MEDIA PUZZLE PADA PEMBELAJARAN MENULIS SISINDIRAN : Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

(1)

MÉDIA PUZZLE DINA PANGAJARAN NULIS SISINDIRAN

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Putri Sri Jayanti

NIM 1005590

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

MÉDIA PUZZLE DINA PANGAJARAN NULIS SISINDIRAN

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Putri Sri Jayanti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Putri Sri Jayanti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

(4)

Putri Sri Jayanti, 2014

MEDIA PUZZLE PADA PEMBELAJARAN MENULIS SISINDIRAN

(Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1)

Putri Sri Jayanti2) ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya media pembelajaran dalam kegiatan belajar mengajar dan pentingnya kegiatan menulis, khususnya menulis sisindiran. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam menulis sisindiran setelah menggunakan Media Puzzle. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan pre-test and post-test design group. Teknik yang digunakan berupa tehnik tes dengan instrumen lembar tes. Adapun yang menjadi sumber data dari penelitian ini adalah siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung tahun ajaran 2013/2014. Hasil dari penelitian ini dapat disimpulkan bahwa secara umum kemampuan menulis sisindiran siswa setelah menggunakan Media Puzzle meningkat. Hasil uji gain menunjukan bahwa ada beda yang signifikan antara kemampuan menulis sisindiran siswa sebelum dan setelah menggunakan Media Puzzle yaitu meningkat dari 65,64% menjadi 81,86%, dengan beda 16,22%. Dalam taraf kepercayaan 99% Ha (Hipotesis Kerja) diterima dalam menulis sisindiran dengan menggunakan Media Puzzle dengan perhitungan thitung (15,32) > ttabel (2,46). Dengan demikian terbukti bahwa Media Puzzle dapat meningkatkan kemampuan menulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Tahun Ajaran 2013.2014.


(5)

THE USE OF PUZZLE MEDIAIN WIRITING SISINDIRAN LEARNING (Quasi Eksperimental Study to SMP Negeri 5 Bandung Students Grade

VIII H Year Lesson 2013/2014)1) Putri Sri Jayanti2) ABSTRACT

This research was concerned to the importance of learning media applied in teaching-learning activity in the classroom, especially on writing sisindiran. It aimed to describe students ability in writing sisindiran after using the Puzzle Media. The method of this research was used quasi-experimental with pretest and posttest design group. The technique used in this research was testing technique and used testing worksheet instrument. This research was conducted in SMP Negeri 5 Bandung grade VIII H. The result of this research found that generally the students writing ability has increased after using Puzzle Media. From the gain test was found significance difference between students writing sisindiran ability before and after using Puzzle Media which increased from 65,64% to 81,86%, with difference 16,22%. Ha was accepted in significance 99% on writing sisindiran used Puzzle Media with result tvalue (15,32) > ttabel (2,46). It can be

conclude that Puzzle Media increased students ability in writing sisindiran learning for SMP Negeri 5 Bandung students grade VIII H year lesson 2013/2014.


(6)

Putri Sri Jayanti, 2014

DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ...i

ABSTRAK ...ii

PANGJAJAP ...iii

CATUR NUHUN ...iv

DAPTAR EUSI ...vi

DAPTAR TABÉL ...ix

DAPTAR BAGAN ...x

DAPTAR GRAFIK ...xi

DAPTAR LAMPIRAN ...xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 2

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 2

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 3

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 4

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, ASUMSI, JEUNG HIPOTÉSIS ... 6

2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 Nulis ... 6

2.1.1.1 Wangenan Nulis. ... 6

2.1.1.2 Jenis-jenis Tulisan ... 6

2.1.1.3 Fungsi Nulis ... 7

2.1.1.4 Tujuan Nulis ... 8

2.1.1.5 Mangpaat Nulis ... 9

2.1.2 Sisindiran ... 10

2.1.2.1 Wangenan Sisindiran ... 10

2.1.2.2 Papasingan Sisindiran ... 11

2.1.2.3 Nulis Sisindiran ... 19

2.1.3 Média Puzzle ... 23

2.1.3.1 Wangenan Média Puzzle ... 23

2.1.3.2 Tujuan Média Puzzle ... 25

2.1.3.3 Mangpaat Média Puzzzle... 25


(7)

2.1.4 Média Puzzle dina Pangajaran Nulis Sisindiran ... 26

2.1.4.1 Tujuan Média Puzzle dina Pangjaran Nulis Sisindiran ... 26

2.1.4.2 Mangpaat Média Puzzle dina Pangajran Nulis Sisindiran ... 26

2.1.4.3 Prosedur Pelaksanakan Maké Média Puzzle dina pangajaran Nulis Sisindiran ... 27

2.1.5 Materi Ajar ... 29

2.2 Raraga Mikir ... 38

2.3 Asumsi jeung hipotésis Tindakam ... 39

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ...40

3.1 Lokasi jeung Sumber ...40

3.2 Desain Panalungtikan ...40

3.3 Métode Panalungtikan ...41

3.4 Wangenan Operasional ...41

3.5 Instrumén Panalungtikan ...42

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...49

3.7 Téhnik Nganalisis Data ...47

3.7.1 Mére Peunteun ...50

3.7.2 Uji Sipat Data ...52

3.8 Uji coba Kagiatan Ngajar ...57

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARANAN ...58

4.1 Hasil Tés Nulis Sisindiran Siswa Saméméh Maké Média Puzzle ...58

4.2 Hasil Tés Nulis Sisindiran Siswa Sannggeus Maké Média Puzzle ...62

4.3 Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Saméméh jeung Sanggeus Maké Média Puzzle ...68

4.4. Uji Sipat Data ...68

4.4.1 Uji Normalitas ...68

4.4.2 Uji Homogénitas ...74

4.4.2 Uji Gain ...75

4.4.3 Uji Hipotésis ...78

4.5 Pedaran Hasil Panalungtikan...79

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ...81

5.1 Kacindekan ...81


(8)

Viii

Putri Sri Jayanti, 2014

DAPTAR PUSTAKA ...83

LAMPIRAN-LAMPIRAN……….85


(9)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Manusa moal bisa leupas tina prosés komunikasi. Basa mangrupa salah sahiji média pikeun ngalakukeun komunikasi. Basa téh aya dina wangun tulisan jeung lisan. Dina ngedalkeunana, basa wangun lisan dikedalkeun ku cara nyarita, ari basa wangun tulisan dikedalkeun kucara nulis.

