Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kuantitatif. Métode panalungtikanna métode kuasi ékspérimen. Hal ieu luyu jeung pamanggih
Arikunto 2010, kc. 123 nétélakeun yén aya tilu desain panalungtikan, nya éta 1 one shot study, 2 pretest-postes
, jeung 3 static group comparison. Desainna one group pretest-posttest
design. Observasi anu dilakukeun dina ieu desain dilakukeun dua kali, nya éta saméméh panalungtikan jeung sabada panalungtikan.
Observasi anu dilakukeun saméméh panalungtikan O1 disebut pre-test, sedengkeun sabada panalungtikan O2 disebut post-test. Sangkan leuwih jénté
desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu di handap.
Bagan 3.1 Katerangan:
O1 = Pretest hasil panalungtikan saméméh perlakuan
X = treatment diajar maca carita pondok ngagukeun modél pangajaran
Timbal-balik O2
= posttest hasil panalungtikan sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik
Arikunto 2010, kc. 123
3.2 Sumber Data
Arikunto 2010, kc. 172 nétélakeun yén sumber data mangrupa subjék timana data dimeunangkeun. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta
siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 20142015 anu jumlahna 28 ngawengku 13 lalaki jeung 15 awéwé. Anu jadi data ieu panalungtikan nya éta
kamampuh maca carita pondok siswa.
3.3 Instrumén Panalungtikan
Arikunto 2010, kc. 203 nétélakeun yén Instrumén panalungtikan téh nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan
O1 X
O2
27
Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
leuwih babari jeung hasilna leuwih alus, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka bakal leuwih babari dina ngolah data. Dina ieu panalungtikan instrumén
nu digunakeun nya éta lembar tés wangun objéktif pilihan ganda. Tes mangrupa réntétan patalékan atawa latihan sarta hiji alat anu digunakeun
pikeun ngukur kaparigelan , pangaweruh inteligensi, kamampuan atawa bakat nu dipiboga ku individu atawa kelompok Arikunto 2010, kc. 193. Tes dilakukeun
pikeun ngumpulkeun data, nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina maham eusi teks. Tes anu dilaksanakeun nya éta pretes jeung posttest. Tés anu
digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta dina wangun soal-soal objektif tinulis anu ngawengku tés pilihan ganda. Soal-soal tés jumlahna 20 soal. Sangkan
leuwih jéntré, ieu di handap dipedar kisi-kisi soal pretest jeung posttest.
3.3.1 Kisi-kisi Instrumen Tés
Kisi soal dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun méré watesan ngeunaan instrumén anu bakal dibikeun ka siswa. Kisi-kisina saperti ieu di
handap. Tabél 3.1
Kisi-kisi Instrumen Tés Kamampuh Maca Carita Pondok Pretest
jeung Posttes
No. Unsur Intrinsik
Carpon Jenjang Kognitif
Jumlah Soal
C1 C2
C3
Tema 6
1 Palaku
1, 2 11,12,13
15 6
Latar 3, 4, 5
10,14 5
Amanat 9
1 Galur
7 1
Gaya basa 16,17,18,19,20
5 Puseur panitén
8 1
Jumlah 5
9 6
20
Katerangan: C1 = Nginget
C2 = Maham C3 = Nganalisis
3.3.2 Uji Validitas
28
Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Validitas nya éta hiji ukuran anu nunjukrun tingkatan valid henteuna hiji instrumen. Instrumén anu valid miboga validitas nu luhur, sedengkeun instrumén
nu kurang valid miboga validitas nu handap. Hiji instrumén bisa disebut valid saupama mampu ngukur naon nu dibutuhkeun, bisa ngungkeb data tina variabel
nu ditaliti sacara tepat. Rumusna nya éta:
Arikunto 2010, kc. 213 Katerangan:
= koéfisién korélasi antaravariabel x jeung variabel y n
= jumlah subyék x
= X- ̅, simpangan rata-ratatina data kelompok variabel X
y = Y-
̅, simpangan rata-rata tina data kelompok variabel Y Nurutkeun Arikunto 2013, kc. 75 klasifikasi validitas dijelaskeun dina tabél
di handap. Tabél 3.2
Klasifikasi Validitas Butir Soal
Interfal Katégori
0,00 – 0,20
Handap pisan 0,20
– 0,40 Handap
0,40 – 0,60
Sedeng 0,60
– 0,80 Luhur
0,80 – 1,00
Luhur pisan Dina uji validitas data digunakeun oge bantuan Microsoft Excel. Hasil
perhitungan koéfisién korélasi tina 20 soal ditétélakeun dina ieu tabél. Tabél 3.3
Hasil Perhitungan Uji Validitas
No Koéfisién Korélasi
Kritéria
1 2
3 1
0,34 Handap
2 0,39
handap 3
0,42 Sedeng
4 0,32
Handap 5
0,35 Handap
6 0,46
Sedeng 7
0,65 Luhur
∑ ∑ ∑ √ ∑
∑ ∑
∑
29
Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
8 0,62
Luhur 9
0,47 Sedeng
10 0,44
Sedeng 11
0,36 Handap
12 0,41
Sedeng 13
0,45 Sedeng
1 2
3 14
0,37 Handap
15 0,50
Sedeng 16
0,68 Luhur
17 0,49
Sedeng 18
0,66 Luhur
19 0,52
Sedeng 20
0,55 Sedeng
Nurutkeun Masrun dina Sugiyono, 2012, kc. 188 yén ayana sarat minimum pikeun dianggap nyumponan sarat validitas nya éta r = 0,3. Katitén tina tabél
diluhur, instrumén dina butir soal 0,3 sahingga butir soal dina ieu instrumén valid.
