Métode Panalungtikan ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN SINOM GURINDA PANGRASA KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB :ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK.

43 Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Dina ieu bab baris dibahas ngeunaan métode panalungtikan. Métode mangrupa sakumpulan tarékah nu baris dilakukeun ku panalungtik dina ngahontal tujuan panalungtikan. Dina ieu métode panalungtikan ngawengku métode panalungtikan, sumber data panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa bagian penting dina kagiatan panalungtikan, mangrupa tarékah pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu hal dilakukeun pikeun ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun ayana ajaran tasawuf dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. Galur prosés panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku transliterasi naskah tina aksara Pégon kana aksara Latén, studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, analisis data, jeung satuluyna hasilna dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Transliterasi téks naskah dilakukeun kalawan tujuan sangkan téks naskah leuwih gampang kabacana. Naskah anu baris ditalungtik téh ditulisna ku aksara Pégon nu sakuduna ditransliterasi alih aksara heula kana aksara Latén sangkan ngababarikeun dina maca katut nganalisisna. Studi pustaka dilakukeun pikeun maluruh rupa-rupa référénsi atawa sumber nu patali jeung ieu panalungtikan, boh tina buku, internét, atawa média lianna. Saenggeus prosés alih aksara, dilakukeun prosés ngimeutan jeung ngoréksi kamungkinan ayana kasalahan-kasalahan dina éta naskah, nu diluyukeun jeung pedoman transliterasi tina aksara Pégon kana aksara Latén Ruhaliah katut Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pedoman éjahan basa Sunda Palanggeran. Réngsé transliterasi jeung maluruh rupa-rupa référénsi dilakukeun prosés maluruh data kalawan ngagunakan tiori analisis struktur jeung hermeneutik dina naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb, pikeun meunangkeun data nu patali jeung Al-Maqam dina kajian tasawuf. Réngsé dipaluruh, éta data diidéntifikasi, diwilah-wilah jeung diimeutan diluyukeun jeung nu jadi tujuan panalungtikan. Prosés satuluyna nya éta nganalisis data luyu jeung tiori nu dipaké tatapakan dina ieu panalungtikan. Nu pamungkas nya éta ngalaporkeun hasil panalungtikan kajian tasawuf dina naskah guguritan sinom gurinda pangrasa karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. Bagan 3.1 Galur Panalungtikan Ngolah Data Déskripsi data: Hasil transliterasi; struktural; hermeneutik; Al-Maqam Nulis Laporan Tujuan Panalungtikan: a. Midangkeun hasil transliterasi naskah guguritan SGP tina aksara Pégon kana aksara Latén; b. Ngadéskripsikeun struktur puisi guguritan SGP; c. Ngadéskripsikeun hermeneutik nu nyangkaruk dina guguritan SGP; d. Ngadéskripsikeun Al-Maqam anu digambarkeun dina guguritan SGP. Ulikan Tiori: a. Tiori Transliterasi Naskah; b. Tiori Sastra: Pamarekan Struktural jeung Hermeneutik; c. Kajian Tasawuf ngeunaan Al-Maqam. Data: Guguritan Sinom Gurinda Pangrasa karya Radén Haji Muhamad Syu’eb Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Sumber Data Panalungtikan