Wilga (dina Kusuma, 2011, kc. 2) nétélakeun yén “umumna jalma déwasa

ngangunakeun waktuna 45% nyarita, 30% ngaregepkeun, 16% maca, jeung nulis

9%”. Pérséntase minat nulis nurutkeun data, katitén yén 9% téh aya dina urutan panghandapna nya éta kaopat. Hal ieu miboga harti yén jalma déwasa kurang minat kana nulis.

Dina pangajaran basa Sunda di sakola, nulis mangrupa kaparigelan basa anu ngawengku sababaraha kompetensi dasar. Salah sahijina kompetensi dasar nulis sisindiran. Hal ieu dipedar dina pedoman pengembangan KTSP 2006 mata pelajaran basa Sunda, nya éta mata pelajaran sisindiran di kelas VIII.

Najan kacirina jiga gampang, tapi dina prak-prakana pangajaran nulis sisindiran téh masih dianggap hésé ku siswa, boh dina néangan ide atawa néangan kekecapanana, boh dina nyieun cangkang atawa eusi sisindiran. Rata-rata unggal siswa téh hésé nyangking téma atawa ide pikeun nyusun sisindiran nu kabeungkeut ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada.

Hal lain anu ngalantarankeun siswa teu bisa nulis sisindiran téh nya éta modél atawa média pangajaranna kurang luyu jeung teu dipkaresep ku siswa. Sedengkeun anu dipiharep téh siswa bisa ngahontal tujuan pangajaran sakumaha anu geus aya dina SKKD kelas VIII nya éta bisa nulis sisindiran.


(10)

2

Putri Sri Jayanti, 2014

Dumasar kana masalah-masalah anu kapanggih di luhur, perlu diayakeun média alternatif dina ngajarkeun pangajaran nulis sisindiran. Salah sahiji média alternatif anu di maksud nya éta ngagunakeun média puzzle pikeun diajar nulis sisindiran.

Média pangajaran téh kaitung loba, di antarana média game. Game anu digunakeun di dieu téh nya éta puzzle. Game puzzle mangrupa hiji kagiatan kelompok anu gawéna téh nyusun kecap, éta kekecapan lamun disusun kalayan bener bakal ngawangun hiji sisindiran. Sisindiran anu kudu disusun ku unggal kelompok téh aya tilu wangun nya éta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Sanggeus nyusun sisindiran, unggal kelompok nyieun tilu wangun sisindiran (rarakitan, paparikan jeung wawangsalan). Kagiatan pamungkasna nya éta wawakil ti unggal kelompok macakeun hasil nulis sisindiranna.

Tina panalungtikan saméméhna geus aya skripsi anu nalungtik ngeunaan

pangajaran sisindiran di antarana ku Akmaliah (2009), ngeunaan “Éféktivitas Téknik Jigsaw dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas VIII SMP Bakti Bangsa Bandung Taun Pelajaran 2009-2010”. Aya deui nu ditalungtik ku Kusuma (2011) ngeunaan “Éféktivitas Modél Pangajaran Tématik dina Pangajaran Nulis

Sisindiran Wangun Paparikan jeung Rarakitan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa VIII C SMP Pasundan 6 Taun Ajaran 2010-2011).

Nilik kana panalungtikan di luhur, can aya panalungtikan anu medar ngeunaan

“Média Puzzle dina Pangajaran Nulis Sisindiran”. Ku kituna, ieu panalungtikan téh perlu diayakeun pikeun ngeuyeuban média pangajaran dina ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis sisindiran.

Dumasar kana hal-hal anu kapanggih di luhur, ku kituna penulis ngayakeun

panalungtikan nu judulna “Média Puzzle dina Pangajaran Nulis Sisindiran (Studi Kuasi Ékspérimén ka Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)


(11)

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, idéntifikasi masalah dina ieu panalungtikan nya éta:

a) Perluna mekarkeun kréativitas guru dina ngokolakeun pangajaran sangkan kamampuh nulis sisindiran siswa ngaronjat.

b) Loba média anu bisa dipaké ku guru pikeun ningkatkeun hasil diajar siswa.

c) Média puzzle mangrupa salasahiji média anu bisa dipaké pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis sisindiran

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana identifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu dihandap:

a) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung 2013/2014 dina nulis sisindiran saméméh ngagunakeun média puzzle?

b) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung taun ajaran 2013/2014 dina nulis sisindiran sanggeus ngagunakeun média puzzle ?

c) Naha aya bédana kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanngeus ngagunakeun média puzzle?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngungkulan pasualan atawa masalah dina pangajaran nulis sisindiran di kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung.

1.3.2 Tujuan Husus


(12)

4

Putri Sri Jayanti, 2014

a) kamampuh siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung dina nulis sisindiran saméméh ngagunakeun média puzzle;

b) kamampuh siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung dina nulis sisindiran sanggeus ngagunakeun média puzzle; jeung

c) bédana kamampuh siswa dina nulis sisindiran saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média puzzle di kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngungkulan masalah atawa pasualan dina pangajaran nulis sisindiran di kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung. Hasilna dipiharep bisa ngaronjatkeun kréatifitas guru dina ngagunakeun média pangajaran sangkan teu monoton jeung bisa ngirut siswa. Lian ti éta, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun minat siswa dina nulis sisindiran hususna minat pikeun diajar Basa Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana: a) Mangpaat pikeun Guru

Pikeun guru basa Sunda sangkan bisa apal ngeunaan média puzzle dina pangajaran nulis sisindiran, sarta ieu média téh bisa dipaké pikeun média alternatif dina pangajaran, lian ti éta ogé bisa mikanyaho kamampuh siswa dina nulis sisindiran ku cara ngagunakeun média puzzle;

b) Mangpaat pikeun Siswa

Bisa ngaronjatkeun kamampuh jeung krétafitas siswa, ku cara ngagunakeun média puzzle sarta numuwuhkeun minat, sumanget atawa motivasi diajar siswa kana pangajaran basa Sunda hususna pangajaran nulis sisindiran.

c) Mangpaat pikeun paélmuan

Mangpaat pikeun paélmuan nya éta sangkan nambahan hasanah élmu pangaweruh ngeunaan pangajaran nulis sisindiran katut ka médiana.


