Rumusan Masalah Raraga Tulisan

4 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Reciprocal Teaching bagi Peningkatan Kemampuan Membaca Pemahaman Studi Éksperimén Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMPN 1 Kota T asikmalaya” Tesis Sri Mulyani, 2009. Hasil panalungtikanna kapaluruh yén modél Timbal- balik Reciprocal Teaching sacara signifikan cukup éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh maca pamahaman siswa. Dina lumangsungna pangajaran maca katitén siswa leuwih aktif jeung antusias dina diajarna. Hal ieu lantaran guru leuwih nagjak aktif ka siswa pikeun silih tanya jawab, ngajelaskeun jeung nepikeun gagasan-gagasan pikiran nu patali jeung eusi wacana nu dibacana. Anu jadi sasaruan nya éta dina modél jeung métode pangajaran nu digunakeun, sedengkeun nu ngabedakeunna nya éta matéri ajar jeung sumber data. Dina ieu panalungtikan anu jadi sumber data nya éta MTs Khoerul Falah. Materi pangajaran nu baris di talungtik nya éta carita pondok, sedengkeun métode panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén. Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan gemet sangkan bisa ngaréngsékeun pasualan-pasualan nu geus aya, salah sahijina ku cara guru kudu bisa ngawangun suasana diajar anu kréatif jeung inovatif supaya prosés diajar- ngajar teu monoton ogé bisa ngajak leuwih loba siswa interaksi sahingga siswa leuwih bisa ngamekarkeun pangaweruhna jeung sakabéh poténsi nu dipibogana. Dumasar kana pedaran di luhur, panalungtikan anu judulna Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina Maca Carita Pondok Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas VIII-A MTs. Koérul Falah Taun Ajaran 20142015 perlu dilakukeun.

1.2 Rumusan Masalah

Maca réa pisan jenisna, salah sahijina nya éta maca talaah eusi anu ngawengku maca taliti, maca pamahaman, maca kritis, jeung maca ide. Dina ieu panalungtikan baris diwatesanan ngeunaan maca pamahaman dina carpon. Dina carpon aya dua unsur, nya éta unsur intrinsik jeung ektrinsik. Anu baris ditalungtik ngeunaan unsur intrinsik carpon anu ngawengku téma, galur, latar, tokohwatek, gaya basa, puseur panitén jeung amanat. 5 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dumasar kasang tukang masalah di luhur, mangka nu jadi masalah panalungtikana dirumuskeun dina wangun kalimah pananya di handap. a. Kumaha kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching ? b. Kumaha kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching ? c. Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada digunakeun modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga dua tujan nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan dina ieu panalungtikan nya éta nguji modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok.

1.3.2 Tujuan Husus

Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun: a. kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching ; b. kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching; jeung c. béda anu signifikan antara kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada digunakeun modél pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching. 6 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan kabagi dua nya éta mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nyeuyeuban pangaweruh tiori métodologi pangajaran ngeunaan kamampuh maca sarta bisa jadi alternatif dina prosés diajar-ngajar utamana dina milih modél pangajaran anu leuwih éféktif jeung inovatif dina pangajaran maca carita pondok.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Anu jadi mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap. a. Pikeun guru, modél ieu bisa dijadikeun alternatif dina ngajar sangkan prosés diajar-ngajar bisa leuwih variatif jeung teu monoton; b. Pikeun siswa, bisa leuwih aktif dina prosés diajar ngajar ku ayana sumanget sahingga bisa maham kana naon anu dibacana; jeung c. Pikeun nu nalungtik, bisa leuwih ngaronjatkeun kualitas paélmuan jeung ngaimpléméntasikeun modél pangajaran anu saluyu pikeun pangajaran maca.

1.5 Raraga Tulisan

Dina ieu skripsi ngawengku lima bab anu ngagunakeun raraga nulis saperti di handap ieu. Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis. Bab II eusina ngeunaan Ulikan Pustaka anu ngawengku Modél Pangajaran, Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching, Maca, Carita Pondok Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina Maca Carita Pondok, Panalungtikan Saméméhna, jeung Kalungguhan Tiori. 7 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dina bab III dipedar ngeunaan Desain Panalungtikan, Sumber Data Panalungtikan, Instrumén Panalungtikan, Prosedur Panalungtikan, jeung Analisis Data. Bab IV eusina ngeunaan Hasil Panalungtikan jeung Pedaran Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina Maca Carita Pondok. Dina bab V dipedar ngeunaan ngeunaan kacindekan, implikasi jeung rekomendasi tina hasil panalungtikan Modél Pangajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina Maca Carita Pondok. 8 Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Wafa Shofiani, 2015 Model pengajaran Timbal-balik Reciprocal Teaching dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kuantitatif. Métode panalungtikanna métode kuasi ékspérimen. Hal ieu luyu jeung pamanggih Arikunto 2010, kc. 123 nétélakeun yén aya tilu desain panalungtikan, nya éta 1 one shot study, 2 pretest-postes , jeung 3 static group comparison. Desainna one group pretest-posttest design. Observasi anu dilakukeun dina ieu desain dilakukeun dua kali, nya éta saméméh panalungtikan jeung sabada panalungtikan. Observasi anu dilakukeun saméméh panalungtikan O1 disebut pre-test, sedengkeun sabada panalungtikan O2 disebut post-test. Sangkan leuwih jénté desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu di handap. Bagan 3.1 Katerangan: O1 = Pretest hasil panalungtikan saméméh perlakuan X = treatment diajar maca carita pondok ngagukeun modél pangajaran Timbal-balik O2 = posttest hasil panalungtikan sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik Arikunto 2010, kc. 123

3.2 Sumber Data

Arikunto 2010, kc. 172 nétélakeun yén sumber data mangrupa subjék timana data dimeunangkeun. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah taun ajaran 20142015 anu jumlahna 28 ngawengku 13 lalaki jeung 15 awéwé. Anu jadi data ieu panalungtikan nya éta kamampuh maca carita pondok siswa.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Arikunto 2010, kc. 203 nétélakeun yén Instrumén panalungtikan téh nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan O1 X O2