KD
10
12
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
b. Bangbaluh diajar anu sipatna sedeng, biasana kapanggih di siswa anu ngalaman gangguan diajar anu asalna ti luar diri siswa, contona faktor
kulawarga, lingkungan padumukan, cara gaul, jst. c. Kasulitan diajar anu sipatna beurat, kapanggih di siswa anu ngalaman
bangbaluh: fisik, méntal, sosio-émosional, atawa inteléktual. Ieu hal tumiba ka Anak Berkebutuhan Khusus ABK saperti: tunanétra,
tunarungu, tunagrahita, tunadaksa, jeung autis. Tunanétra miboga bangbaluh dina indra panon tetempoan, tunarungu miboga
bangbaluh dina indra ceuli dédéngéan jeung nyarita, tunagrahita miboga bangbaluh dina kamampuh inteléktual anu handap IQ
sahandapeun normal sarta hubungan sosial, tunadaksa miboga bangbaluh dina fisik, sedengkeun autis miboga bangbaluh dina
konséntrasi, interaksi sosial, jeung imajinasi.
Nurutkeun Wijaya 2010:48 atikan jeung program rémédial miboga pungsi pikeun mantuan siswa dina ngaréngsékeun pangajaran.
Dumasar kana éta hal, kurikulum kudu dijieun ditujukeun pikeu kapentingan babarengan comunal jeung kapentingan kasus, sangkan
beban tanggung jawabna leuwih jelas tur puguh tujuan.
Dina program rémédial guru miboga peran salaku terapis. Ku kituna guru kudu miboga pangaweruh ngeunaan psikologi jeung neurologi.
Guru anu icikibung dina kagiatan rémédial kudu mampuh nalungtik kalawan tenget bangbaluh-bangbaluh siswa dina pangajaran basa
Sunda Wijaya, 2010: 48
3. Wangun jeung Prosedur Kerja Program Rémédial
Wangun-wangun rémédial diantarana, ieu di handap. a. Méré pangajaran ku cara malikan deui matéri kalayan maké métode
jeung média anu béda, lamun jumlah siswa anu dirémédial leuwih ti 50.
b. Méré tugas kelompok, lamun jumlah siswa anu ngilu rémédial leuwih ti 20 tapi kurang ti 50.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
13
c. Méré bimbingan husus misalna bimbingan individual, lamun jumlah siswa anu ngilu rémédial maksimal 20.
Prosedur Kerja Program Rémédial a. Kepala Sekolah nugaskeun wakasek Kurikulum jeung Tim
Pengembang Kurikulum TPK sakola pikeun nyusun rancangan kagiatan jeung rambu-rambu program rémédial.
b. Kepala Sekola méré arahan ngeunaan téknis program rémédial anu sakurang-kurangna ngawengku:
1 dasar ngalaksanakeun program rémédial; 2 tujuan anu hayang dihontal dina ngalaksanakeun program rémédial;
3 mangpaat program rémédial; 4 hasil anu dipiharep tina program rémédial;
5 unsur-unsur anu kalibet jeung uraian tugas dina ngalaksanakeun
program rémédial; c. Wakil Kepala Sekolah bidang Kurikulum babarengan jeung TPK sakola
nyusun rancangan kagiatan jeung rambu-rambu ngalaksanakeun program rémédial anu eusina sakurang-kurangna ngawengku:
kagiatan, sasaranhasil, pelaksanaan, jeung jadwal.
d. Kepala Sekolah babarengan jeung wakasek kurikulum sarta TPK sakola jeung guruMGMP medar rancangan kagiatan jeung rambu-
rambu pelaksaaan program rémédial. e. Kepala sekolah nanda tangan rancangan kagiatan jeung rambu-rambu
pelaksanaan program rémédial. Guru nangtukeun wanda program rémédial, dumasar kana kahontalna
kompeténsi siswa kalawan ngagunakeun analisis ketuntasan KKM, kalawan maké acuan udagan:
a. Program rémédial, lamun kahontalna kompeténsi siswa kurang tina nilai KKM.
b. GuruMGMP ngalaksanakeun program rémédial dumasar kana klasifikasi hasil kahontalna kompeténsi siswa.
KD
10
14
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
c. GuruMGMP malikan deui meunteun siswa anu milu rémédial jeung hasilna mangrupa nilai peunteun kahontalna kompeténsi siswa.
4. Prinsip-prinsip Rémédial