(13)

d) Mangpaat pikeun nu maca

Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh nu maca, sakumaha pangaruh atawa mangpaat dina média puzzle dina pangajaran nulis sisindiran.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bab bubuka. Anu dipedar dina ieu bab nya éta kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan diayakeunna ieu panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II eusina mangrupa ulikan tiori, rangkay tiori, asumsi jeung hipotésis panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan média puzzle, kaparigelan nulis, jeung sisindiran.

Bab III eusina mangrupa métode panalungtikan tina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar lokasi jeung sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan jeung téhnik ngolah data. Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu geus dilakukeun. Métode panalungtikan anu aya di bab III diterapkeun dina bab IV. Bab V eusina kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran atawa rékoméndasi anu ditepikeun ku panulis.


(14)

40

Putri Sri Jayanti, 2014

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

Lokasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 5 Bandung, anu alamatna di jalan Sumatra No.40 Telepon (022) 4207121 Bandung. Dina ieu panalungtikan anu jadi sumber panalungtikanana nya éta siswa SMP Negeri 5 Bandung Kelas VIII H kalawan jumlah siswana 30 urang, anu ngawengku 14 urang siswa lalaki jeung 16 urang siswa awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Arikunto (2006, kc. 85) ngébréhkeun yén “desain panalungtikan kuasi

ékspérimén téh aya tilu, nya éta (1) One-shot case study, (2) Pre-test and Post-test Group, jeung (3) Static group comparison. Desain panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta Pre-test and Post-test Group. Pratés dilaksanakeun pikeun mikanyaho kamampuh awal siswa saméméh dilaksanakeun treatment. Postés dilaksanakeun pikeun mikanyaho kamampuh murid sabada dilaksanakeun treatment (média puzzle). Tés dilaksanakeun dua kali nya éta saméméh dilaksanakeun ékspérimén jeung sabada dilaksanakeun ékspérimén. Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan kuasi ékspérimén nu digunakeun dina ieu panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap:

O1 X O2 Desain Panalungtikan Pre-test and Pos-test Group

(Arikunto, 2006 kc. 85) Katerangan:

O1: tés awal (saméméh ngagunakeun média game puzzle) O2: tés ahir ( sanggeus ngagunakeun média game puzzle)


(15)

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan.

Nurutkeun Campabel jeung Stanley (dina Arikunto, 2006, kc. 84) dumasar kana hadé-goréngna ékspérimén, atawa sampurna-hnteunna ékpérimén sacara gurat badag desain panalungtikan ékspérimén dibagi jadi dua, nya éta: (1) Pre Eksperimental Design atawa ékspérimén teu sampurna; jeung (2) True Eksperimental Design atawa disebut ogé ékspérimén murni.

Pre Esperimental nya éta ékspérimén teu sampurna. Ku kituna sok disebut ogé ku istilah kuasi ékspérimén atawa éksperimén semu (teu sampurna). Disebut teu sampurna ku lantaran dina ékspérimén semu can nyumponan sarat dina ékspérimén ilmiah nu nurutkeun kana aturan-aturan nu tinangtu.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén atawa ékspérimén semu, nya éta panalungtikan anu ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Tujuan ngagunakeun ieu métode nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis sisindiran saméméh ngagunakeun média puzzle jeung sanggeus ngagunakeun média puzzle.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih jéntré sarta henteu nimbulkeun persépsi anu béda kana judul panalungtikanna, perlu dirumuskeun ngeunaan wangun-wangun oprasional, istilah-istilah atawa kecap-kecap nu dipaké dina ieu judul panalungtiakan nya éta:

1) Média Puzzle mangrupa hiji média alternatif pikeun nulis sisindiran anu dina prak-prakanna siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Satuluyna unggal kelompok nyusun puzzle kecap jadi wangun sisindiran.

2) Kamampuh nulis nya éta kamampuh nepikeun ide atawa gagasan, kahayang, pamadegan, jeung pangalaman sacara tinulis.

3) Sisindiran nya éta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Sisindiran dina ieu panalungtikan nya éta sisindiran wangun rarakitan, paparikan jeung wawangsalan.


(16)

42

Putri Sri Jayanti, 2014

3.5 Instrumén Panalungtikan

“Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka datana leuwih gampang di olah” (Arikunto, 2006, kc. 136).

Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta instrumén tés. Instrumén tés ditepikeun ka siswa, jenis tés anu ditepikeun nya éta tés nulis sisindiran. Aspék anu dipeunteun nya éta eusi, organisasi, kosa kecap, penggunaan basa, jeung mékanik.

Tés nya éta runtuyan pertanyaan atawa latihan anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegensi, kamampuh atawa bakat anu dipiboga ku individu/kelompok. Jenis tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta achievement test. Ieu jenis tés téh biasana sok digunakeun pikeun ngukur sajauh mana kamajuan siswa dina ngahontal préstasi sanggeus ngagunakeun hiji modél, métode atawa média. Dina ieu panalungtikan média anu digunakeun téh nya éta média puzzle.

Nurutkeun Kusuma (2011, kc. 52) aya sababaraha kritéria pikeun ngumpulkeun data nya éta:

1) Objéktif

Hasil anu kahontal kudu bisa ngagambarkeun kaayaan anu sabenerna sarta bisa ngagambarkeun tingkat kamampuh siswa séwang-séwangan.

2) Cocok (Suitable )

Tés anu digunakeun téh kudu luyu jeung maksud sarta jenis data anu dikumpulkeun pikeun nguji hipotésis anu geus dirumuskeun atawa saluyu jeung masalah anu ditalungtik.

3) Valid

Validitas alat tés nya éta tingkat kaakuratan alat tés pikeun diujicobakeun ka hiji kelompok anu tangtu.

4) Réliabel

Tés anu digunakeun bisa dipaké tanpa wates waktu jeung tempat ka kelompok nu sarua.


(17)

Tés anu digunakeun téh nya éta tés anu sipatna aplikatif (penerapan) anu meredih kamampuh ngalarapkeun pangaweruh tioritis siswa kana kagiatan praktis tur kongkrét.

Kamampuh aplikatif di dieu nya éta kamampuh ngarobah, ngamodifikasi, ngadémonstrasikeun, ngaprésiasikeun jeung ngalarapkeun hiji kamampuh nulis sisindiran. Kamampuh aplikatif anu dimekarkeun dina ieu panalungtikan nya éta soal nulis sisindiran, di antarana:

1) soal ngalengkepan, anu jumlahna aya 6 soal; jeung 2) soal nulis Sisindiran, anu jumlahna aya 3 soal.

Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap mangrupa instrumén soal panalungtikan anu digunakeun ku panulis:


(18)

44

Putri Sri Jayanti, 2014

a) Instrumén pratés

DINAS PENDIDIKAN KOTA BANDUNG

SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 5 BANDUNG

Jalan Sumatra NO.40 Telepon (022) 4207121 Fax (022) 4207121 Bandung – 40113 email : smpnegerilima_javastraat@yahoo.com web : www.smpn5bdg.sch.id

SOAL NULIS SISINDIRAN (PRATÉS)

Wasta : Mata Pelajaran : Kelas : Poé/tanggal :

I. Lengkepan sisindiran di handap kalawan bener! A. Wawangsalan

1) Bulu panon wates taar 2) ………...

Itu nyai meni geulis ………..

Wangsalana : …… Wangsalna : Ucing

B. Paparikan

3) Neundeun baskom luhur sumur 4) ……….

Kadé bisi jadi bahé ……….

………. Lain nyeri ku panyakit

………. Kabogoh direbut batur

C. Rarakitan

5) Ti batan mamawa pedang 6) ……….

Mending gé mawa ragaji ……….

……… Daék sotéh ka si éta

……… Ka si itu mah da embung

II. Jieun sisindiran di handap kalawan bener!

A. Wawangsalan

7) ……….

……….

Wangsalna : …………

B. Paparikan

8) ………..

………..

………..

………..

C. Rarakitan

9) ……….

……….

……….


(19)

b) Instrumén Pascatés

DINAS PENDIDIKAN KOTA BANDUNG

SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 5 BANDUNG

Jalan Sumatra NO.40 Telepon (022) 4207121 Fax (022) 4207121 Bandung – 40113 email : smpnegerilima_javastraat@yahoo.com web : www.smpn5bdg.sch.id

SOAL NULIS SISINDIRAN (PASCATÉS)

Wasta : Mata Pelajaran : Kelas : Poé/tanggal :

III. Lengkepan sisindiran di handap kalawan bener!

D. Wawangsalan

2) Cisusu kentel dimasak 2) .………...

Ulah téga-téga teuing ………

Wangsalana : …… Wangsalna : Suling

E. Paparikan

3) Aya listrik di masigit 4) ……….

Caangna ka pabrik Cina ……….

………. Lamun anjeun hayang pinter

………. Ulah loba teuing ulin

F. Rarakitan

6) Lamun ulin ka Cianjur 6) ……….

Tong mamawa awi gombong ……….

……… Aya istri geulis pisan

……… Ngan hanjakal tara mandi

IV. Jieun sisindiran di handap kalawan bener!

D. Wawangsalan

7) ……….

……….

Wangsalna : …………

E. Paparikan

8) ………..

………..

………..

………..

F. Rarakitan

9) ……….

……….

……….


(20)

46

Putri Sri Jayanti, 2014

Soal-soal anu dijieun baris di bérékeun ka siswa nalika panalungtik ngalakukeun pratést jeung pascatést.

Skala jeung katangtuan méré peunteun dina pangajaran nulis sisindiran anu dipaké dina ieu panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap:

Tabél 3.1

Pedoman Meunteun Nulis Aspék

Kamampuh Nulis

Skor Kritéria

(1) (2) (3)

Eusi 5 Hadé pisan (Sampurna, hartina maham pisan, mekarkeun kecap koncina relevan/luyu jeung judul sarta pasoalan anu dipedar )

4 Hadé (ampir sampurna, hartina maham, kecap koncina relevan/luyu jeung judul sarta pasoalan anu dipedar)

3 Cukup-Hadé (Maham, mekarkeun kecap koncina relevan/luyu jeung judul sarta pasoalan nu dipedar tapi kurang lengkep)

2 Sedeng-Cukup (Pamahamanna kurang, mekarkeun kecap koncina kurang saluyu sarta pasoalan nu dipedarna heureut)

1 Kurang Hadé (Teu maham kana eusi, teu

mekarkeun kecap konci, teu cukup pikeun diajén) Organisasi 5 Hadé Pisan (Éksprési lancar, gagasan anu

diungkabkeun jéntré, padat, rapi, runtuyanna logis jeung kohésif)

4 Hadé (Éksprési lancar, gagasan anu diungkabkeun jéntré, padat,rapih, runtuyana logis jeung kohésif tapi aya saeutik kakuranganna)


(21)

(1) (2) (3)

3 Cukup-Hadé (Éksprési kurang lancar, kurang terorganisir, tapi gagasan utama jéntré, kurang rapi, bahan anu ngarojong kawatesanan, runtuyanna logis tapi teu lengkep)

2 Sedeng-Cukup (Éksprési teu lancar, gagasanna teu jéntré, terpotong-potong, runtuyan jeung

mekarkeunna teu logis)

1 Kurang Hadé (Heunteu komunikatif, teu terorganisir, teu cukup pikeun diajén)

Kosa Kecap 5 Hadé Pisan (Jembar, pamakéan kecap éféktif, pamilihan kecap jeung ngungkabkeun kecapna merenah, sarta ngawasa pisan pangwangunan kecap)

4 Hadé (Jembar, pamakéan kecap éféktif, pamilihan kecap jeung ngungkabkeun kecapna merenah, sarta ngawasa pisan pangwangunan kecap tapi aya kakuranganna saeutik)

3 Cukup-Hadé (Kurang jembar, pamakéan kecap éféktif, pamilihan kecap jeung ngungkabkeun kecapna kadang-kadang teu merenah tapi heunteu ngaganggu)

2 Sedeng-Cukup (Sedeng, kurang éféktif, pamilihan kecapna kawatesanan jeung penggunaan kosa

kecapna sering salah anu ngabalukarkeun ma’nana

ogé salah)

1 Kurang Hadé (Teu éféktif, pamilihan kosa kecap asal-asalan, pangaweruh ngeunaan kosa kecap kurang pisan, teu cukup pikeun diajén)


(22)

48

Putri Sri Jayanti, 2014

(1) (2) (3)

