Tujuan Panalungtikan Mangpaat Panalungtikan Anggapan Dasar

Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pikeun napsirkeun makna-makna nu hésé dipikahartina sangkan babari dipikaharti.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, dirumuskeun masalah nu jadi pokok panalungtikan dina wangun pertanyaan ieu di handap. 1 Kumaha hasil transliterasi téks naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb tina aksara Pégon kana aksara Latén? 2 Kumaha struktur puisi guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb? 3 Kumaha interprétasi kana eusi nu nyangkaruk dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb? 4 Kumaha Al-Maqam nu digambarkeun dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun ngeuyeuban jeung ngamekarkeun pangaweruh ngeunaan titinggal budaya Sunda. Disagigireun éta, sabada diayakeun ieu panalungtikan, bisa dijadikeun sumber bacaan pikeun masarakat Sunda. Dumasar kana éta hal, baris dilakukeun panalungtikan anu miboga tujuan saperti ieu di handap. 1 Midangkeun hasil transliterasi téks naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb tina aksara Pégon kana aksara Latén; 2 Ngadéskripsikeun struktur puisi guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb; 3 Ngadéskripsikeun ma’na nu nyangkaruk dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb; Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Ngadéskripsikeun Al-Maqam nu digambarkeun dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu di handap. 1 Nyebarkeun wacana guguritan tasawuf anu langka keur kapentingan naon waé, misal: pangajaran. 2 Ngeuyeuban hasil ulikan ngeunaan puisi tasawuf. 3 Sabada panalungtikan bisa dijadikeun bahan bacaan umum, bisa jadi sumber pangaweruh, ulikan agama, jeung sumber inspirasi pikeun ngahasilkeun karya-karya nu lianna anu leuwih lega tur leuwih jero.

1.5 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan diébréhkeun ieu di handap. 1 Naskah-naskah Sunda heubeul tacan kaungkab eusina kalawan gembleng. 2 Dina naskah-naskah Sunda heubeul nyangkaruk élmu pangweruh anu mangpaat. 3 Hasil karya Radén Haji Muhamad Syu’eb acan pati ditalungtik nu ngalantarankeun masarakat Sunda tacan loba anu wanoh kana karya- karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. 4 Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana téks naskah dina wangun aksara Pégon. 5 Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana eusi karya Radén Haji Muhamad Syu’eb mun sawates maca hasil transliterasi wungkul.

1.6 Struktur Organisasi