Struktur Organisasi ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN SINOM GURINDA PANGRASA KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB :ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK.

Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Ngadéskripsikeun Al-Maqam nu digambarkeun dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu di handap. 1 Nyebarkeun wacana guguritan tasawuf anu langka keur kapentingan naon waé, misal: pangajaran. 2 Ngeuyeuban hasil ulikan ngeunaan puisi tasawuf. 3 Sabada panalungtikan bisa dijadikeun bahan bacaan umum, bisa jadi sumber pangaweruh, ulikan agama, jeung sumber inspirasi pikeun ngahasilkeun karya-karya nu lianna anu leuwih lega tur leuwih jero.

1.5 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan diébréhkeun ieu di handap. 1 Naskah-naskah Sunda heubeul tacan kaungkab eusina kalawan gembleng. 2 Dina naskah-naskah Sunda heubeul nyangkaruk élmu pangweruh anu mangpaat. 3 Hasil karya Radén Haji Muhamad Syu’eb acan pati ditalungtik nu ngalantarankeun masarakat Sunda tacan loba anu wanoh kana karya- karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. 4 Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana téks naskah dina wangun aksara Pégon. 5 Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana eusi karya Radén Haji Muhamad Syu’eb mun sawates maca hasil transliterasi wungkul.

1.6 Struktur Organisasi

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan sistematika sakumaha ieu di handap. Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bab I Bubuka, mertélakeun perkara kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung struktur organisasi dina nyusun tésis. Bab II Tatapakan Tiori, ngadadarkeun konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun nganalisis pasualan, anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung tiori. Pamikiran anu didadarkeun ngawengku tiori transliterasi naskah, tiori perkara kajian tasawuf, tiori guguritan, tiori struktural, jeung tiori semiotik. Bab III Métodologi Panalungtikan, mertélakeun perkara métode panalungtikan, définisi operasional, sumber data panalungtikan, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung prosedur analisis data. Bab IV Hasil Analisis jeung Pembahasan, midangkeun hasil transliterasi naskah tina aksara Pégon kana aksara Latén, ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan katut pedaranana dumasar kana ulikan tasawuf jeung analisis ngagunakeun tiori struktural jeung hermeneutik dina guguritan Sinom Gurinda Pangrasa karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. Bab V Kacindekan, mertélakeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab IV, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna. 43 Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Dina ieu bab baris dibahas ngeunaan métode panalungtikan. Métode mangrupa sakumpulan tarékah nu baris dilakukeun ku panalungtik dina ngahontal tujuan panalungtikan. Dina ieu métode panalungtikan ngawengku métode panalungtikan, sumber data panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

3.1 Métode Panalungtikan