1
Mona Monica, 2013 Model Pengajaran Word Square Dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongeng
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Indonesia mangrupa nagara multikultural anu kasohor beunghar ku sélér bangsa sarta budaya. Beungharna budaya nu nyampak di Indonesia kayaning adat
istiadat, kasenian, jeung sajabana minangka cicirén bangsa nu utama. Ku kituna sakabéh kabeungharan budaya éta perlu dimumulé, diriksa sarta dimekarkeun
sangkan bisa manjang. Budaya mangrupa kabiasaan manusa jeung alamna nu aya dina kahirupan
sapopoé, anu dipibanda ku unggal daérah sarta ngandung ajén-inajén boh anu sifatna idealistik imajinasi, cipta, rasa, normatif aturan, kaédah, adat istiadat, boh
wangun fisik aya wujudna. Koentjaraningrat 2011: 80 nétélakeun yén sacara universal, kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya nya éta: 1 basa, 2 sistem
pangaweruh, 3 organisasi social, 4 sistem téhnologi, 5 sistem pakasaban, 6 sistem kapercayaan, jeung 7 sistem kasenian éstétika.
Tina éta tujuh unsur, sistem kasenian éstétika ngajanggélék di antarana dina upacara adat atawa ritual boh anu sipatna rutin boh anu sipatna kakapeungan.
Éstétika éta sorangan mangrupa téori-téori ngeunaan kaéndahan atawa seni, anu ngawengku panalungtikan ngeunaan hal anu éndah, panalungtikan ngeunaan prinsip-
prinsip landasan seni, sarta pangalaman anu aya patalina jeung seni, penciptaan seni, ngajén atawa refleksi kana karya seni.
Dina kasenian, Hajat Laut mangrupa salasahiji seni tradisional anu geus rutin dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, Jawa
Barat, tapi can loba masarakat umum atawa ti luar daérah Jawa Barat anu mikanyaho kana tradisi ieu. Hal ieu dipangaruhan ku ayana budaya deungeun nu asup ka
masarakat Indonesia ngaliwatan modernisasi. Dumasar kana hal éta manusa miboga poténsi anu gedé pikeun mekarkeun sagala hal
anu aya di sabudeureunana kaasup ngamekarkeun budaya. Pikeun ngajaga tur
ngariksa budaya éta, tangtu kudu aya perhatian ti sababaraha pihak, boh ti pamaréntah boh ti lembaga-lembaga séjénna. Pamaréntah daérah, sakola, guru katut
réngrénganna miboga wewenang pikeun ngajaga tur ngamekarkeun budaya-budaya luyu jeung pangabutuhna, salila teu papalingpang jeung tujunanana. Poténsi nu aya
di daérah saperti kabeungharan budaya, kaéndahan alam, ajén-inajén kahirupan masarakat sarta poténsi-poténsi daérah séjénna saperti basa daérah, salasahijina basa
Sunda. Ku kituna panalungtik boga kawajiban pikeun ngawanohkeun deui yén di
Kabupatén Sukabumi, hususna Palabuanratu téh miboga hiji tradisi nya éta Hajat Laut.
Hasil panalungtikan nu kungsi dilaksanakeun, di antarana: 1
“Ajén Falsafah dina Upacara Nadran di Desa Blanakan Kecamatan Blanakan Kabup
atén Subang pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas 7”, Skripsi, Ayu Wahyuni, 2012;
2 “Fungsi Simbol dina Upacara Labuh Saji Kecamatan Palabuanratu Kabupatén
Sukabumi”, Skripsi, Andika Nugraha, 2009; 3
“Ajén Éstétika dina Upacara Sérén Taun di Cigugur Kuningan”, Skripsi, Nova Scorviana , 2007.
Dumasar kana sawatara masalah di luhur, pangaweruh ngeunaan budaya- budaya lokal sarta diimplikasikeun kana pangajaran maca kacida pentingna, ku
kituna perlu diayakeun panalungtikan anu judulna “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan
Ajar Maca di SMA”.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah