Watesan Masalah Rumusan Masalah

Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu tasawuf dina guguritan sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb maluruh tahapan adab étika jeung tingkah laku nu digambarkeun ku Radén Haji Muhamad Syu’eb tina hasil pangalamanana. Ulikan ieu dipiharep bisa mawa mangpaat husus keur nu nalungtik, tur pikeun wengkuan nu leuwih lega, nya éta masarakat. Mangpaatna geus tangtu bakal karasa, nya éta nganteurkeun manusa hususna kaum muslimin kana jalan bebeneran, dina ngahontal tujuan utama hirup di dunya nya éta Mardhatillah. Ku kituna, dumasar kasang tukang di luhur, perlu ditalungtik ngeunaan ajaran tasawuf nu nyangkaruk dina guguritan sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb kalawan judul “Ulikan Tasawuf dina Guguritan Sinom Gurinda Pangrasa Karya Radén Haji Muhamad Syu’eb Ulikan Struktural jeung Hermeneutik.”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan pedaran teu lega teuing jeung leuwih nyoko kana objék anu rék dipaluruh, ieu panalungtikan téh diwatesanan. Naskah anu digunakeun salaku sumber data dina ieu panalungtikan mangrupa naskah dina aksara Pégon. Sangkan babari dina maca jeung nganalisis eusi naskah, panalungtik ngalakukeun prosés transliterasi tina aksara Pégon kana aksara Latén. Saréngséna transliterasi, satuluyna dilakukeun kagiatan maluruh téks jeung eusina ku cara ngagunakeun pamarekan struktural jeung hermeneutik. Tina maluruh téks éta bisa katitén hal- hal nu patali jeung Al-Maqam dina istilah tasawuf nu mangrupa tahapan-tahapan étika dina usaha ngahontal tujuan utama tasawuf, nya éta nempatkeun Allah salaku puseur sagala aktivitas kahirupan, jeung ngahadirkeun Anjeunna dina diri manusa salaku usaha ngahontal karidoan-Na. Pamarekan struktural digunakeun pikeun nganalisis unsur-unsur nu ngawangun guguritan saperti guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina tiap pada, jeung watek pupuhna, ogé nganalisis unsur carita anu diwangun ku téma, latar, gaya carita, jeung amanat. Sedengkeun pamarekan hermeneutik digunakeun Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pikeun napsirkeun makna-makna nu hésé dipikahartina sangkan babari dipikaharti.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, dirumuskeun masalah nu jadi pokok panalungtikan dina wangun pertanyaan ieu di handap. 1 Kumaha hasil transliterasi téks naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb tina aksara Pégon kana aksara Latén? 2 Kumaha struktur puisi guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb? 3 Kumaha interprétasi kana eusi nu nyangkaruk dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb? 4 Kumaha Al-Maqam nu digambarkeun dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb?

1.3 Tujuan Panalungtikan