Dwi Alia, 2013 Ulikan  Tasawuf  Dina  Guguritan
“Sinom  Gurinda  Pangrasa”  Karya  Raden  Haji  Muhamad  Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
3.2 Sumber Data Panalungtikan
Nu  jadi  sumber  data  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta  naskah  guguritan wangun pupuh sinom
nu ku panalungtik dibéré judul “Sinom Gurinda Pangrasa” kalawan  tinimbangan  tina  ayana  kecap  tembang  gurinda  pangrasa  dina  jero  éta
guguritan  pada  ka-1  padalisan  ka-1.  Sacara  teu  langsung  pangarang  geus némbongkeun  judul  atawa  gurat  badagna  eusi  ieu  guguritan,  sanajan  teu  ditulis
kalawan  écés  dina  cover  atawa  awal  tulisanana.  Judul  ieu  digunakeun  lantaran eusi  naskah  ngébréhkeun  hal-hal  anu  mangrupa  pangalaman  pangarang  dina
ngasah batinna pikeun ngahontal Ma’rifatullah.
Ieu  naskah  téh  mangrupa  bagian  tina  naskah  kumpulan  guguritan  karya Radén Haji Muhamad S
yu’eb, nu lobana 186 kaca. Nu baris ditalungtik nya éta 19 kaca, ti mimiti kaca 4 nepi ka kaca 22. Ieu guguritan nu jadi bahan panalungtikan
lobana  145  pada.  Aksara  dina  naskahna  nya  éta  aksara  Pégon,  jeung  basa  anu digunakeun dina naskah nya éta basa Sunda.
Nu  nulis  ieu  naskah  nya  éta Radén  Haji  Muhamad  Syu’eb  RHMS  anu
kawéntar  ku  jenengan  Kalipah  Apo.  Teu  kapaluruh  sumber  nu  ngaguar  jero ngeunaan biografi
Radén Haji Muhamad Syu’eb atawa Kalipah Apo. Panalungtik ngan  bisa  ngararaba  jeung  niténan  tina  eusi  naskah  nu  baris  diguar.  Tina
katerangan gelar Kalipah téh harita mangrupa gelar pikeun wakil panghulu. Mun nilik  kana  eusi  naskah  dina  pada  141,  katitén  yén  nu  nulis  atawa  pangarang
nuturkeun tapak rasa juragan nya éta pangulu.  Lamun nilik kana éta katerangan, pangulu  nu dituju  nya éta Haji Hasan Mustafa HHM. Sakumaha nu geus pada
apal,  yén  HHM  téh  saurang  pangarang  guguritan  nu  pangkawéntarna  di  Sunda. Réwuan  karya  geus  dihasilkeun  ku  anjeunna.  Ditilik  tina  hal  éta,  Kalipah  Apo
salaku  wakil  ti  pangulu,  nya  puguh  lamun  kahirupanana  loba  dipangaruhan  ku HHM,  lantaran  sapopoé  babarengan  atawa  ngayakeun  komunikasi  dina
beungkeutan  ngurus  pamaréntahan.  Jadi,  kaharti  lamun  pola  pikir,  ogé  hal-hal Kacindekan
Dwi Alia, 2013 Ulikan  Tasawuf  Dina  Guguritan
“Sinom  Gurinda  Pangrasa”  Karya  Raden  Haji  Muhamad  Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
dina  kahirupan  RHMS  nu  méh  sarua  jeung  HHM.  Saperti  dina  ieu  naskah guguritan  nu  ngandung  unsur  tasawuf,  karya-karya  HHM  ogé  teu  saeutik  nu
ngabahas ngeunaan tasawuf.
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data