Babasan Paribasa Gayabasa Rakitan Lantip Kecap Kiasan Cacandran Uga Caturangga

45 Bab III BAHAN PANGJEMBAR PANGAJARAN 3 PAKEMAN BASA Urang Sunda, kasohor beunghar ku pakeman basa atawa anu sok disebut idiom téa. Asalna tina basa Yunani idios anu hartina has, mandiri, husus, pribadi. Jadi pakeman basa téh nyaéta wangun basa anu husus tur mandiri sarta harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa. Anu kaasup kana pakeman basa téh di antarana:

1. Babasan

Babasan nyaéta ungkara winangun kecap kantétan atawa frasa anu susunan basana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Contona tingali dina buku murid.

2. Paribasa

Paribasa nyaéta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunan basa geus matok sarta teu bisa dirobah. Upamana basa kasar teu meunang dirobah kana basa lemes pédah nyarita jeung saluhureun. Biasana ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa. Contona tingali dina buku murid.

3. Gayabasa

Gayabasa nyaéta rakitan basa anu dipaké sangkan ngahudang pangaruh efek anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngaregepkeun. Contona: - Pucuk kalapa lir nu ngagupayan - Panonna mani hurung - Beungeutna pias kawas kapas - Budak téh teu katempo tarang-tarangna acan

4. Rakitan Lantip

Rakitan lantip téh nyaéta susunan kecap anu dihartikeunana ku kabiasaan maké dadasar lantip. Contona: - Cik pangmiceunkeun tampolong. Anu dipiceun eusina, lain tampolongna. - Eh, seungit nu ngagoréng bawang. Anu seungit téh goréng bawangna, lain anu ngagoréngna.

5. Kecap Kiasan

Kecap kiasan nyaéta kecap anu hartina dipapadékeun kana harti kecap séjén atawa sok disebut ogé ngandung harti konotatif harti injeumanharti anu teu sabenerna. 46 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas IX Contona: - Na mani ngahampas pisan ka batur téh. - Néng Tuti téh béntangna di kelas 7 a.

6. Cacandran

Cacandran nyaéta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun. Nuduhkeun kaayaan kondisi hiji tempat. Contona: Bandung heurin ku tangtung, Sumedang ngarangrangan, Cianjur katalanjuran, jsb.

7. Uga

Uga nyaéta tujuman torah anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara daérah. Contona: - Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung. - Pulo Jawa kaéréh ku kulit kuning lilana saumur jagong.

8. Caturangga

Caturangga nyaéta pakeman basa anu nuduhkeun tanda-tanda pikeun mikanyaho hadé goréngna watek kuda mun diingu. a. Satria tinayungan pinayungan nyaéta watek kuda anu hadé, matak mulya ka nu ngingu; tanda kukulinciran dina tonggong handapeun sela beulah katuhu. b. Sekar panggung nyaéta watek kuda anu hadé, mawa rahayu ka nu ngingu; tandana bulu suku kuda ti handap nepi kana tuurna opatanana bodas. c. Sumur bandung nyaéta watek kuda anu hadé, matak loba rejeki, tandana aya kukulinciran dina tarang kuda. d. Wisnu murti nyaéta watek kuda anu hadé, tandana bulu kuda hideung meles. e. Buaya ngangsar nyyaéta watek kuda anu goréng, dibawa meuntas dina parung sok depa, dina leuwin sok palid; tandana kukulinciran dina beuteung beulah tukang. f. Tumpur ludes nyaéta watek kuda anu goréng, matak sangsara ka nu ngingu; tandana kukulinciran dina beuteung beulah hareup. g. Turub layuan nyaéta watek kuda anu goréng. Matak pikasieuneun; tandana kukulinciran dina tonggong kuda, handapeun sela beulah hareup.

9. Candrasangkala kronogram