Instrumén Panalungtikan Léngkah-léngkah Panalungtikan

Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sifatna idealistik imajinasi, cipta, rasa, karsa normatif aturan, kaédah, adat istiadat, boh wangun fisik aya wujudna. 3. Hajat Laut Hajat Laut nya éta mangrupa budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu dilaksanakeun di Palabuanratu, Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun sataun sakali anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada panén, sarta dipercaya pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng, hal ieu miboga ajén kapercayaan. 4. Bahan Ajar Bahan ajar nya éta sakabéh bahan atawa komponén pangajaran anu rék ditepikeun dina kagiatan ngajar, mangrupa élmu pangaweruh nu kudu dikawasa ku guru jeung murid. 5. Maca Maca mangrupa salasahiji pangajaran anu aya dina SKKD jeung KIKD Basa Sunda.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kaméra foto, handphone jeung pedoman wawancara. 1. Kaméra Foto Kaméra digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan upacara Hajat Laut, sarta hal-hal anu aya patalina jeung upacara Hajat Laut. 2. Ponsel Ponsel digunakeun pikeun ngarékam obrolan-obrolan atawa wawancara narasumber. Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. Pedoman Wawancara Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngabantu panalungtik ngumpulkeun data ku cara wawancara jeung narasumber, kalayan ngagunakeun patokan mangrupa daftar patalékan anu patali jeung masalah nu rék ditalungtik. Tujuanna sangkan obrolan museur kana tujuan anu baris dihontal. Daftar patalékanana nya éta: 1 Biodata NarasumberInforman: a. Wasta:……………………………………………………………………... b. Tempat, ping gumelar:………………………………….............................. c. Kalungguhan:……………………………………………………………… d. Atikan:…………………………………………………………………….. 2 Daftar Patalékan: a. Kumaha sajarah upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh? b. Iraha dilaksanakeunna upacara Hajat Laut di Palabuanratu téh? c. Hal-hal naon waé anu kudu disiapkeun nalika rék ngalaksanakeun upacara Hajat Laut? d. Pakakas naon waé anu digunakeun dina éta upacara? e. Sahapihak mana waé anu kalibet dina éta kagiatan? f. Kumaha prak-prakanana upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh? g. Amanat naon waé anu aya dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh? h. Ajén éstétika naon waé anu nyampak boh dina runtuyan kagiatan boh dina palengkep kagiatan? Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

1 Léngkah Tatahar Léngkah tatahar mangrupa léngkah anu mimiti dilaksanakeun dina panalungtikan, léngkah tatahar ngawengku: a Ngajukeun judul panalungtikan; b Nyusun rarancang panalungtikan; c Survey ka tempat anu baris dipaké panalungtikan; d Ngadamel surat ijin panalungtikan; e Konsultasi ka dosén pangaping 2 Léngkah Ngumpulkeun Data Aya sababaraha léngkah dina ngumpulkeun data, nya éta: a Talaah pustaka; b Observasi lapangan; c Wawancara ka narasumber; d Ngarékam wawancara jeung ngadokumentasikeun data nu kacangking; e Konsultasi ka dosén pangaping. 3 Léngkah Ngolah Data Data anu geus ngumpul tuluy dianalisis. Aya sababara hal anu dilakukeun dina ngolah data nya éta: a Nganalisis data anu geus ngumpul; b Milihan data-data anu dianggap penting; c Ngadéskripsikeun sarta nyieun kacindekan tina data anu geus ngumpul. 4 Léngkah Nyusun Laporan Nyusun laporan mangrupa léngkah anu pamungkas dina ieu panalungtikan. Data hasil panalungtikan dianalisis, tuluy disusun dumasar kana sistematika nulis karya ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia dina wangun skripsi. Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Panalungtikan ngeunaan “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di SMA”, ngahasilkeun sababaraha kacindekan nya éta: Hajat Laut nya éta budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu dilaksanakeun di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun sataun sakali pikeun ngedalkeun rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabab geus dipaparin kalancaran nalika ngala lauk sarta hasilna nyugemakeun. Kagiatan Hajat Laut dilaksanakeun ti tanggal 17 Maret 2013 nepi ka 14 April 2013, sedengkeun puncak acara anu mangrupa upacara adat dilaksanakeun dina tanggal 6 April 2013. Tempat anu digunakeun pikeun lumangsungna upacara adat nya éta dimimitian ku arak-arakan karnaval anu biasana dimimitian ti pendopo Palabuanratu nepi ka Dermaga II PPNP Pelabuhan Perikanan Nusantara Pelabuhan RatuPasar Pelelangan Ikan, anu mangrupa puseur lumangsungna acara inti upacara adat. Bahan-bahan nu rék digunakeun dina upacara nya éta sasajén anu eusina tukik anak penyu, alat rias, rampé, rurujakan, bubuahan, dangdaunan, tumpeng, kopi amis jeung pait, téh amis jeung pait, kabuli, udud bako kabiri, apel jin, beuleum sampeu, menyan, madat, pakakas dapur anu kabéh tina kai, bubur beureum bubur bodas, jeung cai kembang. Éta bahan anu geus disebutkeun pikeun prosési ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. Dina upacara Hajat Laut aya sababaraha tahapan, nya éta: 1 Pra Upacara: Kagiatanana ngawengku pertandingan saperti catur, maén bola, volley, jsb. Salian ti pertandingan ogé aya bakti sosial, salasahiji kagiatanna nya éta sunatan masal. 2