Asumsi Dasar Raraga Nulis

3 Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. 4 Nyusun bahan pangajaran ngeunaan ajén éstétika dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu aya di masarakat Sunda, hususna di Kabupatén Sukabumi, boh keur nu nalungtik boh keur masarakat lianna. 1.4.2 Mangpaat Praktis Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya lokal pikeun diaplikasikeun dina kahirupan sapopoé, ngamumulé budaya lokal pikeun dipikawanoh deui ka masarakat séjén atawa luar daérah, ngeuyeuban kabudayaan lokal di daérah Jawa Barat, jeung bisa dijadikeun bahan pikeun wisata kabudayaan. Salian ti éta, hasil panalungtikan ieu ogé bisa dipaké pikeun bahan ajar maca di SMA sangkan nambahan pangaweruh siswa ngeunaan budaya-budaya nu aya di wilayah Jawa Barat.

1.5 Asumsi Dasar

Asumsi dasar mangrupa dasar pamikiran anu gunana salaku cecekelan utama pikeun panyusun, anu bebeneranana kudu bisa ditarima ku balaréa. Suyatna 2002: 7 nétélakeun yén asumsi dasar nya éta sakumna bebeneran téori atawa pamadegan anu dijadikeun dadasar dina hiji panalungtikan. Luyu jeung pamadegan di luhur, nu jadi asumsi dasar dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Kabudayaan mangrupa hasil karya, rasa, tur cipta masarakat nu ngawengku sakabéh aspék kahirupan manusa dina hirup kumbuhna sacara turun-tumurun nu dijaga tur dimumulé; 2 Unggal daérah di Jawa Barat miboga ciri has, boh kasenian boh upacara adat; 3 Upacara Hajat Laut dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Palabuanratu, salaku ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada panén sarta dipercaya pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng, ieu hal miboga ajén kapercayaan. Dilaksanakeunana nya éta dina tanggal 6 April; 4 Loba ajén-inajén anu nyangkaruk dina upacara Hajat Laut, salasahijina nya éta ajén éstétika; 5 Pentingna ngajaga jeung ngamekarkeun kabudayaan Sunda ku cara ngawanohkeun ka generasi ngora; jeung 6 Panalungtikan ajén éstétika dina upacara Hajat Laut bisa dijadikeun salasahiji bahan pangajaran basa Sunda, hususna ngeunaan kabudayaan.

1.6 Raraga Nulis

Raraga nulis dina ieu skripsi nya éta: 1 BAB I: Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, asumsi dasar, wangenan operasional, métode jeung téhnik panalungtikan, sarta raraga nulis. Eusi dina bab ieu nya éta ngeunaan kontéks tina masalah nu baris ditalungtik. 2 BAB II: Kajian téori, eusina ngeunaan éstétika, budaya, upacara Hajat Laut, jeung bahan pangajaran maca. Dina bab ieu eusina nya éta ngeunaan tatapakan tiori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan. 3 BAB III: Métodologi panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan, sumber data, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung léngkah-léngkah panalungtikan. 4 BAB IV: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan, eusina ngeunaan déskripsi, prak-prakan, jeung ajén éstétika anu nyampak dina tradisi Hajat Laut, sarta implikasina dina bahan pangajaran maca di SMA. 5 BAB V: Kacindekan jeung saran. Dina bab ieu panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtik kahareupna. 26 Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan nya éta peta konsép, atawa rancangan sangkan panalungtikanana bisa nyumponan kana tujuan anu dimaksud. Désain panalungtikan nu dipaké digambarkeun saperti di handap ieu: Nangtukeun Masalah  Ngarumuskeun masalah  Ngarumuskeun anggapan dasar  Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan  Nangtukeun sumber data Ngumpulkeun Data  Studi pustaka  Observasi langsung  Wawancara  Dokuméntasi Ngolah Data Nyieun Kacindekan Bagan 3.1 Desain Panalungtikan