Wangenan Operasional Variabel jeung Wangenan Operasional .1 Variabel

O2 : postést X : pangajaran dongéng ngagunakeun métode Démonstrasi Sugiyono, 2006: 116. X nya éta ngalaksanakeun pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode Démonstrasi, sedengkeun O1 nya éta pretést jeung O2 nya éta postést atawa observasi anu dilaksanakeun sabada X lumangsung. Pangaruh X bisa dipikanyaho kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol. 3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.2.1 Variabel Dumasar kana pamadegan Arikunto 2002:96 nétélakeun yén anu disebut variabel téh nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur panitén dina panalungtikan. Saterusna dina panalungtikan ékspérimén téh sok aya nu disebut variabel bébas jeung variabel kauger. Ieu hal luyu jeung pamanggih Arikunto 2002:97 nu nétélakeun yén dina panalungtikan aya dua variabel anu mangaruhan, ilahar disebut variabel bébas independent variable jeung variabel kauger dependent variable. Ku kituna, dumasar kana jenis variabel di luhur, variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta métode Démonstrasi, sedengkeun variabel kaugerna nya éta hasil diajar ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya.

3.2.2 Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungikan ditétélakeun ieu di handap. 1 Métode Démonstrasi nya éta salasahiji métode pangajaran nu di jerona dikondisikeun yén guru kudu bisa ngadémonstrasikeun luyu jeung skénario pangajaran nu geus ditataharkeun kalawan aktif jeung kréatif. Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul tapi engkéna bisa ngadémonstrasikeun deui kalawan ngalaksanakeun prakték- prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat peraga. Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku guru dina Métode Démonstrasi di antarana: ngarumuskeun tujuan nu rék dihontal, nataharkeun alat-alat démonstrasi, netepkeun gurat badag, ngitung waktu nu dibutuhkeun jeung dipungkas ku évaluasi pikeun ngajén kamajuan siswa. 2 Kamampuh ngadongéng nya éta kamampuh nepikeun dongéng kalawan ngagunakeun aspék-aspék ngadongéng, nu ngawengku aspék lingusitik jeung aspék non-linguistik. Aspék linguistik ngawengku; ucapan lafal jeung lentong. Kamampuh ngagunakeun aspék linguistik kalawan hadé di antarana: a Lafal nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lafal atawa ucapan anu jelas tur béntés dina ngucapkeun sora vokal jeung sora konsonan. b Lentong nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lentong nu merenah luyu jeung pasipatan unggal tokoh dina carita dongéng. Aspék non-linguistik ngawengku; a Pamahaman eusi nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa maham tur ngawasa sacara maluruh kana eusi dina éta carita. b Sistematika dongéng nya éta kamampuh ngadongéng kalawan sitematika caritana anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka tungtung carita. c Ngagunakeun alat peraga nya éta kamampuh ngagunakeun alat peraga nu geus ditataharkeun pikeun prosés demonstrasi kalawan merenah, luyu jeung eusi carita. d Ngagunakeun réngkak jeung peta nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa metakeun paripolah unggal tokoh dina éta carita sarta gerak nu teu kaleuleuwihi.

3.3 Tehnik Panalungtikan