Téhnik Ngumpulkeun Data Instrumén Panalungtikan

Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dina kahirupan RHMS nu méh sarua jeung HHM. Saperti dina ieu naskah guguritan nu ngandung unsur tasawuf, karya-karya HHM ogé teu saeutik nu ngabahas ngeunaan tasawuf.

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu utama digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntasi. Maluruh data tina hasil dokuméntasi mangrupa naskah. Data anu ditalungtik mangrupa kalimah-kalimah dina gundukan pada, nu satuluyna baris dianalisis ngagunakeun péso analisis tiori strukturalisme jeung hermeneutik. Analisis dina naskah gugurit an “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb ieu dilakukeun pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan ajaran tasawuf dina éta naskah. Pikeun ngeuyeuban jeung nguatan kana hasil panalungtikan, baris dilaksanakeun ogé wawancara ka narasumber nu patali jeung bidang tasawuf.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén mangrupa alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku pedoman transliterasi Pégon-Latén Ruhaliah, 2012: 21-25 jeung Palanggeran Éjahan Basa Sunda 2008, sarta ngagunakeun kartu data. Pedoman transliterasi Pégon-Latén jeung Palanggeran Éjahan Basa Sunda digunakeun dina prosés transliterasi naskah tina aksara Pégon kana aksara Latén. Sedengkeun kartu data dina ieu panalungtikan boga fungsi pikeun ngumpulkeun data panalungtikan nu ngawengku analisis struktur jeung eusi téks naskah. Tujuanna ngagunakeun kartu data sangkan ngagampangkeun dina nganalisis data, sarta gampang nyieun kacindekanna. Kartu data nu digunakeun dina ieu panalungtikan katitén saperti gambar ieu di handap. Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1 Kartu Data Katerangan: No. Pada : nomer pada dina naskah hasil transliterasi Kaca : kaca dina naskah asli jeung hasil transliterasi GG, GW, GL : guru gatra, guru wilangan, guru lagu

3.5 Téhnik Ngolah Data