Penggunaan Basa

5 Hadé Pisan (Ngawasa pisan tata basa, saeutik kasalahan dina maké jeung nyusun kalimah jeung kecap )

4 Hadé (Ngawasa pisan tata basa, saeutik kasalahan dina maké jeung nyusun kalimah jeung kecap tapi aya kakuranganna saeutik )

3 Cukup-Hadé (Pamakéan jeung nyusun kalimahna sarta kecapna sederhana, saeutik kasalahan tata

basa, teu ngaleungitkeun ma’na)

2 Sedeng-Cukup ( Hésé dina maké jeung nyusun kalimah sederhana, kasalahan tata basa, ma’nana

ngabingungkeun)

1 Kurang Hadé (Teu ngawasa pamakéan jeung panyusunan kalimah, teu komunikatif, teu cukup pikeun diajén)

Mékanik 5 Hadé Pisan (Ngawasa kana aturan panulisan) 4 Hadé Pisan (Ngawasa kana aturan panulisan, tapi

aya sababaraha kasalahan éjahan)

3 Cukup-Hadé (Kurang ngawasa aturan panulisan, kadang-kadang aya kasalahan éjahan tapi teu

ngarobah ma’na)

2 Sedeng-Cukup (Kurang ngawasa aturan panulisan,

sering kajadian salah éjahan, ma’nana

ngabingungkeun)

1 Kurang Hadé (Heunteu ngawasa kana aturan panulisan, loba kasalahn éjahan, tulisan hésé dibaca, teu cukup pikeun diajén )

Hartfield jeung Nurgiyantoro (dina Kuswari, 2010, kc. 182-183) kalayan diropéa rentang skorna.


(23)

Tabél 3.2

Format Meunteun Nulis sisindiran

No Unsur anu dipeunteun Skala

Peunteun Skor Siswa

1 Eusi 1-5 ……….

2 Organisasi 1-5 ……….

3 Kosa Kecap 1-5 ……….

4 Penggunaan Basa 1-5 ……….

5 Mékanik 1-5 ………..

Jumlah 5-25 ………..

Katerangan: 5 = Alus pisan 4 = Alus 3= Sedeng 2 = Cukup 1 = Kurang

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpukeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan téh tujuanna pikeun meunangkeun data boh saméméh atawa saeunggeus dibéré stimulus ka siswa dina prosés diajar-ngajar nulis sisindiran. Tés ieu dilakukeun lantaran data utama nu dibutuhkeun téh nya éta data ngeunaan kamampuh siswa dina nulis sisindiran. Ieu data bisa dibeunangkeun ngaliwatan hiji ukuran kalawan ngangunakeun téhnik tés.

Pratés dilakukeun saméméh dibéré stimulus tujuanna pikeun ngukur kamampuh awal dina pangajaran nulis sisindiran, sedengkeun psactés dilaksankeun sanggeus dibéré stimulus, tujuanna pikeun ngukur kaberhasilan panagajaran nulis sisindiran kalawan ngagunakeun Média Puzzle. Kaberhasilan


(24)

50

Putri Sri Jayanti, 2014

pangajaran nulis sisindiran ieu téh bisa katitén ku cara ngabandingkeun hasil tés awal jeung tés ahir nalika panalungtikan ékspérimén.

Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés prestasi atawa achievement test, nya éta uraian objéktif. Tés uraian objéktif mangrupa patalékan anu jawabanna mangrupa kacindekan atawa tafsiran kana pangajan nulis sisindiran.

Tés kasusastraan tingkat aplikatif meredih kamampuh siswa dina ngalarapkeun pangaweruh tioritisna kana kagiatan praktis anu nyata (kongkrét). Hartina, siswa ditungtut bener-bener bisa migawé karya sastra sacara nyata. Ieu kamapuh mangrupa kamampuh ngarobah, ngamodifikasi, ngademonstrasi, ngoprasikeun jeung ngalarapkeun hiji hal atawa kamampuh. Dina tés nulis sisindiran tingkat aplikatifna dina soal ngalengkepan jeung nyieun sisindiran.

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Data anu diolah téh saenyana mah ditujukeun pikeun mikanyaho:

1) Média Puzzle Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

2) Kamampuh Nilis Sisindiran Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus dilaksanakeun panagajaran ngagunakeun Média Puzzle;

3) Béda nu signifikan dina Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus dilaksanakeun pangajaran ngangunakeun Média Puzzle.

Pikeun maluruh hal di luhur, dilakukeun analisis data, anu léngkah-léngkahna saperti ieu di handap:

3.7.1 Méré Peunteun

Hasil pratés jeung pascatés dipariksa jeung dianalisis anu satuluyna ditabulasikeun, tujuanna pikeun mikanyaho rata-rata peunteun siswa, standar déviasi jeung varian tina masing-masing kelompok. Lian ti éta pikeun mikanyaho normalitas data kudu ditéangan ngagunakeun uji normalitas. Sedengkeun pikeun mikanyaho homogén henteuna varian sampel kudu ngaliwatan uji homogénitas


(25)

pikeun mikanyaho frékuénsi peunteun pangajaran nulis sisindiran. Panalungtik ngadéskripsikeun dina wangun tabél peunteun anu nyoko kana kriteria anu geus ditangtukeun.

Tabél 3.3

Format Meunteun Nulis Sisindiran

No Unsur anu dipeunteun Skala

Peunteun

Skor Siswa

1 Eusi 1-5 ……….

2 Organisasi 1-5 ……….

3 Kosa Kecap 1-5 ……….

4 Penggunaan basa 1-5 ……….

5 Mékanik 1-5 ………..

Jumlah 5-25 ………..

Katerangan: 5 = Alus pisan 4 = Alus 3 = Cukup 2 = Sedeng 1 = Kurang

Pikeun meunteun hasil sisindiran siswa digunakeun pedoman meunteun saperti tabél 3.2 diluhur. Dumasar kana pedoman di luhur skor maksimal nya éta 25, skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor atah kalawan ngagunakeun rumus:

Skor atah = Skor kahontal x 100 Skor maksimal

Katerangan : KKM = 80,

Peunteun Maksimal = 100


(26)

52

Putri Sri Jayanti, 2014

peunteun < 80, siswa dianggap can mampuh nulis sisindiran Sangkan leuwih écés, skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél di handap.

Tabél 3.4

Format Skor Tés Nulis Sisindiran Siswa

No Ngaran Siswa A B C D E P % Kategori

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) 1

2

Katerangan: A = Eusi B = Organisasi C = Kosa Kecap D = Penggunaan Basa E = Mékanik

∑ = Jumlah total

P = Peunteun % = Perséntase

3.7.2 Uji Sipat Data a. Uji Normalitas Data

Tujuan diayakeun uji normalitas nya éta pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh miboga distribusi anu normal, salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji dua kamampuh rata-rata. Pikeun nangtukeun yén data téh miboga sifat anu normal atawa henteu, cara ngitungna ngagunakeun rumus Chi kuadrat (X2). Pikeun nangtukeun uji normalitas, léngkah-léngkahna nya éta: (1) Nangtukeun skor panggedéna jeung pangleutikna. Éta skor téh ditempo tina

jumlah (∑) kecap larapna merenah.

(2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap: r = skor panggedéna – skor pangleutikna


(27)

(3) Nangtukeun jumlah kelas (k) K = 1 + 3,3 log n

(4) Nangtukeun panjang kelas interval (p) P =

(5) Nyieun tabél distribusi frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.5

Format Distribusi Frékuénsi Peunteun

No. Kelas Interval ƒi xi xi2 ƒi xi ƒi xi2 1.

2.

(6) Ngitung rata-rata (méan) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngangunakeun rumus ieu di handap:

X =

Katerangan:

X = rata-rata (mean)

∑ = jumlah (sigma) ƒi = jumlah data

xi = nilai tengah (Sudjana, 1992, kc. 70) (7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap:

(Sudjana, 1992, kc. 93-95)

(8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan). (a)Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi


(28)

54

Putri Sri Jayanti, 2014

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Kelas

Interval Oi bk Zitung Ztabél L Ei

(b)Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(c)Nangtkeun batas kelas (bk)

(d)Ngitung Zitung (Transformasi normal standar bébas kelas) (e)Nangtukeun nilai Xtabél

(f)Ngitung legana unggal kelas interval (L) (g)Ngitung frékénsi ékspéktasi (Ei)

Ei = n x L

(h)Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat) X2 = ∑

(Sudjana, 1992, kc. 273) (9) Nangtukeun drajat kabébasan (dk)

Dk = k -3

(Sudjana, 1992, kc. 293) (10) Nangtukeun harga X2tabél


(29)

(11) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap.

(a) Lamun X2itung < X2tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

(b) Lamun X2itung > X2tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu normal.

(Arikunto, 2006, kc. 320) b. Uji Homogénitas

(1) Ngitung variasi (s2) unggal kelompok Variasi tés awal

Si2 =

Variasi tés ahir Si2 =

(Sudjana, 1992, kc. 95)

(2) Ngitung harga variasi (F)

(3) Ngitung derajat kabébasan (dk) dk = n – 1

(4) Nangtukeun harga Ftabél

(5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap. (a)Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

(b)Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 1992, kc. 250) c. Uji Gain (Uji rata-rata)


(30)

56

Putri Sri Jayanti, 2014

Tujuan gain téh pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara nilai tés jeung tés ahir. Tina uji fain, bisa meunangkeun gambaran ngeunaan pangaruh digunakeunana Média Puzzle kana kamampuh nulis sisndiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung. Pikeun nguji gain digunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.7

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Sisindiran Maké Média Puzzle

No Ngaran Siswa Nilai Tés Awal Nilai Tés

Ahir d d

2

d. Uji Hipotésis

Pikeun nangtukeun uji hipotésis, léngkah-léngkahna nya éta:

(1) Nangtukeun mean tina béda tés awal jeung tés ahir kalawan ngagunakeun rumus:

Md =

(Arikunto, 2006, kc. 307) (2) Derajat kebébasan (db) kalawan ngagunakeun rumus:

Db = n – 1

(Arikunto, 2006, kc. 308)

(3) Ngitung t kalawan rumus:

x2 d = ∑ d2


(31)

t =

(Arikunto, 2006, kc. 306) 1) Lamun titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén Média Puzzle téh

ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung.

2) Lamun titung < ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén Média Puzzle téh henteu ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung.

3.8 Uji Coba Kagiatan Ngajar a) Pratest

Léngkah-léngkahna:

(1)Guru ngabagikeun soal nulis sisindiran ka siswa, lobana aya salapan soal, anu eusina tilu soal wawangsalan, tilu soal rarakitan jeung soal tilu paparikan;

(2)Siswa dibéré waktu kurang leuwih 50 menit pikeun ngeusian; (3)Soal dikumpulkeun ka guru pikeun dibéré peunteun.

b) Treatment diajar nulis sisindiran ngagunakeun Média Puzzle c) Pacatest

Léngkah-léngkahna:

(1)Guru ngabagikeun soal nulis sisindiran ka siswa, lobana aya salapan soal, anu eusina tilu soal wawangsalan, tilu soal rarakitan jeung soal tilu paparikan;

(2)Siswa dibéré waktu kurang leuwih 50 menit pikeun ngeusian; (3)Soal dikumpulkeun ka guru pikeun dibéré peunteun.


(32)

Putri Sri Jayanti, 2014

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kancindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan Média Puzzle dina Pangajaran Nulis Sisindiran Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap:

1) Kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung saméméh maké média puzzle nya éta 13,33 % siswa mampuh, jeung 86,67 % siswa can mampuh nulis sisindiran;

2) Kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung sanggeus maké média puzzle nya éta 80 % siswa mampuh, jeung 20 % siswa can mampuh nulis sisindiran;

3) Dumasar kana hasil titung 15,32 < ttabel 2,46 bisa dicindeukkeun yén aya béda anu signifikan antara hasil pratés jeung pascatés, saméméh jeung sanggeus ngalaksanakeun “treatment” maké média puzzle. Hal ieu ngandung harti yén Média Puzzle bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa SMP Negeri 5 Bandung dina nulis sisindiran.

5.2 Saran

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan Média Puzzle dina Pangajaran Nulis Sisindiran Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung, aya sababaraha hal anu baris disarankeun sangkan ieu panalungtikan aya mangpaatna ka pihak sakola, di antarana:

1) Sangkan hasil diajar nulis sisindiran leuwih hadé, guru bisa ngagunakeun média puzzle;

2) Média puzzle tétéla geus bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa, Ku kituna ieu média bisa ogé dipaké ku guru mata pelajaran séjén pikeun ngaronjatkeun kompeténsi pangajaran nulis lianna;


(33)

3) Sangkan hasil diajar maké média puzzle téh ngaronjat, sacara tioritis,

dipiharep guru bisa maké léngkah-léngkah ngagunakeun média puzzle nu aya dina ieu panalungtikan.


