36
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
4. Sabada réngsé tanya-jawab, murid ngeusian latihan anu geus
disadiakeun.
5. Jawaban latihanna:
1. Anu ngalalakon dina naskah drama Si Ujang Jadi Prabu nyaéta Gusti Prabu, Paman Léngsér, Praméswari, jeung Radén Aria.
2. Baluweng ku dua perkara. Anu kahiji lantaran rahayat keur keuna ku rupa-rupa musibat, anu kadua lantaran putrina teu damang.
3. Orok kakara brol tapi bedegul, bisa kokorondangan, jaba bisa nyarita.
4. Kudu ditumbal ku tujuh mustika’ 5. Radén Aria. Pasipatanana ogo jeung gumasép.
6. Praméswari nyaéta istri resmi raja atawa sok disebut ogé garwa
padmi. 7. Adegan kaluarna Radén Aria putra raja anu maké saragam SD, sarta
omonganana. 8. Jalma-jalma sakti.
B. Niténan Naskah Drama
NO KAGIATAN
6. Murid maca pedaran dina bagian niténan naskah drama, nepi ka paham
kana bagian-bagian atawa ciri-ciri husus anu aya dina naskah drama.
7. Sabada paham kana ciri-ciri naskah drama, murid diwangun kelompok
anu sakelompokna paling loba genep urang tuluy dibéré naskah drama séjénna.
8. Murid ngadiskusikeun naskah drama anu anyar.
9. Murid ngaringkes eusi naskah drama maké basa lancaran.
10. Murid nuliskeun ciri-ciri husus dina naskah drama luyu jeung anu
dipertélakeun dina pedaran. Dicutat bagian-bagian anu jadi ciri husus téa.
11. Réngsé unggal kelompok niténan naskah drama, unggal kelompok ka
hareup macakeun hasil paniténna.
37
Bab II
PITUDUH HUSUS
12. kelompok séjén dibéré kasempetan pikeun nanya atawa ngajén kana eusi
laporan ti kelompok nu di hareup.
C. Metakeun Drama
NO KAGIATAN
13. Murid jeung kelompokna ngabagi peran pikeun pikeun metakeun
naskah drama Si Ujang Jadi Prabu nepi ka tamat. 14.
Sabada bérés ngabagi peran, tuluy saréréa ngapalkeun naskah drama luyu jeung peranna séwang-séwangan.
15. Murid dibéré kasempetan pikeun latihan jeung kelompokna, sangkan
dina pintonan dramana, boh réngkak boh lentong, luyu jeung pameredih eusi naskah.
16. Unggal kelompok mintonkeun pagelaran drama Si Ujang Jadi Prabu.
Kelompok séjénna nuliskeun kakurangan jeung kaunggulan tina pintonan kelompok anu keur midang.
17. Sabada réngsé pintonan hiji kelompok, diayakeun sawala pikeun ngajén
kana pintonan tadi, sangkan unggal kelompok apal di mana kakuranganana. Kitu jeung kitu nepi ka unggal kelompok minton kabéh. Kadé dina
pintonan alusna murid maké kostum anu luyu, pikeun numuwuhkeun kreativitas dina dirina jeung sangkan daria dina molahkeun dramana.
Ulah disengker ku waktu, da waktu mah laluasa.
D. Pancén
NO KAGIATAN
18. Murid jeung kelompokna dibéré pancén nyieun naskah drama anu
témana bébas, anu jumlah palakuna diluyukeun jeung jumlah anggota kelompok.
19. Naskah meunang nyusun murid dipilih anu pangalusna, sarta kelompok
anu kapilih pangalusna kudu molahkeun naskahna hareupeun kelas. Hal ieu kudu dibéjakeun ti anggalna sangkan murid kahudang karepna
pikeun nyieun naksah paalus-alus.
38
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
20. Kelompok séjén dibéré kasempetan pikeun ngajén pidangan kelompok
anu kapilih téa.
PANUTUP
Sabada pangajaran réngsé, tangtu murid bakal paham pisan kana naon anu disebut drama. Pikeun pancén kelompok di imah, murid nyieun rékaman
molahkeun drama tina naskah anu geus disusun ku kelompokna téa. Dirékam dina wangun video, anu engkéna bakal dipidangkeun di kelas. Lantaran waktuna
laluasa sarta nyieunna ukur sakelompok, murid bisa molahkeun drama anu dirojong ku kostum jeung akting anu alus. Hasilna dilalajoan ku saréréa sarta
diajén ku kelompok séjénna.
39
Bab III Bab III
Bahan
Pangjembar
40
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
A. WANGUN KARYA SASTRA