26
Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
3.1 Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan nya éta peta konsép, atawa rancangan sangkan panalungtikanana bisa nyumponan kana tujuan anu dimaksud. Désain panalungtikan
nu dipaké digambarkeun saperti di handap ieu:
Nangtukeun Masalah
Ngarumuskeun masalah Ngarumuskeun
anggapan dasar
Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan
Nangtukeun sumber data
Ngumpulkeun Data
Studi pustaka Observasi langsung
Wawancara Dokuméntasi
Ngolah Data
Nyieun Kacindekan
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.2 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta tradisi Hajat Laut. Dermaga II PPNP Pelabuhan Perikanan Nusantara Pelabuhan RatuPasar Pelelangan Ikan
Palabuanratu di Kabupatén Sukabumi anu mangrupa tempat dilaksanakeunana upacara tradisi Hajat Laut, sarta narasumber anu kalungguhanna salaku girang serat
dina panata acara Hajat Laut 2013, data-data online anu aya patalina jeung upacara Hajat Laut di Palabuanratu, sarta tina sababaraha buku anu medar ngeunaan data-
data anu ditalungtik.
3.3 Métode Panalungtikan
Métode déskriptif ieu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ngeunaan ajén éstétika anu aya dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu, garapanna museur kana
runtuyan upacarana, sarta ajén éstétika dina prak-prakkan upacara tuluy dijadikeun bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII.
3.4 Téhnik Panalungtikan
Téhnik anu digunakeun dina panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
1 Téhnik Ulikan Pustaka
Téhnik ulikan pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun data-data tulisan pikeun nangtukeun dasar-dasar téori nu aya patalina jeung objék panalungtikan.
2 Téhnik Observasi
Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpukeun data ku cara langsung niténan kaayaan daérah nu rék ditalungtik katut kahirupan masarakatna, sarta bisa
niténan langsung prak-prakan upacara adatna.
Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3 Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara ngawawancara narasumberinforman anu miboga informasi atawa ngeunaan upacara
Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. 4
Téhnik Dokuméntasi Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu
aya patalina jeung upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, ku cara ngumpulkeun data anu mangrupa gambar foto.
3.4.2 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data nya éta nganalisis data-data anu geus dikumpulkeun tina hasil panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Anu didéskripsikeunana nya éta
prak-prakan upacara Hajat Laut, ajén éstétika anu nyampak dina runtuyan kagiatan dina upacara Hajat Laut, sarta dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran maca
di SMA kelas XII nya éta ”maca artikel kabudayaan”.
3.5 Wangenan Operasional
Sangkan aya gambaran dina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-
wangenan istilah dina ieu panalungtikan, di antarana :
1. Ajén éstétika
Ajén éstétika nya éta nilai atawa pangaji nu dihasilkeun tina pamikiran anu diulik bebeneranna pikeun ngungkap hiji pasualan penting ngeunaan seni jeung
kaéndahanana sarta pamadegan manusa dina éta kabudayaan Hajat Laut misalna ajén éstétika nu aya patalina jeung agama.
2. Budaya
Budaya mangrupa kabiasaan manusa jeung alamna nu aya dina kahirupan sapopoé, anu dipibanda ku unggal daérah sarta ngandung ajén-inajén boh anu
Mona Monica, 2013 Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
sifatna idealistik imajinasi, cipta, rasa, karsa normatif aturan, kaédah, adat istiadat, boh wangun fisik aya wujudna.
3. Hajat Laut
Hajat Laut nya éta mangrupa budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu dilaksanakeun di Palabuanratu, Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun
sataun sakali anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada panén, sarta dipercaya pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng,
hal ieu miboga ajén kapercayaan. 4.
Bahan Ajar Bahan ajar nya éta sakabéh bahan atawa komponén pangajaran anu rék
ditepikeun dina kagiatan ngajar, mangrupa élmu pangaweruh nu kudu dikawasa ku guru jeung murid.
5. Maca
Maca mangrupa salasahiji pangajaran anu aya dina SKKD jeung KIKD Basa Sunda.
3.6 Instrumén Panalungtikan