Latihan Tingkésan Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 49

E. Latihan

Sangkan pangawéruh Sadérék ngeunaan paribasa leuwih jero jeung onjoy, prak pigawé kalawan gemet ieu latihan di handap. 1. Tétélakeun kalawan panceg watesan téks narasi, boh nurutkeun para ahli boh nurutkeun pamanggih sorangan 2. Tataan rupa-rupa wanda téks narasi 3. Tétélakeun ciri-ciri téks narasi 4. Tétélakeun prinsip-prinsip téks narasi 5. Dina bagian pedaran matéri di luhur aya conto téks narasi anu judulna “Kaduhung Baha ka Emah”. Prak tataan runtuyan kajadian dina éta conto téks narasi

F. Tingkésan

Téks narasi téh nyaéta hiji wangun karangan nu ngusahakeun nyaritakeun hiji kajadian kalawan kronologis. Téks narasi mibanda ciri-ciri anu tangtu, kayaning: a mangrupa carita ngeunaan kajadian atawa pangalaman manusa; b kajadian anu ditepikeun téh mangrupa kajadian anu enya-enya lumangsung, bisa ogé imajinasi, atawa gabungan antara kajadian anu enya-enya lumangsung jeung imajinasi; c nekenkeun susunan kronologis; d biasana aya dialog; jeung e biasana téks narasi mah nyaritakeun palaku anu kalibet langsung dina hiji kajadian anu dicaritakeunana. Prinsip-prinsip téks narasi téh museur dina hal-hal sabudeureun galur, palaku, kasang tukang, jeung puseur sawangan Téks narasi aya dua wanda, ngawengku narasi ékspositoris jeung narasi sugéstif. KD 10 50 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Hasil pagawéan Sadérék dina bagian latihan téh jawabanana bandingkeun atawa luyukeun kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul.Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap pangabisa Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 –100 = alus pisan 80 –89 = alus 70 –79 = cukup 60 –69 = kurang Upama Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 5. Tapi, upama tahap ngawasa kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar 4, pangpangna matérinu tacan kacangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 51 KAGIATAN DIAJAR 5 TÉKS DÉSKRIPSI

A. Tujuan