3.3.3 Uji Réabilitas
Réabilitas nya éta tolak ukur hiji instrumén anu digunakeun salaku alat ngumpulkeun data naha éta instrumén geus ajeg atawa bisa dipercaya. Téhnik anu
digunakeun dina ieu uji réabilitas nya éta téhnik beulah dua ganjil genap split- halp method
. Mimitina hasil tés dibagi 2 jadi skor nomor ganjil jeung skor nomor genap. Koéfisién belahan di notasikeun ku
sarta bisa diitung ngagunakeun rumus korélasi angka kasar pearson. Tuluy koéfisién réabilitas sagemblengna
diitung maké rumus Spearman Brown.
Katerangan: = réabilitas instrumén
= skor-skor dina beulahan tés Arikunto, 2010, kc. 223
30
Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Klasifikasi réabilitas digambarkeun dina tabél di handap. Tabél 3.4
Klasifikasi Réabilitas Butir Soal
Interval Katégori
1 2
0,90 ≤ Luhur pisan
0,70 ≤ Luhur
1 2
0,40 ≤ Sedeng
0,20 ≤ Handap
Handap pisan Uji réabilitas instrumén dilakukeun ngagunakeun microsoft excel. Hasil
koéfisién belahan = 0,84 , sedengkeun koéfisién sagemblengna
. Sakumaha kritéria koéfisién réabilitas di luhur ieu soal kaasup kana drajat
réabilitas luhur. Ku kituna, dumasar kana uji validitas jeung réabilitas di luhur, instrumén soal anu digunakeun geus nyumponan kritéria valid jeung réliabel
sahingga ieu instrumén bisa digunakeun pikeun alat ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan.
3.4 Prosedur Panalungtikan
Prosedur panalungtikan mangrupa léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun dina panalungtikan. Pamarekan ieu panalungtikan nya éta desain kuantitatif
kalawan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Desain anu anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pretest-posttest. Prosédur panalungtikan baris
ditétélakeun ieu di handap. 1
Tatahar Dina tahap tatahar ieu panalungtik ngayakeun survey ka sakola anu baris
dilaksanakeun panalungtikan nya éta MTs Khoerul Falah ngeunaan masalah naon anu karandapan ku siswa dina pangajaran Basa Sunda. panalungtik ngarancang
léngkah-léngkah nu baris dilaksanakeun dina panalungtikan pikeun ngungkulan masalah anu aya nya éta ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik
Reciprocal Teaching pikeun ngaréngsékeun masalah dina maca carita pondok.
31
Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Anu jadi variabél dina ieu panalungtikan aya dua, nya éta variabel bébas mangrupa variabél anu dipangaruhan ku variabel lianna, dina ieu panalungtikan
nya éta Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching anu mangaruhan. Sedengkeun variabel kauger mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel
bébas, dina ieu panalungtikan nya éta kamampuh siswa kelas VIII-A MtsKhoerul Falah dina maca carita pondok.
2 Ngalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data
Sakumaha masalah anu kapanggih dina pangajaran maca, pikeun ngumpulkeun data panalungtik ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas. Téhnik
anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés anu dilaksanakeun dua kali nya éta pretest anu dilaksanakeun saméméh ngagunakeun modél nya éta pikeun
mikanyaho kamampuh maca carita pondok siswa saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching. Tés kadua nya éta posttest anu
dilaksanakeun sabada ngagunakeun modél, anu tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh maca carita pondok siswa sabada ngagunakeun Modél Pangajaran
Timbal-balik Reciprocal Teaching. Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun dina téhnik ngumpulkeun data nya éta ieu
di handap. a.
Siswa maca hiji carpon ”Duh Indung” kalawan taliti b.
Siswa ngerjakeun pretest. c.
Siswa ngaregepkeun matéri ngeunaan carpon anu ditepikeu ku guru. d.
Siswa dijelaskeun ku guru ngeunaan tahap-tahap pangajaran maca carita pondok ku ngagunakeun Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal
Teaching nu ngawengku: ngaramalkeun, nyieun patalékanjawaban,
ngajelaskeun, jeung ngarangkum, siswa ngaregepkeun sangkan bisa nyangkem pangajaran ieu.
e. Siswa maca hiji carpon kalawan taliti nu eusina kudu diramalkeun ku siswa.
f. Siswa ngalaksankeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun Modél Pangajaran
Timbal-balik Reciprocal Teaching. g.
Siswa jeung guru nyimpulkeun hasil pangajaran. h.
Siswa ngalaksanakeun tés ahir posttest kalawan saregep.
32
Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Ku ayana ieu panalungtikan bisa katitén bédana kamampuh maca siswa tina data pretest jeung posttest.
3 Nganalisis Data
Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan geus tangtu aya data pretest jeung posttest,
sahingga panalungtik miboga pancén pikeun nganalisis data ku cara naggunakeun rumus-rumus statistik.
4 Kacindekan
Sanggeus dilaksanakeun sakabéh prosedur panalungtikan anu ngawengku tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan, jeung nganalisis data, panalungtik nyieun
kacindekan tina sakabéh prosés anu geus dilaksanakeun salila panalungtikan.
3.5 Analisis Data 3.5.1 Téhnik Ngolah Data