LatihanPancén Tingkesan Modul BS SMA KK I (Edit 02 Mei 2016)

KD 10 24 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016

E. LatihanPancén

1. Jelaskeun wangenan program pengayaan 2. Jelaskeun idéntifikasimatéri program pengayaan 3. Jelaskeun prosedur kerja program pengayaan 4. Jelaskeun udagan acuan pikeun nangtukeun program pengayaan 5. Tuliskeun arahan teknis kepala sakola ka guru ngeunaan program pengayaan

F. Tingkesan

Pengayaan bisa dihartikeun mangrupa pangalaman atawa kagiatan siswa anu ngaleuwihan prasyarat minimal anu geus ditangtukeun ku kurikulum. Prasyarat minimal aya dina KKM. KKM dina Kurikulum 2013 ngawengku: KKM sikep nyaéta Baik, KKM pangaweruh 2,67, sedengkeun KKM Kaparigélan 2,67. Program Pengayaan ngawengku: idéntifikasi kamampuh diajar dumasar kana jenis jeung tingkat kamampuh; Idéntifikasi kemampuan diajar dumasar jenisna, misalna: diajar leuwih gancang, nyimpen informasi leuwih gampang, aya kahayang anu luhung, mikirna mandiri, superior jeung mikir abstrak, sarta miboga réa minat;Idéntifikasi kamampuh siswa anu luhung, nu dilakukeun ku jalan: tés IQ, tés inventori, wawancara, jeung pengamatan; sarta wangun cara ngalaksanakeun program pengayaan. Méré program pengayaan ngan pikeun kompeténsimatéri anu tacan dipikanyaho ku siswa. Ku kituna, guru nyadiakeun waktu pikeun siswa narima kompeténsimatéri anyar, atawa digawé dina proyék sacara mandiri luyu jeung kapasitas atawa kapabilitas masing-masing. Program pengayaan, bisa ogé dipatalikeun jeung kagiatan mérépancén terstruktur jeung kagiatan mandiri hente terstruktur. Penilaian hasil diajar kagiatan pengayaan, tangtuna ogé teu sarua jeung kagiatan pangajaran biasa, tapi cukup dina wangun portofolio, jeung kudu dihargaan mangrupa nilai tambah dibandingkeun siswa anu diajar sacara normal. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 25 Kepala Sekola méré arahan ngéunaan téknis program pengayaan anu sakurang-kurangna ngawégku: dasar ngalaksanakeun program pengayaan,tujuan anu hayang dihontal dina ngalaksanakeun program pengayaan, manfaat program pengayaan, hasil anu dipiharep tina program pengayaan., sarta unsur-unsur anu kalibat jeung uraian tugas dina ngalaksanakeun program pengayaan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku