Kasang Tukang Masalah MÉTODE DÉMONSTRASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NGADONGÉNG.

Rosi Gasanti Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Salasahiji folklor nu nyampak dina kahirupan masarakat Sunda nya éta carita rayat atawa dongéng. Hal ieu luyu jeung pamadegan James Danandjaja 1994:56 nu nétélakeun yén “Folklor adalah sebagian kebudayaan suatu kolektif yang tersebar dan diwariskan turun-temurun, di antara kolektif macam apa saja, secara tradisional dalam versi yang berbéda, baik dalam bentuk lisan maupun contoh yang disertai dengan gerak isyarat atau alat bantu pengingat .” Dongéng kaasup kana carita pondok koléktif dina kasusastraan lisan, jeung mangrupa carita prosa rayat nu caritana dianggap euweuh kajadianana fiktif. Hal ieu luyu jeung pamanggih Iskandarwassid 1992: 32 nu nétélakeun yén dongéng téh diwariskeunana sacara turun temurun jeung sumebarna sacara lisan. Lantaran gelarna sacara lisan atawa tatalépa, ilaharna dongéng sumebarna henteu sarua ti unggal daérah. Umumna dongéng caritana parondok. Kajadianana sakapeung sok pamohalan. Tokoh-tokohna, jalan caritana, jeung latarna sakapeung mah hésé ditarima ku akal. Dongéng mangrupa salasahiji matéri pangajaran basa Sunda nu geus aya dina kurikulumna sarta kudu ditepikeun luyu jeung SKKD Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar. Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Mata Pelajaran basa Sunda disusun dumasar Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003 ngeunaan ngamumulé basa, sastra, jeung aksara daérah nu netepkeun basa Sunda mangrupa salasahiji mata pelajaran nu diajarkeun di lembaga pendidikan di Jawa Barat. Dina hal kamekaran pangajaran basa Sunda, KTSP Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan mangrupa salasahiji pedoman pikeun ningkatkeun pangajaran basa Sunda sangkan leuwih interaktif sarta mampu mekarkeun kompeténsi dasar jeung indikator pangajaran luyu jeung standar kompetensina dina ngahontal katuntasan diajar anu maksimal. Hal ieu luyu jeung tujuan pangajaran basa Sunda di SMA nurutkeun KTSP 2006:24 nya éta: “Murid mampu menikmati dan memanfaatkan karya sastra Sunda untuk meningkatkan pengetahuan dan kemampuan berbahasa Sunda, mengembangkan kepribadian, dan memperluas wawasan kehidupan.” Luyu jeung anu geus dijéntrékeun dina SKKD SMA kelas X dina aspék nyarita, ditétélakeun dina kompetensi dasarna nya éta ngeunaan ngadongéng. Dumasar kana panalungtikan anu geus dipaluruh, kiwari loba siswa SMA nu kamampuh ngadongéngna masih kénéh handap. Ieu hal bisa kajadian lantaran siswa teu miboga élmu pangaweruh nu jembar ngeunaan ngadongéng. Salasahiji tarékah pikeun ngungkulan pasualan saperti kitu nya éta ku cara ngagunakeun métode pangajaran nu bisa ngadeudeul pangaweruh siswa sangkan mampuh ngadongéng kalawan hadé. Métode pangajaran anu baris ditepikeun ka siswa kudu leuwih unggul, luyu jeung kamekaran élmu pangaweruh jeung téhnologi. Dina ieu panalungtikan, panalungtik baris nerapkeun métode Demonstrasi nu dipiharep bisa nyugemakeun siswa. Métode Demonstrasi mangrupa salasahiji métode pangajaran nu digunakeun ku guru kalawan ngadémonstrasikeun matéri pangajaran sacara aktif jeung kréatif sarta dirojong ku kaparigelan dina ngagunakeun alat peraga. Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul, tapi engkéna mampuh ngadémonstrasikeun deui matéri pangajaran kalawan ngalaksanakeun prakték-prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina ngagunakeun alat peraga. Ku sabab kitu, dina prak-prakanana ieu métode kudu dirojong ku alat peraga nu aya patalina jeung aspék ngadongéng. Hasil panalungtikan séjén anu maluruh kaéféktifan métode Démonstrasi nya éta dina ngaronjatkeun kamampuh siswa ngalaksanakeun prakték solat dina mata pelajaran agama Islam di SD Al-Azhar 2 Bandar Lampung nu meunangkeun hasil anu alus. Sedengkeun dina ieu panalungtikan, baris ngagunakeun metode Démonstrasi dina pangajaran ngadongéng nu bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongéng kalawan parigel ngagunakeun alat peraga, jeung bisa leuwih museurkeun paniténna nalika narima matéri. Luyu jeung pamadegan jeung pasualan-pasualan nu geus dijéntrékeun di luhur, ku kituna panalungtikan ngeunaan Métode Démonstrasi pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa dina Ngadongéng perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah