PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
11
Pangajaran tuntas dina prosés pembelajaran berbasis kompeténsi nyaéta pamarekan dina pangajaran anu meredih siswa nyangkem sacara tuntas
sakabéh KD jeung sakabéh indikator.
Prinsip-prinsip utama pembelajaran tuntas, nyaéta: 1 Kompeténsi anu kudu dihontal ku siswa dirumuskeun dina runtuyan anu hirarkis, 2
Penilaian anu digunakeun nyaéta penilaian acuan patokan, sarta unggal- unggal kompeténsi anu kudu dibéré uji balik, 3 Méré pangajaran
rémédial sarta bimbingan anu diperlukeun ku siswa anu tacan ngahontal kritéria ketuntasan minimal KKM, jeung 4 Méré program pangayaan
pikeun siswa anu geus ngahontal katuntasan diajar leuwih awal Géntile Lalley: 2003.
Hasil analisis penilaian pangaweruh jeung kaparigelan téh informasi ngeunaan siswa anu geus ngahontal KKM jeung siswa anu tacan
ngahontal KKM. Pikeun siswa anu tacan ngahontal KKM perlu dilakukeun lajuning laku ku rémédial, sedengkeun pikeun siswa anu geus ngahontal
KKM perlu dilakukeun lajuning laku ku cara dibéré pengayaan Kemdikbud, 2015: 69.
2. Wangenan Program Rémédial
Program rémédial mantuan ka siswa anu ngarandapan bangbaluh diajar atawa kelambatan belajar. Méré program rémédial ngawengku dua
léngkahpoko, kahiji ngadiagnosis bangbaluh diajar, kadua méré rémédial. Téhnik anu digunakeun dina ngadiagnosis bangbaluh diajar diantaranatés
prasarat prasarat pangawéruh, prasarat kaparigélan tés diagnostik, wawancara, pengamatan, jst. Pangajaran rémédial dipungkas ku
penilaian. Program rémédial jeung penilaian dilaksanakeun di luar jam tatap muka.
Wanda-wanda bangbaluh diajar siswa, diantarana ieu di handap. a. Bangbaluh diajar anu sipatna énténg, biasana kapanggih di siswa anu
kurang merhatikeun waktu diajar.
KD
10
12
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
b. Bangbaluh diajar anu sipatna sedeng, biasana kapanggih di siswa anu ngalaman gangguan diajar anu asalna ti luar diri siswa, contona faktor
kulawarga, lingkungan padumukan, cara gaul, jst. c. Kasulitan diajar anu sipatna beurat, kapanggih di siswa anu ngalaman
bangbaluh: fisik, méntal, sosio-émosional, atawa inteléktual. Ieu hal tumiba ka Anak Berkebutuhan Khusus ABK saperti: tunanétra,
tunarungu, tunagrahita, tunadaksa, jeung autis. Tunanétra miboga bangbaluh dina indra panon tetempoan, tunarungu miboga
bangbaluh dina indra ceuli dédéngéan jeung nyarita, tunagrahita miboga bangbaluh dina kamampuh inteléktual anu handap IQ
sahandapeun normal sarta hubungan sosial, tunadaksa miboga bangbaluh dina fisik, sedengkeun autis miboga bangbaluh dina
konséntrasi, interaksi sosial, jeung imajinasi.
Nurutkeun Wijaya 2010:48 atikan jeung program rémédial miboga pungsi pikeun mantuan siswa dina ngaréngsékeun pangajaran.
Dumasar kana éta hal, kurikulum kudu dijieun ditujukeun pikeu kapentingan babarengan comunal jeung kapentingan kasus, sangkan
beban tanggung jawabna leuwih jelas tur puguh tujuan.
Dina program rémédial guru miboga peran salaku terapis. Ku kituna guru kudu miboga pangaweruh ngeunaan psikologi jeung neurologi.
Guru anu icikibung dina kagiatan rémédial kudu mampuh nalungtik kalawan tenget bangbaluh-bangbaluh siswa dina pangajaran basa
Sunda Wijaya, 2010: 48
3. Wangun jeung Prosedur Kerja Program Rémédial