Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22 data, 8 nyieun jadwal kagiatan tindakan, 9 saupama diperlukeun bisa ngayakeun simulasi atawa uji coba skénario jeung perangkat. Prosédur anu kudu dilakonan dina ngarencanakeun tindakan ngawéngku: 1 milih wangun tindakan, 2 nangtukeun hipotésis tindakan saupama diperlukeun, 3 nataharkeun tindakan, jeung 4 netepkeun indikator anu nangtukeun kritéria hasilna tindakan luyu jeung nu dipiharep.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawasa Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Upama Sadérék ngahontal tahap pangabisan 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun ngaderes matéri Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna bahan nu can kacangkem kalawan mandiri. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 23 KAGIATAN DIAJAR 2 PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN PKB PATALINA JEUNG PENELITIAN TINDAKAN KELAS PTK

A. Tujuan

1. Sanggeus maca, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan PKB kalawan percaya diri. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngaidéntifikasi komponen PKB kalawan sumanget. 3. Sanggeus sawala, pamilon mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip ngalaksanakeun PKB kalawan percaya diri. 4. Sanggeus maca sacara mandiri, pamilon mampuh ngajelaskeun konsép dasar PTK kalawan percaya diri. 5. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi komponén sasaran PTK kalawan taliti. 6. Sanggeus tanya jawa, pamilon diklat mampuh nangtukeun masalah PTK kalawan mandiri. 7. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi tujuan ngalaksanakeun PTK kalawan taliti. 8. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi hasil ngalaksanakeun PTK kalawan percaya diri. 9. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi mangpaat PTK kalawan percaya diri. 10. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi karakteristik PTK kalawan taliti. 11. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi prinsip- prinsip PTK kalawan konséntrasi.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi