46
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
Contona: - Na mani ngahampas pisan ka batur téh.
- Néng Tuti téh béntangna di kelas 7 a.
6. Cacandran
Cacandran nyaéta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun. Nuduhkeun kaayaan kondisi hiji tempat. Contona: Bandung heurin ku
tangtung, Sumedang ngarangrangan, Cianjur katalanjuran, jsb.
7. Uga
Uga nyaéta tujuman torah anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara daérah.
Contona: - Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung. - Pulo
Jawa kaéréh ku kulit kuning lilana saumur jagong.
8. Caturangga
Caturangga nyaéta pakeman basa anu nuduhkeun tanda-tanda pikeun mikanyaho hadé goréngna watek kuda mun diingu.
a. Satria tinayungan pinayungan nyaéta watek kuda anu hadé, matak
mulya ka nu ngingu; tanda kukulinciran dina tonggong handapeun sela beulah katuhu.
b. Sekar panggung nyaéta watek kuda anu hadé, mawa rahayu ka nu ngingu; tandana bulu suku kuda ti handap nepi kana tuurna opatanana bodas.
c. Sumur bandung nyaéta watek kuda anu hadé, matak loba rejeki, tandana aya kukulinciran dina tarang kuda.
d. Wisnu murti nyaéta watek kuda anu hadé, tandana bulu kuda hideung meles.
e. Buaya ngangsar nyyaéta watek kuda anu goréng, dibawa meuntas dina parung sok depa, dina leuwin sok palid; tandana kukulinciran dina
beuteung beulah tukang. f. Tumpur ludes nyaéta watek kuda anu goréng, matak sangsara ka nu
ngingu; tandana kukulinciran dina beuteung beulah hareup. g. Turub layuan nyaéta watek kuda anu goréng. Matak pikasieuneun; tandana
kukulinciran dina tonggong kuda, handapeun sela beulah hareup.
9. Candrasangkala kronogram
Candrasangkala nyaéta kalimah atawa frasa nu ngandung harti panataan angka taun. Anu dipaké patokan téh sok taun Saka pananggalan bangsa
Syek di India nu diitung ti lahirna Raja Salihwarna nu ganjor 78 taun ti Nabi Isa. Ku kituna, keur nyaruakeun taun Saka jeung taun Maséhi sok
ditambah 78 taun.
47
Bab III
BAHAN PANGJEMBAR
Contona: - Panca pandawa ngemban bumi: 5521-1255 Saka-1333 Maséhi, ngadegna
Karajaan Pajajaran. - Sirna ilang kertaning bumi: 8741 – 1478 Saka – 1556 Maséhi, runtagna
Karajaan Majapahit.
10. Repok
Repok nyaéta tujuman torah anu aya patalina jeung cara nganyahokeun alus henteuna nasib dua jalma nu rék laki rabi. Upamana wedan Senén
repok jeung wedak Kemis. Lantaran Senén lambangna kembang, Kemis lambangna angin. Lamun kembang kaanginkeun tangtu seungit nyambuang.
Wedal Salasa repokna ka wedal Jumaah. Lantaran Salasa lambangna seuneu, sedeng Jumaah lambangna cai. Lamun seuneu dibanjur ku cai, tangtu jadi
tiis. Wedal Rebo repokna ka wedal Saptu. Lantaran Rebo lambangna daun, sedengkeun Saptu lambangna bumi. Tangkal tumuwuhna di bumi. Sedeng
poé minggu mah dilambangkeun méga, ieu gé disebutna repok jeung wedal Rebo lantaran daun ngaluhuran bisa ngahontal méga.
Dina repok téh aya itungan anu patali jeung ma’na ninggangna dina naon, naha bagja, pati, rejeki, cilaka, jsb. Aya dua ma’na anu dikandungna,
nyaéta: a. Ma’na anu alus kayaning: ratu sabdaning pandita, padaringan kebek,
sangga waringin, satria lalaku. b. Ma’na anu goréng kayaning pisang punggel, lumbung gumulung, jeung
tunggak kasemi.
48
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
PANGAJARAN 4:
LAPORAN KAGIATAN
Dina nulis Laporan Kagiatan, anu penting mah puguh heula sistematikana. Najan teu baku, tapi dina laporan kagiatan biasana ngawengku sababaraha bagian.
Lamun diringkeskeun mah kieu sistematika laporan kagiatan téh:
1. Bubuka
1.1. Kasang tukang Eusina ngeunaan alesan-alesan naon pentingna dijieun laporan sabada
ngalaksanakeun hiji kagiatan. Dina kasang tukang ogé ditulis gambaran umum ngeunaan kagiatan anu geus dilaksanakeun téa.
1.2. Tujuan Dina ngayakeun hiji kagiatan tangtu miboga tujuan anu sipatna
positip sarta gedé mangpaatna keur balaréa. Tah tujuan ngayakeun ieu kagiatan téh kudu dijéntrékeun sing mérélé, sangkan lamun hasilna
alus bisa dilaksanakeun deui ka hareupna.
2. Prosés Lumangsungna Kagiatan