PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
115
Numutkeun Hudson dina Pradopo, spk. 1985:17 dina Koswara, 2010;13 nétélakeun yén lamun diilikan tina kuantitasna, hiji carita
rékaan alurna bisa tunggal atawa ganda. Ditilik tina kualitasna, alur sipatna ketat atawa logor.
Ketat atawa logorna alur carita bisa ditilik tina aya teu ayana degresi anu aya dina eta carita. Degresi nyaéta, kajadian-kajadian anu sipatna
henteu patali langsung jeung alur carita, balukarna ngaakibatkeun logorna alur carita. Sabalikna, dina carita anu alurna ketat moal aya
degresi.
c. Tokoh
Tokoh atawa palaku dina hiji carita ngemban pancén pikeun mawa tema kana sasaran anu geus ditangtukeun. Ku kituna, lamun hiji carita
teu aya tokohna baris hésé ngagiring masalah kana tujuan anu geus ditangtukeun.
Aya dua rupa tokoh, nyaéta tokoh utama jeung tokoh tambahan bawahan. Nurutkeun Stanton dina Pradopo, spk. 1985: 190,
nétélakeun yén tokoh utama atawa tokoh séntral atawa tokoh protagonis salawasna luyu jeung unggal-unggal kajadian anu aya dina
éta carita. Béda deui jeung tokoh tambahan bawahan atawa tokoh protagonis. Palaku atawa tokoh dina carita bisa manusa bisa ogé
sasatoan. Sabenerna mah sasatoan ogé simbolisasi manusa. Umumna pangarang leuwih rea milih manusa jadi tokoh carita,
lantaran manusa bisa méré kamungkinan mekarna watek kalawan maké sababaraha aspék.
Hal anu penting dina masalah tokoh nyaéta ayana motivasi anu jadi dadasar sakabeh sikep jeung paripolah tokoh anu teu meunang
pasalia jeung sipat dasar palaku. Carita rékaan anu hadé, teu ngan saukur ditangtukeun ku alur wungkul, tapi ogé ditangtukeun ku tokoh.
Aya dua metode anu ngagambarkeun watek palaku carita rékaan, nyaéta analitik jeung dramatik.
116
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
KD
10
Gambar 11. 5 Metode pikeun Ngagambarkeun Watek Palaku
Wujud tampilan palaku sacara analitik nyaéta pangarang sacara langsung ngaanalisis watek palaku tur sakaligus ngajéntrékeun sacara
langsung phisycal description. Wujud tampilan palaku sacara dramatik nyaéta pangarang méré lolongkrang anu bebas ka palaku
pikeun gerak sacara dinamis.
Ku kituna, pancén nu maca pikeun nafsirkeun watek palaku, situasi carita, réaksi tokoh protagonis ka tokoh antagonis, jeung réaksi tokkoh
kana kajadian anu keur lumangsung.
Sacara umum, papasingan tokoh dumasar kana atikan jeung pagawéan bisa dipaingkeun kieu.
1 Tokoh anu teu miboga atikan. 2 Tokoh anu miboga atikan handap SD.
3 Tokoh anu miboga atikan tengah-tengah SMP, SMASMK. 4 Tokoh anu mibog atikan luhur Pagorun Luhur.
Metode pikeun Ngagambarkeun
Watek Palaku
Dramatik Analitik
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
117
Wangun watek tokoh aya dua rupa: 1 tokoh anu watekna datar flot characterization jeung 2 tokoh anu watek buleud round
characterization.
Gambar 11. 6 Wangun Watek Tokoh
Tokoh anu watekna datar nyaéta lamun éta tokoh anu mekarna watek sacara statis. Tokoh anu watekna buleud, nyaéta tokoh anu mekarna
watek sacara dinamis. Biasana watek buleud dipimilik ku tokoh protagonis, lantaran biasana tokoh protagonis salawasna kalibet dina
rupa-rupa masalah hiji carita.
d. Latar