Sawala Kelompok 4 Sawala Kelompok 5

106 106 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Cara nyieun kiripik cai téh kieu. Cau dipesék cangkangna, tuluy disiksik ka panjangna sing aripis. Lamun rék nyieun kiripik asin, cau beunang nyiksikan dikeueumkeun kana ciuyah. Antepkeun sakeudeung ngarah ciuyah nyerep, kakara digoréng. Tapi lamun rék nyieun kiripik amis, cau beunang nyiksikan digoréng nepi ka asak. Geus kitu, digalokeun kana cigula. Kiripik cau jadi lalawuh, biasana dikéleran. Disuguhkeun ka sémah jeung citéh atawa cikopi. Waktu nyuguhkeunana bisa iraha waé. Pék jawab pananya ieu di handap. 1 Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik cau? 2 Naon baé bahan keur nyieun kiripik cau? 3 Kumaha carana nyieun kiripik cau? Pék jelaskeun 4 Kumaha carana ngadahar kiripik cau? 5 Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik cau?

4. Sawala Kelompok 4

Pék baca pedaran ieu di handap KIRIPIK KENTANG Disebut kiripik kentang sotéh pédah bahan bakuna dijieun tina kentang. Saperti kiripik cau, kiripik kentang jadi lalawuh anu sok dikéleran sarta disuguhkeun ka sémah, dibarengan ku citéh atawa cikopi. Jaba ti bahan baku ken- tang, diperlukeun bahan jeung samara séjénna saperti uyah, cai, apu seupah, minyak goréng. Parabot nu dipaké katél jeung baskom. Ari cara nyieunna kieu. Kentang dipesék cangkangna, tuluy disiksik. Keueuman ku ciapu, tuluy seupan sakeudeung. Geus kitu, dipoé nepi ka garing, kakara digoréng. Sumber: guspin.blogdetik.com 107 107 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Dina kiripik kentang aya kandungan gizi nu dipibanda ku kentang- na sorangan. Kentang ngandung cai, kalori, karbohidrat, lemak, protein, jeung vitamin. Jadi, réa pisan zat vitamin jeung mineral séjénna. Pék jawab pananya ieu di handap. 1 Naon sababna disebut kiripik kentang? 2 Naon baé bahan keur nyieun kiripik kentang? 3 Kumaha carana nyieun kiripik kentang? 4 Kumaha carana ngadahar kiripik kentang? 5 Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik kentang?

5. Sawala Kelompok 5

Pék baca pedaran ieu di handap KIRIPIK SAMPEU Kiripik sampeu téh lalawuh anu sok disuguhkeun diina kéler, dibarengan ku citéh atawa cikopi. Disebut kiripik sampeu lantaran bahan bakuna tina sampeu. Jaba ti sampeu, diperlukeun bahan séjénna saperti cai, uyah, minyak goréng. Parabot nu dipakéna nyaéta katél, aseupan, jeung nyiru. Cara nyieuna kieu. Sampeu dipesék cangkangna, dikumbah, tuluy diseupan nepi ka asak. Geus tiis, tuluy disiksikan aripis sarta dipoé nepi ka garing. Lamun geus garing, bisa digoréng sarta dipurulukan ku uyah. Teu béda jeung kiripik séjénna, kiripik sampeuna dijadikeun lalawuh nu diidangkeun jeung citéh atawa cikopi. Ilaharna mah sok dikéleran. Sumber: www.alibaba.com 108 108 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Pék jawab pananya ieu di handap 1 Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik sampeu? 2 Naon baé bahan keur nyieun kiripik sampeu? 3 Kumaha carana nyieun kiripik sampeu? Pék jelaskeun 4 Kumaha carana ngadahar kiripik sampeu? 5 Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik sampeu?

6. Sawala Kelompok 6