Désain Panalungtikan Métodeu jeung Désain Panalungtikan .1 Métodeu Panalungtikan

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu data, 3 nganalisis data, 4 nyieun kacindekan, 5 nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré, alur panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap. Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Wangenan Operasional

Judul dina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap: 1. Sosiologi sastra mangrupa salasahiji élmu anu ngulik karya sastra dumasar kana hubungan social masarakatna; masarakat anu dimaksud nya éta pangarang jeung pamaca anu jadi bagian tina masarakatna éta sorangan. Tatahar Panalungtikan Ngumpulkeun Data Nganalisis Data Nyieun Kacindekkan Nyusun Laporan Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Numutkeun klasifikasi Wellek jeung Warren, pasualan kajian sosiologi sastra ngawengku aspék pangarang, eusi karya anu aya patalina jeung pasualan sosial jeung aspék pamaca Wellek jeung Warren, 1989, kc. 111 2. Carpon nya éta carita pondok anu mangrupa karangan singget hasil tina beungkeutan ideu. Sakabéh bagian tina carpon kudu museur kana hiji beungkeutan jiwa anu padet tur lengkep Rosidi dina Koswara, 2007, kc. 36. Sedengkeun buku kumpulan carpon nya éta buku anu eusina kumpulan carpon ti saurang atawa sababaraha pangarang. 3. Buku kumpulan carpon anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana. Dina ieu buku euyeub pisan ku téma-téma sosial anu jadi dasar panalungtikan sosiologi sastra. 4. Yus Rusyana, pangarang kalih akademisi Sunda anu lahir di Pameungpeuk Garut ping 24 Maret 1938. Nyuprih élmu di Fakultas Sastra dan Seni IKIP Bandung 1958-1964. Taun 1971 kungsi milu kuliah pascasarjana di Fakultas Sastra Universitas Leiden Walanda. Taun 1975 ngaréngsékeun program doktorna di Fakultas Satra Universitas Indonésia. Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén anu medal munggaran taun 1988 ku pamedal Rahmat Cijulang meunang Hadiah Sastra Rancagé munggaran taun 1989 Rusyana, 2010, kc. 1. 5. Bahan pangajaran nya éta sagala wangun bahan anu dipaké ku guru, anu ngawengku fakta, konsép, prinsip anu ngindung kana kurikulum, rék tinulis atawa lain, anu méré informasi jeung disusun kalayan sistematis sangkan kacipta lingkungan diajar anu kondusip pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara jeung studi dokuméntasi. Pedoman wawancara dipaké pikeun