Téhnik Nganalisis Data

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. milih jeung masing-masing carpon mana anu luyu dipaké jeung anu henteu pikeun pangajaran aprésiasi sastra di sakola; sarta 4. méré gambaran anu gembleng jeung kacindekan sabada réngséna tahap analisis data.

3.5 Sumber Data Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, sumber data anu dipaké nya éta buku kumpulan carita pondok Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana terbitan P.T. Kibalat Buku Utama citakan kahiji, 2010 anu ngamuat sabelas carpon. Sumber data lianna nya éta informasi ti para sastrawan atawa kritikus sastra anu paham kana karya sastra, hususna buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana ogé tina sumber dokuméntasi lianna anu bisa méré informasi pikeun ieu panalungtikan.

3.5.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén téh buku kumpulan carpon kadua Yus Rusyana sabadana Di Luhureun Jukut Reumis anu munggaran wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, taun 1965. Sakumaha anu dipedar di luhur, Jajatén Ninggang Papastén ngamuat sabelas carpon diantarana: 1. Putri Jin anu kungsi dimuat dina Mangléno. 443, Séptémber 1974; 2. Di Pasaréan anu kungsi dimuat dina Manglé no. 361, Pébruari 1973; 3. Rerempon anu kungsi dimuat dina Manglé no. 399, Nopémber 1973; 4. Pasang Subaya anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 41, Pébruari 1977; 5. Apun Gencay anu kungsi dimuat dina Hanjuang no. 26, Januari 1973; 6. Kotala anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 7, Agustus 1972; 7. Nyingkur anu kungsi dimuat dina Manglé no. 418, Maret 1974; 8. Pugerwangi anu kungsi dimuat dina Manglé no. 366, Maret 1973; 9. Du’a keur Umi anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 17, Januari 1973; Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 10. Geuning Gamparan Sumping anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 13, Juli 1972; sarta 11. Miang anu kungsi dimuat dinaGondéwa no. 25, Désémber 1972 Rusyana, 1977, kc. 7. Gambar 3.1 Cover Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

3.5.2 Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Sangkan méré gambaran ngeunaan eusi buku Jajatén Ninggang Papastén, hususna eusi carita, ieu di handap dipedar ringkesan carita sabelas carpon anu aya di jerona. 1. Carpon Putri Jin nyaritakeun kumaha campuhna suasana haté Wiratanudatar, putra Aria Wangsagorapana, anu ngarasa can sanggup saupama dijadikeun pamingpin sarta keur néangan katingtriman batin. Anjeunna neneda ka Nu Maha Kawasa sangkan dibéré pituduh meunangkeun jajatén dirina ku anjeun; salasahiji carana ku jalan menekung di tempat anu nyingkur Sagarahérang. Dina hiji mangsa keur menekung téh, Wiratanudatar disumpingan ku saurang awéwé anu geulis, katelah puti jin anu ngaranna Éndang Kusumah. Éta putri jin