57
Bab IV
PITUDUH MEUNTEUN
Sangkan leuwih jéntré, di handap dibéréndélkeun rupa-rupa asesmen autentik:
1. Penilaian Kinerja
Asesmen autentik kudu ngalibetkeun partisifasi murid, hususna dina proses jeung aspék-aspék anu bakal diajén. Guru bisa méré pancén ka murid pikeun
nyebutkeun unsur-unsur proyékpancén anu bakal dipaké ku murid pikeun ngaréngsékeun pancénna. Ku ayana informasi ieu, guru bisa méré umpan
balik kana kinerja murid dina wnagun laporan naratif atawa laporan kelas. aya sababaraha cara pikeun ngarékam hasil ngajén anu basisna kinerja:
a. daptar ceklis checklist. Digunakeun pikeun mikanyaho muncul atawa henteuna unsur-unsur nu tangtu tina indikator atawa subindikator nu kudu
aya dina hiji kajadian atawa tindakan. b.
catetan anékdotnarasi anecdotalnarative records. Digunakeun ku jalan guru nuliskeun laporan narasi ngeunaan naon baé anu dipigawé ku
unggal murid salila kagiatan diajar atawa migawé pancén. Tina ieu laporan guru bisa nangtukeun nepi ka mana murid nyumponan standar anu geus
ditangtukeun.
c. Skala penilaian rating scale. Biasana ngagunakeun skala numerik jeung predikatna. Upamana: 5 = baik sekali, 4 = baik, 3 = cukup, 2 = kurang, 1 =
kurang sekali. d. memoriingatan memory approach. Guru niténan murid salila diajar atawa
migawé pancén, bari jeung teu nyieun catetan, naha murid geus nyumponan standar anu geus ditangtukeun atawa acan.
Niténan kinerja murid bisa dilaksanakeun dina rupa-rupa situasi sarta tuluy-tumuluy. Upamana, pikeun ngajén kaparigelan nyarita, guru bisa niténan
dina waktu murid prakték biantara, diskusi kelas, ngadongéng, nyaritakeun deui eusi wacana, atawa wawancara. Bisa digunakeun rupa-rupa instrumen, upamana
ngajén sikep, observasi tingkah laku, nanya langsung, jsb.
Penilaian diri self assesment kaasup kana penilaian kerja. Mangrupa salasahiji tehnik ngajén anu prak-prakanana murid dibéré pancén ngajén dirina sorangan
anu patali jeung tingkat kamampuhna dina hiji kompetensi. Téhnik ieu gé bisa dipaké pikeun ngukur kompetensi kognitif, afektif, jeung psikomotor dumasar
kana standar anu geus ditetepkeun. Gedé pisan mangpaat téhnik penilaian diri téh, diantarana: 1 numuwuhkeun rasa percaya diri murid, 2 murid sadar kana
kahéngkéran jeung kapunjulanana sorangan, 3 ngarojong jeung ngabiasakeun murid jujur ka dirina sorangan, 4 numuwuhkeun sumanget pikeun maju dina
dirina.
58
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX
2. Penilaian Proyek.