Instrumén Panalungtikan ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngumpulkeun data jeung informasi ti pangarang sarta kritikus sastra Sunda. Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara semi struktur nya éta pedoman wawancara anu saméméh prung wawancara panalungtik nyieun heula daftar patalékan anu rék ditepikeun. Sedengkeun studi dokuméntasi dipaké pikeun maluruh aspék sosial pangarang, karya jeung kritikus sastra. 3.4 Téhnik Ngumpulkeun jeung Nganalisis Data 3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta wawancara jeung studi dokuméntasi. Wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun data ti pangarang salaku narasumber utama dina ieu panalungtikan ogé ti kritikus sastra Sunda, sedengkeun studi dokuméntasi mangrupa panglengkep pikeun ngawewegan data-data lianna anu ngarojong kana réferénsi panalungtikan.

3.4.2 Téhnik Nganalisis Data

Arikunto 2010, kc. 278 nétélakeun yén gurat badagna mah dina nganalisis data téh ngawengku tilu léngkah dasar nya éta tatahar, tabulasi jeung ngaplikasikeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan. Atuh dina ieu panalungtikan, léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina nganalisis data nya éta: 1. maca karya sastrana pikeun maluruh pasualan anu ngawengku aspék sosiologis dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana; 2. léngkah satuluyna nyaéta nganalisis carpon dumasar kana tiori kajian sosiologi sastra: sosiologi pangarang, karya, jeung masarakat anu aya di jero jeung saluareun karya sastra; Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. milih jeung masing-masing carpon mana anu luyu dipaké jeung anu henteu pikeun pangajaran aprésiasi sastra di sakola; sarta 4. méré gambaran anu gembleng jeung kacindekan sabada réngséna tahap analisis data.

3.5 Sumber Data Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, sumber data anu dipaké nya éta buku kumpulan carita pondok Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana terbitan P.T. Kibalat Buku Utama citakan kahiji, 2010 anu ngamuat sabelas carpon. Sumber data lianna nya éta informasi ti para sastrawan atawa kritikus sastra anu paham kana karya sastra, hususna buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana ogé tina sumber dokuméntasi lianna anu bisa méré informasi pikeun ieu panalungtikan.

3.5.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén téh buku kumpulan carpon kadua Yus Rusyana sabadana Di Luhureun Jukut Reumis anu munggaran wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, taun 1965. Sakumaha anu dipedar di luhur, Jajatén Ninggang Papastén ngamuat sabelas carpon diantarana: 1. Putri Jin anu kungsi dimuat dina Mangléno. 443, Séptémber 1974; 2. Di Pasaréan anu kungsi dimuat dina Manglé no. 361, Pébruari 1973; 3. Rerempon anu kungsi dimuat dina Manglé no. 399, Nopémber 1973; 4. Pasang Subaya anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 41, Pébruari 1977; 5. Apun Gencay anu kungsi dimuat dina Hanjuang no. 26, Januari 1973; 6. Kotala anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 7, Agustus 1972; 7. Nyingkur anu kungsi dimuat dina Manglé no. 418, Maret 1974; 8. Pugerwangi anu kungsi dimuat dina Manglé no. 366, Maret 1973; 9. Du’a keur Umi anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 17, Januari 1973;