Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan

104 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 KD 10

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Nitenan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran matéringéunaan Struktur jeung KaedahTéks Opini. 3. Diskusi kelompok pikeun migawé latihanpancén. 4. Maca tingkesanmatéri. 5. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 9.

E. LatihanPancén

7. Jieun téks opini sacara kelompok luyu jeung strukturna 8. Jieun téks opini sacaca mandiri luyu jeung strukturna

F. Tingkesan

Pamadegan opini dihartian mangrupa nyodorkeun gagasan atawa ngébréhkeun pikiran, pamadegan ngeunaan hiji hal. Di Indonésia, jalma anu ngaluarkeun pamadegan dijamin ku konstitusi. Hal ieu cindek dina UUD 1945, Pasal 28 yén: kemerdekaan berserikat dan berkumpul, mengeluarkan pikiran dengan lisan dan tulis dan sebagainya ditetapkan dengan undang- undang. Salahsahiji wadah pikeun ngébréhkeun pamadegan urang téhnyaéta mangrupa ayana téks opini éditorial. Urang bébas ngébréhkeun pamadegan ngeunaan hiji masalah ngaliwatan téks opini. Dina ngébréhkeun pamadegan atawa pikiran kudu dilengkepan ku fakta pangrojong jeung aya alesan anu asup akal sangkan téks opini anu diwangun bisa ditarima ku nu maca. Ulah kajadian, téks opini anu ditulistéh mangrupa pamadegan kosong, anu sifatna khayalan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 105 Aya dua wanda opini, nyaéta opini analitis jeung opinin hortatoris. Opini analitis patali jeung konsép atawa tiori ngeunaan hiji hal, sedengkeun opini hortatoris patali jeung tindakan anu perlu dilakukeun atawa kawijakan anu perlu dilaksanakeun. Ditarima henteuna hiji gagasanusulan ku pihak luar gumantung kana kuat henteuna argumén anu disodorkeun ku panyatur. Dina téks opiniéditorial biasana digunakeun basa anu bisa ngaéksprésikeun sikep eksposisi. Supaya bisa ngayakinkeun nu maca, diperlukeun ekspresi kapastian, anu bisa ditandeskeun ku kecap katerangan atawa adverbia frékuentatif, saperti: salawasna, biasana, sering, kadang-kadang, jarang, jst. Aya opat tahapan kagiatan diajar ngajar dina kagiatan diajar 9, nyaéta: 1 ngawangun kontéks, 2 nalungtikmodéltéks opini éditorial, 3 gawé bareng dina kelompok nyieun modéltéks opini éditorial, jeung 4 nyieun téks opini éditorial sacara mandiri individual.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku