Kagiatan Diajar Latihan Pancén Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 37 4 Mekanisme Mechanisme Ngabiasakeun gerakan-gerakan anu geus diajarkeun nepi ka trampil. 5 Réspon anu Kaciri tur Kompleks Complex Overt Response. Gerakan motoris anu trampil anu dijerona aya gerakan-gerakan anu kompleks. 6 Nyaluyukeun Adaptation Kaparigelan anu diluyukeun jeung kaayaan siatuasi. 7 Nyiptakeun Origination Nyieun pola gerakan anyar anu diluyukeun jeung situasi atawa masalah nu aya.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran matéri ngéunaan Penilaian Berbasis Kelas 3. Diskusi kelompok pikeun migawé latihanpancén. 4. Maca tingkesan matéri, diteruskeun néangan tur maca référénsi nuséjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 5. Tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngéunaan matéri dina kagiatan diajar 3.

E. Latihan Pancén

1. Tuliskeun wangenan penilaian berbasis kelas 2. Jelaskeun mangpaat penilaian berbasis kelas 3. Tuliskeun prinsip-prinsip penilaian berbasis kelas 4. Tuliskeun wangun instrumén penilaian berbasis kelas 5. Tuliskeun wincikan ranah kognitif, aféktif, jeung psikomotor anu jadi objék évaluasi KD 10 38 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016

F. Tingkesan

Penilaian Berbasis Kelas nyaéta penilaian anu dilakukeun ku guru dina raraga prosés pangajaran. Penilaian Berbasis Kelas téh prosés ngumpulkeun jeung ngagunakeun informasi hasil diajar siswa anu dilakukeun ku guru pikeun nangtukeun tingkat kahontalna jeung tingkat kacangkemna tujuan KI, KD, jeung IPK ku siswa. Penilaian Berbasis Kelas mangrupa prinsip, sasaran anu akurat jeung konsistén ngeunaan kompeténsi atawa hasil diajar siswa sarta kamajuan siswa. Mangpaat Pembelajaran Berbasis Kelas: uji balik pikeun siswa , nalingakeun kamajuan jeung ngadiagnosis kamampuh siswa, méré usulan ka guru pikeun ngoméan program pangajaran di kelas, jeung ngamungkinkeun siswa ngahontal kompeténsi anu geus ditangtukeun, sok sanajan lilana diajar unggal-unggal siswa béda-béda. Wangun instrumén penilaian berbasis kelas: 1 penilaian unjuk kerja, 2 penilaian sikap, 3 penilaian produk, 4 penilaian portofolio, jeung 5 penilaian diri. Ranah kognitif, afektif, jeung psikomotor salaku objek evaluasi hasil diajar. Ranah kognitif, ngawengku: pangaweruh Knowledge, pemahaman Comprehension, ngalarapkeun Application, analisis Analysis, sintesis Syntesis, jeung penilaian ngahargaan Evaluation Ranah Afektif ngawengku: narima atawa merhatikeun ReceivingAttending., méré tanggapan Responding, ngahargaan Valuing, ngatur Organization, karakteristik dumasar kana nilai-nilai Characterization by a Value or Value Complex Ranah Psikomotor, ngawengku: persepsi Perception, kasiapan Set, Ngarespon kalawan dipimpin Guided Response, mekanisme Mechanisme, réspon anu Kaciri tur kompleks Complex Overt Response, nyaluyukeun Adaptation, nyiptakeun Origination PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 39

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku