé mangaruhan kana harti atawa maksud anu dikandungna. Ari réngkak jeung pasemon anu bakal masieup kana lumangsungna paguneman. Antebna harti, deuheusna nu keur gunem catur, sarta timbulna kayakinan dina diri nu keur komunikasi téh sasatna mah dirojong ku réngkak jeung pasemon. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 75 Upama matéri paguneman dipidangkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun basa tulis, anu kudu ditalingakeun téh sajaba ti basa ogé tandabaca. Aturan dasar naskah paguneman nyaéta tanda baca, lantaran bakal nangtukeun harti atawa pesen ti panyatur ka nu diajak nyarita, atawa ti nu nulis naskah paguneman ka nu macana. Nimbang-nimbang heula téks paguneman anu bakal dibaca ku murid, boh nu patalina jeung eusi atawa topik nu dipagunemkeun, boh pidangan conto téks pagunemanana. Pikeun murid SDMI mah matéri paguneman téh kudu diluyukeun jeung téma. Tema 3: ”kegiatanku” Tema 5: ”Hidup Bersih dan Sehat”. Tema 4: ”Ringan Sama Dijinjing Berat Sama Dipikul”, Tema 3: ”Peduli terhadap mahluk hidup”.

3. Conto Téks Paguneman di SD