Instrumén Panalungtikan Téhnik Ngumpulkeun Data

Tati Patonah, 2014 Modél connecting, organizing, reflecting, extending core Dina pangajaran maca carita babad sumedang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu variable X dina ieu panalungtikan modél CORE salaku faktor anu mangaruhan, sedengkeun anu jadi variabel kaugerna variable Y nya éta kamampuh maca carita babad Sumedang siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung.

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun salah tafsir kana ieu panalungtikan, perlu aya sababaraha istilah nu kudu dihartikeun, diantarana: 1 Modél CORE Modél CORE nya éta salah sahiji modél pangajaran maké métode diskusi. modél CORE ngawengku opat prosés, nya éta connecting konéksi informasi anu heubeul-anyar jeung antar konsép, organizing organisasi ide pikeun maham matéri, reflecting mikirkeun deui, mendalami, sarta ngaguar, jeung extending mekarkeun, ngajembaran, nggunakeun, jeung nimukeun. 2 Maca Bedas Carita babad Maca bedas nya éta kagiatan nyoarakeun tulisan anu dibacana ngagunakeun ucapan, lafal, sarta intonasi anu hadé tur tepat sangkan paregep sarta nu maca bisa nyangkem informasi anu ditepikeun ku panulis, boh anu mangrupa pikiran, perasaan, sikep, atawa pangalaman nu nulis. Sedengkeun Carita babad nya éta carita anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Carita babad anu dipaké nya éta babad Sumedang.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén mangrupa hal anu kawilang pentingna, dina panalungtikan sabab hasil henteuna panalungtikan dipangaruhan ku instrumén anu digunakeun. Instrumén dipaké pikeun ngumpulkeun data anu bener-bener dituju sarta data anu diperlukeun, anu engkéna bisa ngajawab kana masalah jeung hipotésis. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés sacara lisan. Tés dilaksanakeun Tati Patonah, 2014 Modél connecting, organizing, reflecting, extending core Dina pangajaran maca carita babad sumedang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dina wangun tés lisan anu mangrupa paréntah pikeun siswa maca carita babad ku cara ditembangkeun dina wangun pupuh. Tés dipaké pikeun ngumpulkeun data, nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina maca carita babad Sumedang. Tés anu dilaksanakeun nya éta pratés jeung pasca tés. Pratés dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh maca carita babad Sumedang saméméh ngagunakeun modél CORE, sedengkeun pasca tés dilaksanakeun pikeun ngukur hasil diajar siswa dina maca carita babad Sumedang sanggeus ngagunakeun modél CORE. Tabél 3.2 Paréntah Unjuk Kerja Pratés Jeung Pasca Tés Pék baca carita babad Sumedang maca bedas ku cara ditémbangkeun dina wangun pupuh durma

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun meunangkeun data boh saméméh boh sanggeus dibéré stimulus ka siswa dina prosés diajar-ngajar siswa maca carita babad. Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahapan ieu di handap: 1 Ngalaksanakeun prosés diajar ngajar materi maca carita babad teu ngagunakeun modél CORE; 2 Siswa migawé pancén mangrupa pratés maca carita babad pikeun mikanyaho pangaweruh awal siswa kana maca carita babad; 3 Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana maca carita babad ngaliwatan pratés anu geus dilaksanakeun, panalungtik ngalaksanakeun prosés diajar- ngajar ngagunakeun modél CORE kana maca carita babad; sarta Tati Patonah, 2014 Modél connecting, organizing, reflecting, extending core Dina pangajaran maca carita babad sumedang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Sanggeus ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun modél CORE saterusna dilaksanakeun pasca tés pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus dibéré treatmen naha ngaronjat atawa henteu.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dokumen yang terkait

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN CORE (Connecting, Organizing, Reflecting, Extending) PADA MATERI SISTEM GERAK UNTUK MENGEMBANGKAN KEMAMPUAN BERPIKIR KRITIS

5 40 100

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN CORE (CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING AND EXTENDING) TERHADAP HASIL BELAJAR KOSMETIKA SISWA TATA KECANTIKAN SMK NEGERI 10 MEDAN.

1 5 24

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE) UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN BERPIKIR KRITIS MATEMATIS SISWA SMP.

2 14 39

UPAYA MENINGKATKAN KEMAMPUAN PENALARAN MATEMATIS SISWA MELALUI MODEL PEMBELAJARAN CORE (Connecting, Upaya Meningkatkan Kemampuan Penalaran Matematis Siswa Melalui Model Pembelajaran Core (Connecting, Organizing, Reflecting, Extending) (PTK Pembelajaran M

0 3 17

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN CORE (CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING) DALAM PEMBELAJARAN MENULIS TEKS BERITA.

1 7 45

PENINGKATAN KEMAMPUAN KONEKSI MATEMATIS SISWA SMP DENGAN MODEL PEMBELAJARAN CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE) - repository UPI S MAT 1205180 Title

0 0 3

KEMAMPUAN BERPIKIR ALJABAR DAN SELF–REGULATED LEARNING SISWA SMP DALAM PEMBELAJARAN CORE (CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING) - repository UPI T MTK 1402368 Title

2 3 4

1. Model Pembelajaran CORE (Connecting, Organizing, Reflecting, Extending) - PENGARUH PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN CORE (CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING) DAN OEL (OPEN ENDED LEARNING) TERHADAP KEMAMPUAN BERPIKIR ANALITIS SISWA PADA MATA PELA

2 6 37

PENGARUH PEMBELAJARAN CONNECTING ORGANIZING REFLECTING EXTENDING (CORE) TERHADAP KEMAMPUAN KOMUNIKASI MATEMATIS SISWA KELAS VII SMP MUHAMMADIYAH SOKARAJA

0 0 18

PENGARUH PEMBELAJARAN CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE) TERHADAP KEMAMPUAN KONEKSI MATEMATIS SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 PADAMARA

0 0 14