Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Maca mangrupa salah sahiji kaparigelan nu wajib dikawasa ku siswa. Kaparigelan maca mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa salian ti kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, jeung nulis. Kaparigelan basa ieu salawasna silih pangaruhan sarta raket hubunganana jeung prosés-prosés nu jadi dadasar makéna basa. Gillet jeung Temple dina Lestari 2011, kc. 67 nétélakeun yén reading is making sense of written language. Maca nya éta méré ma’na kana basa tinulis. Méré ma’na remen disebut nyangkem eusi bacaan anu mangrupa kagiatan paling dasar tina prosés maca. Esénsi tina kagiatan maca mangrupa pamahaman bacaan. Sinom dina Lestari 2011, kc. 67 nyebutkeun yén pamahaman nya éta hiji prosés mental salaku wujud tina aktivitas kognisi anu teu bisa ditempo. Produk tina pamahaman téh nya éta kalakuan nu dihasilkeun sanggeus prosés pamahaman éta lumangsung, contona ngajawab patalékan, boh sacara lisan atawa tinulis. Dina dunya atikan kagunaan maca kacida pentingna. Ku cara maca pangaweruh siswa bisa leuwih jembar, siswa bisa leuwih ngamekarkeun dirina sacara optimal sarta bisa meunang sagala informasi anu diperlukeun dina prosés diajar-ngajar. Pangajaran maca mangrupa pangajaran anu diajarkeun di SMP kaasup anu rek ditalungtik nya éta pangajaran maca carita pondok. Sakumaha geus ditangtukeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat anu dirumuskeun dina Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar. Kompetensi Dasar nya éta ieu di handap. 8.1.1 Menghargai, menghayati, dan mensyukuri bahasa Sunda sebagai anugrah Tuhan yang Maha Esa sebagai sarana komunikasi melalui Rumpaka Kawih, Guguritan, Sisindiran, Bahasan, CARPON, Surat, Warta, dan Biantara. 8.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, tanggung jawab, percaya diri, peduli, dan santun dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami Rumpaka Kawih, Guguritan, CARPON dan sisindiran. 2 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 8.3.8 Mengidentifikasi dan menganalisis CARPON sesuai dengan kaidah- kaidahnya. 8.4.8 Menanggapi dan menyusun teks CARPON dengan memperhatikan kaidah- kaidahnya. Masalah anu kapanggih di lapangan nya éta kurangna minat siswa dina maca, lantaran siswa teu ngabogaan sumanget pikeun ngabogaan kasadaran diri hayang terus ngaronjatkeun kabiasaan maca sahingga kamampuh maca siswa tacan kalaksanakeun sacara optimal. Hal anu ngalantarankeun kurangna minat maca sarta pamahaman kana eusi bacaan anu di baca siswa nya éta kurangna motivasi tina diri siswa jeung kurangna model pangajaran anu ngirut, hal ieu jadi salah sahiji faktor anu ngabalukarkeun ayanana pasualan sahingga mangaruhan kana proses diajar-ngajar, antukna siswa teu ngabogaan sikep daria kana diajar utamana maca. Salian ti kompetensi atawa tujuan pangajaran moal kahontal, ogé mangaruhan kana pamahaman siswa, anu antukna moal bisa nyangkem atawa méré tanggapan kan a ma’na jeung informasi bacaan nu dibacana. Salian ti éta, aya ogé faktor séjén nu ngalantarankeun kurangna kamampuh maca siswa nya éta guru salaku pangatik. Kurangna guru dina méré kasempetan ka siswa pikeun aktif dina prosés diajar-ngajar, kaayaan prosés diajar-ngajar nu masih lumangsung sacara monoton ku ngagunakeun pola tradisional nya éta saperti guru nerangkeun di hareup, siswa ngaregepkeun bari nyatet satuluyna siswa dibéré latihan soal. Kitu lumangsungna diajar-ngajar ti mimiti nepi ka jam diajar béak. Kondisi nu saperti kitu kurang kondusif dina ngarojong kamekaran kamampuh maca siswa anu antukna ngajadikeun siswa kurang kritis, kurang aktif jeung henteu kréatif. Guru miboga pancén pikeun ngajembaran misi jeung fungsi anu jadi tanggung jawabna, nurutkeun Darodhiharjo dina Marno Idris, kc.18 aya tilu pancén guru: ngadidik, ngajar, jeung ngalatih. Guru diperedih inovatif jeung kréatif dina lumangsungna pangajaran. Suryosubroto dina Hasbulloh 2009, kc. 189 nyebutkeun yén inovasi pendidikan nya éta hiji parobahan nu anyar jeung sipatna kualitatif, béda tina nu geus aya saméméhna sarta ngahaja diusahakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuan ngahontal tujuan nu tangtu dina pendidikan. Dina prosés diajar-ngajar guru kudu 3 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu leuwih loba komunikasi ngajak siswa supaya leuwih aktif, sangkan siswa babari ngamekarkeun dirina dina ngedalkeun pamahaman pikeun nepikeun gagasan- gagasan anu dipibogana ka siswa séjén atawa ka guruna. Variasi diajar nu dilakukeun ku guru dimaksudkeun supaya siswa bisa kairut kana materi anu diajarkeun, ngajaga saimbangna prosés diajar-ngajar boh sacara fisik atawa méntal, ngahudang motivasi diajar siswa salila proses diajar-ngajar lumangsung. Ku ayana interaksi unggal siswa jeung guruna bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa ku cara silih nanya, diskusi, atawa silih ngajéntrékeun sahingga kaayaan kelas teu monoton kitu ogé siswa bakal leuwih ka motivasi dina lumangsungna diajar-ngajar . Kagiatan saperti kitu bisa dipaké dina sakabeh kagiatan diajar-ngajar kaasup ogé kagiatan maca. Sakumaha standar kompeténsi, salah sahiji matéri anu kudu diajarkeun di kelas VIII patali jeung maca nya éta maca carita pondok. Tujuan utama pangajaran maca carita pondok nya éta pikeun méré kasempetan ka siswa supaya bisa neangan jeung meunang pangaweruh nu jembar, néangan jeung meunang informasi, sarta nyangkem kana ma’na bacaan anu satuluyna bisa méré tanggapan kana éta bacaan jeung nepikeun naon anu keur di bacana dina wangun karangan carita pondok. Kompeténsi ieu dipiharep bisa ningkatkeun pangaweruh jeung kamampuh siswa dina maca anu ngan lain saukur siswa ngalaksanakeun kagiatan maca lantaran kapaksa pikeun ngaréngsékeun pancén-pancén ti guruna tapi bisa dijadikeun hiji kagiatan anu dipikaresep jeung dijadikeun kabutuhan anu mangaruhan kana préstasi diajar siswa. Anapon dina ulikan pangajaran nu medar ngeunaan penerapan model Timbal- balik Reciprocal Teaching nu geus aya nya éta “Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Pamahaman Artikel” Skripsi Leny Lestari, 2007 anu ngadéskripsikeun Studi Ekspérimén ka siswa kelas XI-D SMP Negri Lémbang. Hal anu jadi sasaruan jeung nu rék ditalungtik nya éta modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching. Sedengkeun anu ngabédakeunana nya éta matéri ajar, métode pangajaran jeung sumber data nu rék ditalungtik. Aya ogé nu geus medar di Jurusan Pascasarjana UPI nya éta nu dijudulan “Penggunaan Model Pengajaran Timbal-balik 4 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Reciprocal Teaching bagi Peningkatan Kemampuan Membaca Pemahaman Studi Éksperimén Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMPN 1 Kota T asikmalaya” Tesis Sri Mulyani, 2009. Hasil panalungtikanna kapaluruh yén modél Timbal- balik Reciprocal Teaching sacara signifikan cukup éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh maca pamahaman siswa. Dina lumangsungna pangajaran maca katitén siswa leuwih aktif jeung antusias dina diajarna. Hal ieu lantaran guru leuwih nagjak aktif ka siswa pikeun silih tanya jawab, ngajelaskeun jeung nepikeun gagasan-gagasan pikiran nu patali jeung eusi wacana nu dibacana. Anu jadi sasaruan nya éta dina modél jeung métode pangajaran nu digunakeun, sedengkeun nu ngabedakeunna nya éta matéri ajar jeung sumber data. Dina ieu panalungtikan anu jadi sumber data nya éta MTs Khoerul Falah. Materi pangajaran nu baris di talungtik nya éta carita pondok, sedengkeun métode panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén. Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan gemet sangkan bisa ngaréngsékeun pasualan-pasualan nu geus aya, salah sahijina ku cara guru kudu bisa ngawangun suasana diajar anu kréatif jeung inovatif supaya prosés diajar- ngajar teu monoton ogé bisa ngajak leuwih loba siswa interaksi sahingga siswa leuwih bisa ngamekarkeun pangaweruhna jeung sakabéh poténsi nu dipibogana. Dumasar kana pedaran di luhur, panalungtikan anu judulna Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina Maca Carita Pondok Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas VIII-A MTs. Koérul Falah Taun Ajaran 20142015 perlu dilakukeun.

1.2 Rumusan Masalah