(34)

Putri Sri Jayanti, 2014

DAPTAR PUSTAKA Buku:

Alwasilah, C. (2005) Pokoknya menulis. Bandung: Kiblat.

Arikunto, S. (2006) Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Ariniro. R. (2012) Seabrek game perangsang minat baca anak. Yogyakarta: Buku Biru.

Aqib, Z. (2013) Model-model, média, dan strategi pembelajaran kontékstual (Inovatif). Bandung: Yrama Widya.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2007) Standar kompetensi dan kompetensi dasar mata pelajaran bahasa dan sastra sunda. Bandung.

Faturahman, T. (1983) Ulikan sastra. Bandung: Djatnika.

Koswara, D. (2005) Racikan sastra pangdeudeul bahan perkuliahan sastra sunda. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Koswara, D. (2010) Sastra sunda buhun. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Kuncoro, M. (2009) Mahir menulis. Jakarta: Erlangga.

Kuswari, U. (2010) Evaluasi pembelajaran bahasa. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Malahayati jeung Murti, Tendi Krisna. (2012) 50 Permainan edukatif untuk mengembangkan potensi dan mental positif. Yogyakarta: PT Citra Aji Paraama. Nurjanah, N. (2008) Tiori nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Nurjatmika, Y. (2012) Ragam aktivitas harian untuk TK. Wonosari: DIVA Press. Muhammad. (2011) Metode penelitian bahasa. Yogyakarta: Ar-Ruzz Media. Rusyana, Y. (1988) Bahasa dan sastra dalam gamitan pendidikan. Bandung: Diponegoro.


(35)

Tamsyah, B.R. (1996) Pangajaran sastra sunda pikeun siswa SD, SLTP, SMU jeung umum. Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (2008) Menulis sebagai suatu keterampilan berbahasa. Bandung: Angkasa.

Windyagiri, D. (2011) Sisindiran jeung wawangsalan anyar. Bandung: Kiblat. Karya Ilmiah:

Agriawan, F. (2011) Éféktifitas média game dina pangajaran nulis surat pribadi siswa kelas VIII SMP Negeri 1 Lembang. (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.

Akmaliah, L. (2009) Eféktifitas téhnik jigsaw dina ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII SMP Negeri 5 Bandung taun pelajaran 2009-2010. (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia. Kusuma, V. R. P. (2011) Éféktifitas modél pangajaran tématik dina pangajaran nulis sisindiran wangun paparikan jeung rarakitan (Studi kuasi ékspérimén ka siswa VIII C SMP Pasundan 6 taun ajaran 2010-2011). (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia

Utami, W. (2009) Penerapan metode berbagi pengalaman sebagai upaya untuk meningkatkan kemampuan menulis cerita pendek (penelitian tindakan kelas pada siswa kelas X semester 2 SMAN 2 Bandung). (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia, Universitas Pendidikan Indonesia.

Susanti, Y. 2013. Pengaruh penggunaan puzzle berseri terhadap peningkatan kemampuan penyusunan struktur kalimat (SPOK) pada siswa tunarungu di kelas V SDLB Negeri Cicendo Bandung ( Studi eksperimen dengan single subject research). (Skripsi), Jurusan Pendidikan Khusus, Universitas Pendidikan Indonesia.


(1)

56

Tujuan gain téh pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara nilai tés jeung tés ahir. Tina uji fain, bisa meunangkeun gambaran ngeunaan

pangaruh digunakeunana Média Puzzle kana kamampuh nulis sisndiran siswa

kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung. Pikeun nguji gain digunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.7

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Sisindiran

Maké Média Puzzle

No Ngaran Siswa Nilai Tés Awal Nilai Tés

Ahir d d

2

d. Uji Hipotésis

Pikeun nangtukeun uji hipotésis, léngkah-léngkahna nya éta:

(1) Nangtukeun mean tina béda tés awal jeung tés ahir kalawan ngagunakeun

rumus: Md =

(Arikunto, 2006, kc. 307)

(2) Derajat kebébasan (db) kalawan ngagunakeun rumus:

Db = n – 1

(Arikunto, 2006, kc. 308)


(2)

57

t =

(Arikunto, 2006, kc. 306) 1) Lamun titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén Média Puzzle téh

ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung.

2) Lamun titung < ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén Média Puzzle téh henteu

ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung.

3.8 Uji Coba Kagiatan Ngajar

a) Pratest

Léngkah-léngkahna:

(1)Guru ngabagikeun soal nulis sisindiran ka siswa, lobana aya salapan soal,

anu eusina tilu soal wawangsalan, tilu soal rarakitan jeung soal tilu paparikan;

(2)Siswa dibéré waktu kurang leuwih 50 menit pikeun ngeusian;

(3)Soal dikumpulkeun ka guru pikeun dibéré peunteun.

b) Treatment diajar nulis sisindiran ngagunakeun Média Puzzle

c) Pacatest

Léngkah-léngkahna:

(1)Guru ngabagikeun soal nulis sisindiran ka siswa, lobana aya salapan soal,

anu eusina tilu soal wawangsalan, tilu soal rarakitan jeung soal tilu paparikan;

(2)Siswa dibéré waktu kurang leuwih 50 menit pikeun ngeusian;


(3)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kancindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan Média Puzzle dina

Pangajaran Nulis Sisindiran Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung, bisa

dicindekkeun saperti ieu di handap:

1) Kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung

saméméh maké média puzzle nya éta 13,33 % siswa mampuh, jeung 86,67 %

siswa can mampuh nulis sisindiran;

2) Kamampuh nulis sisindiran siswa kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung

sanggeus maké média puzzle nya éta 80 % siswa mampuh, jeung 20 % siswa

can mampuh nulis sisindiran;

3) Dumasar kana hasil titung 15,32 < ttabel 2,46 bisa dicindeukkeun yén aya béda

anu signifikan antara hasil pratés jeung pascatés, saméméh jeung sanggeus

ngalaksanakeun “treatment” maké média puzzle. Hal ieu ngandung harti yén

Média Puzzle bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa SMP Negeri 5 Bandung

dina nulis sisindiran.

