Kasang Tukang Panalungtikan ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN SINOM GURINDA PANGRASA KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB :ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK.

1 Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

Sastra Sunda téh salah sahiji sastra daérah anu aya di Indonésia, sarta mangrupa maniféstasi kabeungharan batin masarakat Sunda. Kamekaranana natrat ti bihari nepi ka kiwari. Upama disusud asal-muasalna, istilah kecap anu aya patalina jeung sastra, jolna téh tina dapuran kecap-kecap anu ilaharna dipaké ku urang kulon. Tamsyah 1999: 219 nétélakeun yén kecap sastra asalna tina basa Sangsekerta, anu hartina buku pangajaran, élmu pangaweruh, naskah, buku-buku suci. Kiwari éta harti kecap téh jadi ngaheureutan. Anu kiwari disebut sastra téh nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan. Basa dina karya sastra dipaké alat pikeun ngahontal ajén-ajén éstétis kaéndahan seni. Carana bisa rupa-rupa, kecap-kecap téh bisa dirakit mangrupa purwakanti, gaya basa, pakeman basa, dicokot harti injeumanana, jeung sajabana. Sanajan basa mangrupa alat utamana, tangtu baé aya hal séjén anu ngalantarankeun dipakéna éta alat dina karya sastra, nya éta eusina anu jadi inti karya sastra. Ari eusi karya sastra ngawengku rupa-rupa masalah kahirupan manusa. Reeves dina Koswara 2003: 104 nétélakeun yén hakékat sastra téh mangrupa fakta kahirupan. Sastra dianggap mangrupa kacamata hasil kabudayaan mangsa kaliwat anu ngawengku adat kabisaan, ajén-ajén, jeung kapercayaan anu turun-tumurun dipaké ku masarakat dina kurun waktu anu tangtu. Sastra mangrupa eunteung kahirupan manusa dina hiji mangsa, nu méré gambaran kahirupan alam harita, boh pribadina boh masarakatna. Dina karya sastra nyangkaruk rupa-rupa hal anu patali jeung kahirupan manusa di alam dunya. Pangalaman lahiriah jeung pangalaman batiniah manusa bisa kagambar jeung kaguar dina sastra. Tina sastra bisa katiténan hal-hal nu karandapan ku manusa dina hiji mangsa, sanajan henteu écés tapi kagambar alur pamikiran sastrawan. Éta pamikiran téh mangrupa gambaran tina pribadi jeung Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu masarakat sabudeureunana. Pangalaman bagja jeung cilaka, bungah jeung sedihna hiji jalma bisa disalusur diantarana tina karya sastra, nu ngajadikeun basa salaku média pikeun nepikeunana. Salasahiji titinggal budaya anu mangrupa hasil karya sastra téh nya éta naskah. Nurutkeun Iskandarwassid 2003: 90, anu dimaksud naskah dina ulikan sastra nya éta wacana téks hasil tulisan leungeun, biasana dibeundeul atawa dibukukeun lain hasil citak; atawa buku anu eusina wacana dina tulisan leungeun. Naskah ogé mangrupa dokumén tinulis hiji sélér bangsa, nu ngandung ajén-ajén budaya mangsa katukang nu jumlahna sakitu lobana di Nusantara. Naskah téh ngandung kabeungharan informasi. Eusina teu kawatesanan kana kasusastraan tapi ngawengku widang séjén saperti kabudayaan, agama, sajarah, ékonomi, sosial, jeung politik. Ku kituna ayana naskah kacida pentingna dina kahirupan kabudayaan ogé pikeun ngajembaran wawasan masarakat. Nu kaasup kana naskah anu eusina sagemblengna sastra di antarana wawacan, jeung guguritan. Nurutkeun Tamsyah 1996: 59 guguritan nya éta karangan wangun ugeran puisi anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh lamun dibandingkeun jeung wawacan anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Dina guguritan ilaharna tara gunta-ganti pupuh, eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti “Asmarandana Lahir Batin” beunang R.A. Bratadiwijaya, “Kinanti Jung Indung Turun” beunang Haji Hasan Mustafa, atawa “Dangdanggula Laut Kidul” beunang Kalipah Apo. Guguritan ayana mimiti abad ka-19. Nurutkeun para ahli, guguritan téh mangrupa pangaruh tina sastra Jawa. Asupna guguritan dina mangsa Tatar Sunda kaeréh ku Mataram. Asupna mareng jeung karya sastra winangun pupuh séjénna nya éta wawacan. Sanajan kitu, dina hiji mangsa mah guguritan téh kungsi jadi karya sastra anu kacida populérna di tatar Sunda. Ti mimiti serat-sinerat nepi ka laporan ngeunaan hiji kajadian, ditulis dina wangun guguritan. Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Eusi tina guguritan bisa rupa-rupa hal anu patali jeung kahirupan pangarangna, boh sacara lahiriah boh batiniahna. Manusa ti mimiti lahir geus dibekelan ku Allah SWT rupa-rupa sipat atawa tabiat salaku panglengkep pikeun ngajalankeun pancén hirupna di alam dunya, nya éta ibadah ka Allah SWT. Salasahiji sipat penting manusa nu dianugrahkeun ku Gusti nya éta rasa hayang mikanyaho kana rupa-rupa hal. Rasa hayang nyaho ieu nu méré pituduh ka manusa dina néangan bebeneran ngaliwatan rupa-rupa cara atawa pamarekan, boh ngaliwatan haté boh ngaliwatan akal. Manusa salaku mahluk nu dianugrahan poténsi ku Allah SWT mangrupa haté jeung akal, geus sakuduna ngamangpaatkeun jeung ngaoptimalkeun éta poténsi. Sastra mangrupa salasahiji hasil tina poténsi manusa anu bisa jadi jalan pikeun manusa néang karidhoan Manten-Na. Geus jadi kawajiban yén haté jeung akal manusa kudu digiring jeung dimangpaatkeun kana hal-hal anu alus pikeun nyumponan pancén salaku hamba Allah. Haté jeung akal, duanana mangrupa anugrah anu silih rojong pikeun nyaimbangkeun konsép bebeneran nu salawasna ngalaman dinamika saluyu jeung kamajuan cara mikir ma nusa Rif’i jeung Mud’is, 2010: 9. Pangalaman haté batiniah nu karandapan ku hiji manusa dina néangan bebeneran, bisa jadi hal anu ngirut ati pikeun bahan tuliskeuneun nu baris jadi karya fenomenal di masarakat. Pangalaman batiniah ieu bisa jadi tuladan pikeun jalma lian nu maca jeung neuleuman éta karya. Karya sastra nu sarat ku pangalaman batiniah dina néangan bebeneran éta kacida diperlukeunana dina jaman kiwari, pikeun nguatan jeung jadi filter dina nyanghareupan dunya globalisasi nu pinuh ku gogoda duniawi. Gogoda duniawi nu kiwari beuki ngalayah di tengah-tengah kahirupan manusa, anu nyasarkeun jalan dina ngahontal karidoan Manten-Na. Gogoda ti papada jalma saperti jalma-jalma anu ngajak kana kamasiatan, jalma-jalma anu ngagoda hawa napsu ku rupa-rupa cara, anu baris ngajauhkeun manusa tina jalan anu bener. Salian ti éta, gogoda tina barang-barang nu aya di sabudeureun manusa saperti tivi, hp, jeung internét anu sakapeung matak mopohokeun kana kawajiban Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ka Gusti Nu Maha Suci. Hal-hal éta geus sakuduna disingkahan ku manusa utamana kaum muslimin, pikeun bisa ngahontal cita-cita mulya nya éta Mardhatillah . Salasahiji tarékah dina nyingkahan éta hal nya éta ngaliwatan neuleuman pangalaman haté batiniah hiji jalma dina néangan bebeneran nu sumberna ti Allah SWT, nu satuluyna bisa diterapkeun ku diri sorangan dina kahirupan sapopoé. Eusi naskah guguritan saenyana geus loba disalusur jeung diguar laratanana, tapi nepi ka kiwari masih langka naskah nu diguar ngeunaan pangalaman batin pangarangna, nu ilahar jadi ulikan élmu tasawuf. Pangarang Sunda nu paling kawéntar nulis guguritan nu eusina ngaguar tasawuf nya éta Haji Hasan Mustapa. Karya-karya Haji Hasan Mustapa geus dikumpulkeun salasahijina dina wangun buku ku Ajip Rosidi 1989. Ulikan kana karya Haji Hasan Mustapa kiwari geus beuki dipikaresep, di antarana ayana tésis nu ditulis ku N. Astrini kalawan judul “Ajén Agama Guguritan Haji Hasan Mustapa,” jeung skripsi Imam Gozali kalawan judul “Pemikiran Haji Hasan Mustapa dalam Bidang Tasawuf.” Ulikan kana naskah guguritan nu eusina ngandung ajaran tasawuf salian ti karangan Haji Hasan Mustapa masih can loba dilakukeun, ku kituna sakuduna dilakukeun ulikan kana naskah guguritan ti pangarang nu lianna. Salasahji karya guguritan nu eusina sarat ku pangalaman batin pangarangna dina néangan bebeneran nya éta guguritan dina wangun pupuh sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. Dina ieu naskah guguritan katitén gambaran palaku nya éta pangarang sorangan, nu hayang ngahontal tujuan ahir hirup nu sampurna, nya éta salawasna deukeut jeung Pangéranana Allah SWT. Naskah ieu mangrupa naskah dina aksara Pégon, nu perlu ditransliterasi heula kana aksara Latén sangkan babari dina prosés maca katut nganalisis éta naskah. Tina hasil transliterasi katut maca kalawan gemet éta naskah guguritan karya Radén Haji Muhamad Syu’eb, katitén perlu ayana analisis anu leuwih teleb kana éta naskah. Naskah guguritan ieu perlu ditalungtik maké péso analisis sacara struktural jeung hermeneutik sangkan kapanggih rupa-rupa hal anu nyangkaruk dina jero éta naskah. Analisis struktur formal puisi guguritan anu geus kapatok ku katangtuan Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pupuh saperti jumlah padalisan tiap pada, guru lagu, guru wilangan, jeung watek. Salian ti struktur formal ogé, struktur naratifna saperti téma, latar tempat, latar waktu, gaya basa, jeung amanat. Tina segi hermeneutik disalusur makna nu nyamuni disatukangeun basa sangkan kacangking eusina tina éta guguritan. Analisis struktur jeung hermeneutik nu dilakukeun baris nganteurkeun kana hal-hal naon waé nu nyangkaruk dina éta naskah. Salasahiji hal anu dipaluruh nya éta kajian tasawuf nu aya dina éta naskah. Tina sisi kajian tasawuf nu mangrupa kajian ngeunaan cara jeung jalan nu dilakukeun hiji muslim pikeun salawasna deukeut jeung Allah Pangéranana. Tasawuf patali jeung kahadéan, kasucian haté tina godaan hawa napsu, megatkeun katergantunganana kana kahirupan material nu bisa ngaganggu hubunganana jeung Pangéran, hirup dina kazuhudan, sarta neuleuman kahirupan dina ibadah sangkan leuwih deukeut jeung bebeneran nu sajati nya éta Allah SWT. Tasawuf dina dasarna museur kana kahirupan rohaniah, ngadeukeutkeun diri ka Pangéran ngaliwatan rupa-rupa kagiatan karohanian saperti ngabersihkeun haté, dzikir, ibadah lianna, sarta ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT. Jalma-jalma nu neuleuman tasawuf henteu nunda perhatian nu gedé kana kahirupan duniawi, bahkan megatkeun hubungan jeung hal éta. Nurutkeun Rif’i jeung Mud’is 2010: 47, tasawuf didominasi ku ajaran-ajaran saperti khauf jeung raja ’, at-taubah, al-zuhd, at-tawakal, asy-syukr, ar-ridha, jeung nu lianna, nu tujuan ahirna fana atawa leungit idéntitas diri dina kekekalan baqa Pangéran dina ngahontal ma’rifat mikawanohna haté nu jero ka Pangéran. Konsép tasawuf téh sumberna tina Al- Qur’an jeung As-Sunnah nu mangrupa pedoman utama kahirupan umat Islam. Salaku umat Islam, geus sakuduna ngaji jeung nalungtik hal-hal nu patali jeung kaislaman, utamana nu baris nambahan kayakinan jeung kacintaan urang ka Gusti Allah. Ulikan tasawuf mangrupa salasahiji tarékah pikeun umat muslim dina ngawangun ihsan, aspék katilu saenggeus iman jeung Islam. Dina ajaran tasawuf dipikawanoh istilah Al-Maqam atawa jam’ana Al- maqamat , nya éta tahapan adab étika ka Anjeunna ku rupa-rupa cara jeung tingkah laku pelatihan pikeun hiji tujuan nya éta néangan bebeneran sajati. Ulikan Dwi Alia, 2013 Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb Analisis Struktural Jeung Hermeneutik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu tasawuf dina guguritan sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb maluruh tahapan adab étika jeung tingkah laku nu digambarkeun ku Radén Haji Muhamad Syu’eb tina hasil pangalamanana. Ulikan ieu dipiharep bisa mawa mangpaat husus keur nu nalungtik, tur pikeun wengkuan nu leuwih lega, nya éta masarakat. Mangpaatna geus tangtu bakal karasa, nya éta nganteurkeun manusa hususna kaum muslimin kana jalan bebeneran, dina ngahontal tujuan utama hirup di dunya nya éta Mardhatillah. Ku kituna, dumasar kasang tukang di luhur, perlu ditalungtik ngeunaan ajaran tasawuf nu nyangkaruk dina guguritan sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb kalawan judul “Ulikan Tasawuf dina Guguritan Sinom Gurinda Pangrasa Karya Radén Haji Muhamad Syu’eb Ulikan Struktural jeung Hermeneutik.”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah