58
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
2. Penilaian Proyek.
Penilaian proyek project assesment mangrupa kagiatan ngajén kana pancén-pancén anu kudu diréngsékeun ku murid dina peride waktu anu
geus ditangtukeun. Pancén anu dimaksud mangrupa investigasi anu dipigawé ku murid ti mimiti nyieun rarancang, ngumpulkeun data, ngelompokkeun,
ngolah, jeung midangkeun data. Ku kituna, penilaian proyek mah patali jeung pamahaman, ngalarapkeun, nalungtik, jsb. Salila migawé proyek, murid miboga
kasempetan pikeun ngalarapkeun sikep, kaparigelan, jeung pangaweruhna. Ku kituna, guru kudu niténan tilu perkara:
a. Kaparigelan murid dina milih topik, néangan jeung ngumpulkeun data, ngolah jeung ngaanalisis data, méré harti ngamaknaan informasi anu
kapanggih, jeung nulis laporan. b. Kasaluyuan relevansi matéri pangajaran jeung kamekaran sikep, kaparigelan
jeung pangaweruh anu diperlukeun ku murid. c. Orisinalitas atawa kaaslian hiji “proyek pembelajaran” anu dipigawé atawa
dihasilkeun ku murid.
3. Penilaian Portofolio
Penilaian portofolio minangka pangajén anu dumasar kana informasi ngeunaan kamekaran kamampuh murid dina hiji periode. Eta informasi téh
bisa mangrupa karya murid tina hiji kagiatan diajar anu dianggap panghadéna, bisa tina hasil tés, atawa informasi séjénna anu luyu jeung sikep, kaparigelan,
atawa pngaweruh anu kudu dihontal dina hiji kompetensi. Jadi, anu diajén téh kumpulan karya murid, boh sorangan- sorangan boh kelompok dina hiji
periode kagiatan diajar.
Ku penilaian porofolio, guru bisa mikanyaho kamekaran jeung kamajuan diajar murid. Upamana dina hasil karya nyieun sajak, nulis carpon, ngaringkes
novel, nulis laporan kagiatan, nulis naskah drama, nulis guguritan, jsb. Léngkah-léngkah penilaian portofolio:
1. Guru ngajéntrékeun sacara ringkes anu dimaksud penilaian portofolio 2. Guru jeung murid nangtukeun jenis portofolio anu bakal dijieun
3. Murid, boh kelompok boh individu, kalawan dituyun ku guru nyusun
portofolio pembelajaran. 4. Guru ngumpulkeun portofolio murid dibarengan ku catetan tanggal
ngumpulkeunana. 5. Guru meunteun potofolio murid dumasar kana kriteria anu geus
ditangtukeun
59
Bab IV
PITUDUH MEUNTEUN
6. Mun kaburu, guru jeung murid ngadiskusikeun dokumen portofolio anu geus dikumpulkeun
7. Guru méré umpan balik kana hasil penilaian portofolio.
4. Tés Tinulis