5.2 Saran

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan Média Puzzle dina

Pangajaran Nulis Sisindiran Kelas VIII H SMP Negeri 5 Bandung, aya

sababaraha hal anu baris disarankeun sangkan ieu panalungtikan aya mangpaatna ka pihak sakola, di antarana:


(4)

3) Sangkan hasil diajar maké média puzzle téh ngaronjat, sacara tioritis,

dipiharep guru bisa maké léngkah-léngkah ngagunakeun média puzzle nu


(5)

DAPTAR PUSTAKA Buku:

Alwasilah, C. (2005) Pokoknya menulis. Bandung: Kiblat.

Arikunto, S. (2006) Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta:

Rineka Cipta.

Ariniro. R. (2012) Seabrek game perangsang minat baca anak. Yogyakarta: Buku

Biru.

Aqib, Z. (2013) Model-model, média, dan strategi pembelajaran kontékstual

(Inovatif). Bandung: Yrama Widya.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2007) Standar kompetensi dan kompetensi

dasar mata pelajaran bahasa dan sastra sunda. Bandung.

Faturahman, T. (1983) Ulikan sastra. Bandung: Djatnika.

Koswara, D. (2005) Racikan sastra pangdeudeul bahan perkuliahan sastra sunda.

Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Koswara, D. (2010) Sastra sunda buhun. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan

Indonesia Press.

Kuncoro, M. (2009) Mahir menulis. Jakarta: Erlangga.

Kuswari, U. (2010) Evaluasi pembelajaran bahasa. Bandung: JPBD Universitas

Pendidikan Indonesia Press.

Malahayati jeung Murti, Tendi Krisna. (2012) 50 Permainan edukatif untuk

mengembangkan potensi dan mental positif. Yogyakarta: PT Citra Aji Paraama.

Nurjanah, N. (2008) Tiori nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan

Indonesia Press.


(6)

Tamsyah, B.R. (1996) Pangajaran sastra sunda pikeun siswa SD, SLTP, SMU jeung umum. Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (2008) Menulis sebagai suatu keterampilan berbahasa. Bandung:

Angkasa.

Windyagiri, D. (2011) Sisindiran jeung wawangsalan anyar. Bandung: Kiblat.

Karya Ilmiah:

Agriawan, F. (2011) Éféktifitas média game dina pangajaran nulis surat pribadi

siswa kelas VIII SMP Negeri 1 Lembang. (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.

Akmaliah, L. (2009) Eféktifitas téhnik jigsaw dina ngaronjatkeun kamampuh nulis

sisindiran siswa kelas VIII SMP Negeri 5 Bandung taun pelajaran 2009-2010. (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.

Kusuma, V. R. P. (2011) Éféktifitas modél pangajaran tématik dina pangajaran

nulis sisindiran wangun paparikan jeung rarakitan (Studi kuasi ékspérimén ka siswa VIII C SMP Pasundan 6 taun ajaran 2010-2011). (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia

Utami, W. (2009) Penerapan metode berbagi pengalaman sebagai upaya untuk

meningkatkan kemampuan menulis cerita pendek (penelitian tindakan kelas pada siswa kelas X semester 2 SMAN 2 Bandung). (Skripsi), Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia, Universitas Pendidikan Indonesia.

Susanti, Y. 2013. Pengaruh penggunaan puzzle berseri terhadap peningkatan

kemampuan penyusunan struktur kalimat (SPOK) pada siswa tunarungu di kelas V SDLB Negeri Cicendo Bandung ( Studi eksperimen dengan single subject research). (Skripsi), Jurusan Pendidikan Khusus, Universitas Pendidikan Indonesia.


Dokumen yang terkait

Analisis Kemampuan Pemecahan Masalah Matematika Berdasarkan Taksonomi SOLO pada Sub Pokok Bahasan Balok Siswa Kelas VIII H SMP Negeri 7 Jember;

31 207 241

PENGARUH PENGGUNAAN MODEL PEMBELAJARAN PICTURE AND PICTURE TERHADAP PENGUASAAN MATERI POKOK SISTEM PERNAPASAN (Studi Eksperimen Siswa Kelas VIII SMP Negeri 20 Bandar Lampung Tahun Ajaran 2011/2012

0 6 47

EFEKTIVITAS PEMBELAJARAN THINKING ALOUD PAIR PROBLEM SOLVING DALAM MENINGKATKAN KEMAMPUAN ANALISIS MATEMATIS SISWA (Kasus: Eksperimen pada Siswa Kelas VIII Semester Genap SMP Negeri 5 Metro Tahun Pelajaran 2011/2012)

1 9 58

EFEKTIVITAS PEMBELAJARAN DENGAN METODE PENEMUAN TERBIMBING TERHADAP PEMAHAMAN KONSEP MATEMATIS SISWA (Studi pada Siswa Kelas VIII SMP Negeri 5 Bandar Lampung)

5 24 68

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PICTURE AND PICTURE TERHADAP AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI POKOK PERTUMBUHAN DAN PERKEMBANGAN PADA MANUSIA (Quasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII SMP Negeri 1 Merbau mataram Tahun Pelajaran 2012/2013

0 8 59

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN BERDASARKAN MASALAH (PBM) TERHADAP KEMAMPUAN BERPIKIR KRITIS SISWA (Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII Semester Ganjil SMP Negeri 22 Bandar Lampung Tahun Pelajaran 2012/2013)

0 11 79

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN BERDASARKAN MASALAH (PBM) TERHADAP KEMAMPUAN BERPIKIR KRITIS SISWA (Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII Semester Ganjil SMP Negeri 22 Bandar Lampung Tahun Pelajaran 2012/2013)

0 11 68

PENGARUH PENGGUNAAN BAHAN AJAR LEAFLET TERHADAP AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII SMP Muhammadiyah 1 Gadingrejo Semester Ganjil Tahun Pelajaran 2013/2014)

2 27 61

PENGARUH ACTIVE LEARNING UNTUK MENINGKATKAN AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI PENGELOLAAN LINGKUGAN (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Talangpadang Semester Genap Tahun Pelajaran 2014/2015)

0 8 56

PENGARUH MEDIA PREZI TERHADAP HASIL BELAJAR PESERTA DIDIK PADA MATERI SISTEM PENCERNAAN PADA MANUSIA (Studi Eksperimen di Kelas VIII SMP Negeri 20 Kota Tasikmalaya, Tahun Ajaran 20182019)

0 0 8