Lembaran Tés Lisan

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ditétélakeun ieu di handap. a Téhnik Tes Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan mangrupa tés lisan, dina harti siswa dititah ngadongéng di hareupeun siswa séjén. Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data hasil ngadongéng siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. Dina ieu panalungtikan, dilakukeun dua kali tés, nya éta pretés jeung postés. Pretés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa saméméh ngagunakeun métode Démonstrasi. Sedengkeun postés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. b Téhnik Observasi Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di jero kelas. Anu jadi observer dina ieu panalungtikan nya éta guru mata pelajaran basa Sunda di Sakola.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat nu kacida diperlukeunana, lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén nu digunakeun. Dina ieu panalungtikan, salian ti ngaggunakeun paréntah anu mangrupa tés ngadongéng pikeun maluruh hasil ngadongéng siswa, dilakukeun ogé téhnik observasi langsung ka kelas nalika prosés pangajaran lumangsung.

3.4.1 Lembaran Tés Lisan

Tés lisan mangrupa cara nu digunakeun sangkan siswa ngadongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak di hareupeun siswa séjén. Hal ieu miboga maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng. Ieu di handap mangrupa téks dongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak anu baris didongéngkeun ku siswa. Sasakala Biruang Jadi Sato Galak Sampurasun... Di dieu simkuring seja ngadongéng anu judulna téh sasakala Kunaon Biruang Jadi Sato Galak, padahal baheula mah biruang atawa ontohod téh béjana bageur, malah sok daék tutulung ka jelema. Kieu yeuh caritana téh. Kacaritakeun aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok ditungguan ku biruang, malah patani jangji ka biruang yén engké lamun waktuna panén biruang bakal diburuhan hasil panénna. Atuh soson-soson pisan biruang ngajaga sawah patani téh. Dina hiji peuting, basa biruang keur nungguan sawah patani, na ari bring téh riab beurit nyampeurkeun ka éta sawah patani, heg bari disa rada “cuit cuit cuit cit cit cit”, duka lapar duka kunaon éta beurit matak disarada téh, nu puguh mah éta beurit téh nyieun peta nu matak pikasebeleun sakadang biruang. Biruang nyahoeun yén éta beurit bakal ngaruksak sawah patani, tuluy biruang téh nyampeurkeun ka tempat nu loba beurit téa. Keteyep..keteyep..keteyep.. “Horda....huhahahahhhaha..huhhahahhaa...hag siah beunang manéh téh beurit, arék naon siah maranéh datang kadieu, nyaho aing gé manéh téh tukang ngaruksak, halig siah manéh téh nyingkah kaditu ” ceuk biruang sumanget ngagebahan éta beurit. Atuh beurit téh lalumpatan da puguh sieuneun nempo awak biruang nu sakitu gedéna. Geus beurit arindit mah gék deui biruang téh diuk bari ngahenang-ngahening bari hahariringan. Pupuh Balakbak Kuring si ontohod nunggu pelak pare..nu hadé Bisi diganggu ku si beurit jeung si bagong..tuh paré Mun teu kitu mun teu kitu kuring moal bisa hasil..tatanén Tah teu kungsi lila sakadang biruang ngahariring, jol bagong datang bari sesegrok “ngoook..grok..ngok grok”. Sakadang biruang ngoréjat cengkat, tuluy manéhna ngareureuwas bagong bari keprok “Hoyah rék naon siah silaing kadieu, nya teu apal kuring keur ngahariring, na ari sia kalah datang ngaganggu aing, hu s..hus.. nyingkah siah kaditu” Ngadénge sora biruang kitu, bagong ngabecir. Pok deui biruang ngomong “Hag siah, saha deui nu wani datang kadieu, moal sieun siah kaula mah, keur patani kami ikhlas ngorbankeun tanaga kami, sabab rék diburuhan paré kaula téh rék diburuhan ,huhhahahahhaha..huhahaha..kuring bakal meuna ng paré loba euy huhahahhaa....’ Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru juru tani ngangkut paré ka lemburna, dibunikeun di imahna, di sawahna mah teu ditinggalkeun saranggeuy- saranggeuy acan, malah biruang datang ka sawah kacida kagéteunana nénjo paré ngan kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh nepungan juru tani ék nanyakeun paré bagéanana. Basa biruang nanyakeun ka juru tani, ku juru tani dijawab, yén bagian biruang mah nu handapna, ari bagian nu luhurna mah da geus puguh béak didahar ku manéhna jeung anak pamajikanna. Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah, tangtu kaula gé moal daék mangjagakeun paré ti peuting, nepi ka taya nu wanieun ngaganggu. Bagong jeung beurit taya nu wani ngulampreng ka sawah da sieuneun ku kaula.” Ku juru tani diwalon, “Menta dihampura baé atuh Sakadang Biruang, kuring henteu bisa méré paré ayeuna, sabab geus béak. Taun hareup pangjagakeun deui, moal diburuhan ku jarami, keun kuring bagéan handapna, ari bagéan luhurna mah top baé kabéh keur sampéan”. “Hadé baé ari kitu mah, tapi ulah cidra nya” ceuk biruang téh. Geus kitu mah tulu baé biruang téh balik deui, asup ka leuweung. Kacaritakeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli lain paré. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruan téh ngajagana. Barang kumelina geus kolot, juru tani sanak-pamajikanana, malah mah mawa tatanggana, gesat-gesut ngagarali kumeli tuluy diwadahan kana bongsang meunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib geus teu aya satangkal-tangkal acan kumeli nu nangtung kénéh, beutina geus diaralaan kabéh, sarta tuluy diringkid ka lembur. Basa biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan tangkal jeung daunna wungkul patumpuk-tumpuk. Kakara manéhna ngarti, yén kumeli mah nu ngeunahna téh bagéan handapna, nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka imahna. Ayeuna biruang yakin, yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu beunang dipisobat. Manéhna ngomong di jero haténa, “Aing sumpah nepi ka turun temurun rék jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung, rék sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu.” Tah ti harita nepi ka kiwari, biruang téh jadi sato galak, henteu beunang diheureuyan ku jelema, kuku jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida bedasna. Cag ah... Dina ieu panalungtikan ngaggunakeun instrumén nu mangrupa format meunteun ngadongéng siswa saperti ieu di handap. Tabel 3.2 Kisi-kisi kritéria anu diajén No Sasaran Aspék 1. Basa  Lafal  Lentong 2. Eusi  Pamahaman Eusi  Sistematika Eusi 3. TéhnikGaya  Réngkak jeung Peta  Kaparigelan Ngagunakeun Alat Peraga Tabel 3.3 Format Meunteun Wasta : Kelas : Sasaran Aspek Skala Nilai Skor 1 2 3 4 5 Basa Lafal lentong tekenan, wirahma, randegan Eusi pamahaman eusi sistematika eusi Tehnik gaya réngkak jeung peta kaparigelan ngagunakeun alat peraga Jumlah Katerangan: Skor total keur tés nyarita dongéng nya éta 30. Skor éta hasil tina 6 x 5. Angka 6 ngagambarkeun jumlah aspék nu dinilai, sedengkeun 5 tina nilai idéal ti unggal aspék. Déskripsi kritéria aspék-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijieun sangkan proses ngajén unggal aspék-aspék dina ngadongéng bisa dilaksanakeun kalayan taliti jeung objéktif. Ieu di handap déskripsi kritéria aspék kamampuh ngadongéng nu aya dina format penilaian kamampuh siswa ngadongéng. 1. Lafal 5 = Lafal unggal sora basa bersih, jelas, euweuh kasalahan sampurna. 4 = Euweuh kasalahan, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal. 2 = Kasalahan dina lafal rada sering. 1= Loba kasalahan 2. Lentong tekenan, wirahma, randegan 5 = Lentong tekenan, wirahma, jeung randeganna sampurna. 4 = Lentongna alus, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik lentong nu kurang merenah 2 = Lentong nu teu merenahna rada sering. 1= Loba lentong nu teu merenah. 3. Pamahaman eusi 5 = Maham pisan kana eusi dongéng, luyu jeung dongéngna sampurna. 4 = Maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik bagéan nu rada teu paham. 2 = Kurang paham kana eusi dongéng. 1= Teu paham kana eusi dongéng. 4. Sistematika eusi 5 = Runtuyan eusi ngaguluyur ti mimiti nepi ka tungtung sampurna. 4 = Eusi ngagguluyur ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya runtuyan nu rada teu nyambung ngacak. 2 = Rada loba runtuyan nu ngacak. 1= Runtuyan carita dongéng pabaliut. 5. Réngkak jeung peta 5 = Réngkak jeung peta alus pisan tur teu kaleuleuwihi. 4 = Réngkak jeung peta teu kaleuleuwihi. 3 = Aya saeutik réngkak jeung peta nu teu merenah. 2 = Réngkak jeung peta rada sering teu merenah. 1= Loba réngkak jeung peta nu teu merenah. 6. Ngagunakeun Alat Peraga 5= Ngagunakeun alat peraga merenah, alus, tur kréatif 4=Ngagunakeun alat peraga alus, kréatif tapi kurang merenah 3=Aya saeutik dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah 2=Ngagunakeun alat peraga rada sering teu merenah 1=Loba pisan dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah Skor Anu Kahontal Skor Ahir Nilai = -------------------------- x Skor Idéal 100 = Skor Total

3.4.2 Obsérvasi