Cara Ngagunakeun Modul Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 5 Kagiatan Diajar 4 Téks Paguneman basa Sunda di SD, anu ngawengku: 1 Watesan Paguneman, 2 Bahan Ajar Paguneman, jeung 3 Conto Téks Paguneman di SD.

E. Cara Ngagunakeun Modul

Aya sawatara hal nu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu percaya diri yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu kreatif narékahan sangkan meunang informasi optimal tina modul. Katilu, Sadérék perlu niténan kalawan taliti jeung migawé latihan sacara babarengan tur tanggung jawab nu dipidangkeun dina ahir pedaran. Titénan jeung pigawé tiap bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catétan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun. Ulah poho migawé sakur latihan- latihan jeung évaluasi dina saban bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék ngeunaan ieu bahan kagiatan diajar baris dinilai ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi. Dina maca, nengétan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep macana jeung ngulikna kalawan mandiri, kreatif, sistematis, tur taliti. Lamun manggihan bangbaluh dina mahamkeunana jeung dina ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi sacara babarengan jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka fasilitator. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 KOMPETÉNSI PÉDAGOGIK: PTK PATALINA JEUNG PKB DI SD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KAGIATAN DIAJAR 1 RÉFLÉKSI PANGAJARAN BASA SUNDA DI SD JEUNG LAJUNING LAKU HASIL RÉFLÉKSI

A. Tujuan

1. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh ngajéntrékeun hakékat réfléksi pangajaran kalawan percaya diri. 2. Sanggeus nulis ragngkuman modul, pamilon mampuh ngaidéntifikasi réfléksi pikeun maluruh deui tujuan pangajaran basa Sunda kalawan mandiri. 3. Sanggeus sawala babarengan, pamilon mampuh méré conto réfléksi pikeun maluruh matéri nu geus diajarkeun kalawan percaya diri. 4. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngajétrékeun réfléksi pikeun maluruh rancangan jeung prosés pangajaran kalawan daria. 5. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh ngajéntrékeun lajuning laku hasil réfléksi pangajaran kalawan percaya diri. 6. Sanggeus sawala babarengan, pamilon mampuh ngaidéntifikasi léngkah- léngkah lajuning laku réfléksi pangajaran lajuning laku hasil réfléksi pangajaran kalawan soson-soson tur percaya diri. 7. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh nyusun ngararancang PTK kalawan kalawan sumanget.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi